SALIB DINA LEBET INJIL SARENG AL QUR'AN

SALIB DINA LEBET INJIL SARENG AL QUR'AN

Iskander Jadeed


PAMUKA

Disalibkeunana Al-Masih Sareng Pangaruhna Kangge Islam

Perkawis disalibkeunana Al-Masih parantos ngajantenkeun ayana patukangtonggong pamadegan dikalangan umat Islam. Sanaos Al Qur'an parantos nyebatkeun pupusna Al-Masih sateuacan munggah-Na ka sawarga, ahli agama Islam teu gaduh pamadegan anu sami dina napsirkeun "inni mutawaffeeka" (anu ditapsirkeun "ngadugikeun anjeun dina dinten ajal anjeun" - Al Qur'an sareng tarjamahna. ed 1971) di lebet Surat Ali Imran 55. Sapalih nyarioskeun yen istilah ieu aya patalina sareng istilah "maot", namung sapalih deui teu percanten yen Al-Masih teh leres pupus. Seueur pamadegan dina hal ieu, anu muasalna ti sakola-sakola Islam anu kawentar, sapertos ahli-ahli nyaeta Al Tabari sareng Al Zamkhashri, oge nu sanesna.

Sababaraha jalmi gaduh pamadegan yen istilah ieu teh hartosna:

  1. Kulem- Al Muthana nyarioskeun, "Abdi dicariosan ku Ishaq (sapertos anu dicarioskeun ku Abdul Allah Ibnu Jaafar sareng Al Rabia ka anjeunna) yen 'inni mutawaffeeka' hartosna 'kulem dina kaayaan maot sareng Gusti ngagugahkeun Mantenna tina kulem-Na.'"

  2. Panyumponan- dicarioskeun ku Ali Ibnu Suhail sareng Domra Ibnu Rabia sareng Ibnu Suthab sareng Matar Al-Waraq, anu nyarioskeun hartosna, "Kami, Allah ngumpulkeun maneh ti dunya lain ku karana maot."

  3. Nyepeng atanapi ngawasaan- Yunis nyarios Ibnu Wahab sareng Ibnu Zeid nyarioskeun ka urang sadaya yen kecap tadi teh ngandung hartos "Kami nyepeng-ngawasaan maneh. MantenNa teu maot sareng moal maot dugi ka MantenNa maehan anti Al-Masih. Saatos kitu nembe MantenNa maot."

  4. Abu Jaafar Al Tabari ngahubungkeun hal ieu sareng hadits Muhammad anu nyarioskeun "Isa, putra Maryam, bade lungsur sareng maehan anti Al-Masih, teras bade jumeneng di dunya kangge samentawis waktos (anu henteu ditangtoskeun) saatosna MantenNa pupus sareng umat Muslim bade muji ka MantenNa.

Golongan anu nyepeng pamadegan yen hartosna istilah ieu oge gaduh panapsiran tina carios ieu:

  1. Al Muthana nyarios, saluyu sareng Abdul Allah Ibnu Salih sareng Muawiheh sareng Ali Ibnu Abbas yen "inni Mutawaffeeka" hartosna "Kami ngajieun maneh paeh."

  2. Ti Ibnu Hamid, sapertos anu dicarioskeun ku Salma sareng Ibnu Ishaq sareng Wahab Ibnu Munabbih, "Allah parantos ngajantenkeun Isa, anak Maryam maot salami tilu jam sareng teras ngagugahkeun MantenNa" (Jamia al bayan 3:289-292).

Tapsiran Al Imam Al Razi, asalna tina kutipan abdi dina ayat-ayat anu bade disebat ieu: "Ya Isa, saenyana Kami ngajieun anjeun maot sareng ngaunggulkeun (darajat) anjeun ka Kami," ieu mintonkeun yen Allah khusus ngaunggulkeun Mantenna. Kahiji 'Inni Mutawaffeeka' ku jalaran ngaunggulkeun Mantenna, sareng ayat sanesna anu asalna ti Al-Masih Ku Manten, anu seratana, "Sawaktos Anjeun nyandak sim abdi, Anjeun nyalira anu ngaping maranehna," nyaeta anu ngaping Anjeunna.

Ahli-ahli tapsir gaduh pamadegan anu benten kana dua ayat ieu di lebet dua cara. Sapalih nampi ayat-ayat ieu ku cara hurufiah, sedengkeun nu sanesna ningal ayana hartos anu katutup di lebetna.

Golongan anu kahiji nyarios, "Mutawaffeeka" hartosna, "Hirup anjeun tos dicumponan, kusabab kitu Kami (Allah) rek nyokot Anjeun, jeung moal ngantep maranehna (nyaeta kaum Yahudi) maehan anjeun, tapi Kami rek ngangkat anjeun ka Sawarga jeung netepkeun anjeun sasarengan di antawis malaekat-malaekat Kami, jeung Kami rek mere panyalindungan ka anjeun ngarah maranehna moal bisa maehan anjeun."

Golongan kadua nyarios, "Mutawaffeeka" hartosna, "Kami ngajieun anjeun paeh." Numutkeun Ibnu Abbas sareng Hamma Ibnu Ishaq istilah ieu hartosna, "musuh-musuh-Na, nyaeta umat Yahudi, teu diidinan maehan Anjeunna, Allah ngaunggulkeun Anjeunna sareng munggahkeun Mantenna ka sawarga." Pamadegan ieu oge gaduh perbentenan di lebet tilu hal:

  1. Wahab nyarios, "Mantenna maot salila tilu jam teras digugahkeun deui."

  2. Muhammad Ibnu Ishaq nyarios, "Mantenna maot salami tujuh jam, teras Allah ngagugahkeun deui Mantenna sareng munggahkeun Mantenna ka sawarga."

  3. Al Rabia Ibnu Uns nyarioskeun, yen Allah ngajantenkeun Mantenna maot sawaktos Allah munggahkeun Mantenna ka sawarga. Allah ngadawuh, "Allah ngempelkeun roh-roh tina alam maot sareng aranjeunna teu maot dina kaayaan kulemna."

Kumargi ayana benten pamadegan diantawis ahli Muslim, sareng perbentenan tapsir aranjeunna dina hiji ayat di lebet Al Qur'an perkawis waktos-waktos Al-Masih bade pupus, ku jalaran kitu, sadaya jalmi anu milari kayaktian anu leres, kedah ningal kana kitab Injil, anu teu meryogikeun deui tapsiran. Dimana dilebetna teu aya perbentenan, perkawis pupus, gugah, sareng munggah-Na Al-Masih.

SALIB DINA LEBET INJIL SARENG AL-QUR'AN

Di lebet pasal hiji, dina seratna nu kahiji ka jamaah nu aya di Korinta, ayat 22-24, Paulus, saurang rasul nyarios: "Pikeun ngayakinkeun hal eta, urang Yahudi marenta tanda mujijat, urang Yunani ngarulik pangarti. Ari ku sim kuring sabatur-batur ngan disodoran wawaran hal Al-Masih disalib. Puguh bae urang Yahudi asa dihina, bangsa lianna ngabodo-bodo. Tapi pikeun anu geus disalaur ku Allah - boh urang Yahudi, boh nu lain Yahudi - eta warta hal Al-Masih teh bukti tina kakawasaan jeung kabijaksanaan Allah."

Di lebet I Korinta 2:1-2 Paulus nyarioskeun, "Dulur-dulur! Waktu sim kuring datang ka aranjeun mawa warta maksad Allah anu tacan kabuka, henteu make kecap-kecap anu laluhur, halna henteu digede-gedekeun. Anu jadi tekad sim kuring salila di aranjeun lain rek nyaritakeun nu sejen, salian ti arek ngenalkeun Al-Masih, pangpangna hal pupus-Na lantaran disalib."

Upami ku urang dilenyepan sadaya cariosan para rasul kaseueuranana, urang ningal yen Injil anu didugikeun ku aranjeunna saprak ayana kaKristenan sareng anu ditampi sareng dipercanten anu ku jalaran eta, aranjeunna disalametkeun, mangrupikeun carios anu nyukakeun sapertos anu dicarioskeun ku Paulus dina kecapanana di lebet I Korinta 15:1-4: "Sim kuring rek ngingetkeun aranjeun kana Injil Kasalametan, anu diwartakeun ku sim kuring, anu ku aranjeun geus ditarima jeung dipercaya enya-enya. Eta warta anu diajarkeun ka aranjeun teh nya eta Injil Kasalametan. Upama aranjeun teguh kana eta hal, tangtu salamet. Kajaba lamun ceuk aranjeun taya gunana percaya. Hal anu katampa ku sim kuring teh diwartakeunana ka aranjeun sakumaha anu kaungel dina Kitab Suci, pangpangna hal pupusna Al-Masih ku karana dosa urang. Hal dikurebkeuna-Na, hal dihirupkeuna-Na deui sanggeus tilu poe pupus sakumaha anu kaungel dina Kitab Suci."

Sanaos kitu, 500 taun saparantos Paulus ngawartakeun Injil ka sakuliah dunya, masih keneh aya nu teu percanten kana kayaktian ieu sareng nyarios ka umat percanten, "maneh sasab dina agama maneh."

Panginten nu nengtang ieu ngagem kapercantenan nu sasab - ti urang Yahudi anu lebet Kristen, anu karuhunna gaduh patali kiat kana kapercantenan lepat yen Al-Masih teu pupus sareng moal tiasa pupus. Urang kedah ngemutan Yohanes, salah saurang rasul anu nyerat Injil, anu kaserat dina Yohanes 12:34: "Piunjuk jalma rea, 'Sanggem Hukum Musa mah Al-Masih teh jumeneng-Na bakal langgeng, ku naon disaurkeun Putra Manusa kedah diangkat? Saha anu disebat Putra Manusa?'"

Ahli sajarah nyebatkeun yen ajaran sesat ieu tos sumebar di antawis umat Kristen di jazirah Arab ku nyarioskeun yen Al-Masih sanggem ngobah diri Kumanten tina hiji wujud ka wujud sanes, janten sawaktos musuh-musuh-Na bade ngarangket Mantenna, Mantenna salin rupi janten jalmi sanes anu akhirna jalmi sanes anu disalib ngagentoskeun Mantenna. Al-Masih nyalira dimunggahkeun ka Nu ngutus, balas ngahina ka musuh-musuh-Na.

Ayat-ayat Al Qur'an patali sareng dinten-dinten sateuacan Al-Masih pupus sajalan sareng carios ieu benten pisan sareng kapercantenan urang Yahudi. Sapertos kaserat dina Serat ka-4 An-Nisa 157-158: "Jeung lantaran ucapanana: 'Kaula sarerea geus maehan Al-Masih Isa anak Maryam Rasul Allah,' padahal maranehna henteu maehan Isa sarta maranehna henteu nyalib Isa, tapi maranehna ku Allah geus disamarkeun. Jeung saenyana jalma-jalma anu sawala perkara eta teh aya dina kamangmangan. Maranehna henteu barogaeun pangaweruh salian ti ngan nurut kana sangkaan wungkul; maranehna henteu yakineun yen anu dipateni teh Isa. Tapi geus ngangkat Allah manehna (Isa) ka Anjeunna."

Urang sadaya tiasa ngartos yen ajaran sesat ieu leket pisan sareng ajaran kaKristenan, yen salib, dina pamadegan sanes mangrupikeun sajarah atanapi carios panebusan, tapi mung hiji lambang atanapi tanda, sapertos bentang anu ngaping jalmi majus ka Betlehem, atanapi sapertos manuk japati lambang Roh Suci, anu lungsur ka mastaka Al-Masih sawaktos dibaptis di walungan ci Yordan. Namung salib nu abot, tempat Al-Masih disalib, mangrupikeun mesbah panebusan, tempat Anak Domba Allah dikurbankeun kangge mupus/nebus dosa dunya, teu patos penting kangge aranjeunna! Aranjeunna nampik kayaktian anu diembarkeun ku rasul Paulus kangge bangsa-bangsa dina Galata 3:13-14: "Tapi urang mah geus leupas tina ancaman jeung panyapa eta Hukum Agama. Geus dileupaskeun ku Al-Masih. Nya Anjeunna anu nandangan panyapana, jadi gaganti urang. Hal eta kieu diunggelkeunana dina Kitab Suci, 'Anu dihukum gantung dina tihang kai, jelema anu disapa ku Allah.' Pang Al-Masih nepi ka kersa kitu, nya eta supaya berkah anu ku Allah dijangjikeun ka Ibrahim tea bisa oge katampa ku bangsa-bangsa nu lain Yahudi. Ku jalan percaya ka Al-Masih, urang oge dipaparin Roh Allah anu dijangjikeun ka Ibrahim."

Panginten serangan anu panganehna kana salib aya dina hiji Injil palsu anu saurna diserat ku rasul Yohanes, padahal saleresna diserat ku aliran sesat. Teu lepat deui umat Islam nampi pamahaman anu lepat ieu ti aliran sesat anu aya di tanah Arab, tempat babarna ajaran Islam. Kedah dipikalebar yen ahli agami Islam teu gaduh pamadegan anu sami perkawis saha nu ngagentos Al-Masih sareng kumaha carana, sareng seueur deui masalah sanesna. Salah sawiosna nyaeta sawaktos umat Yahudi hoyong maehan Al-Masih, Allah munggahkeun Mantenna ka sawarga. Pamingpin-pamingpin aranjeunna kasieunan ku gugahna deui jalma rea mikamusuh ka aranjeunna, teras newak sareng maehan jalmi anu nyalibkeun Al-Masih sareng nipu jalma rea disarengan ku nyarioskeun yen anjeunna teh Isa Al-Masih. Sedengkeun anu sanes nyarioskeun yen Allah salin rupi ka jalmi sanes, anu tungtungna ngagentoskeun Mantenna.

Carios ieu gaduh seueur perbentenan:

  1. Saurang Yahudi anu namina Yudas lebet ka tempat di mana Al-Masih nganjrek, dina maksad bade newak Mantenna, tapi teu mendakan. Allah ngobah rupa Yudas janten sapertos Al-Masih, janten sawaktos Yudas kaluar ti bumi eta, jalma rea nyangka yen manehna teh Isa teras newak sarta nyalibkeun Yudas.

  2. Urang-urang Yahudi waktos newak Isa, nempatkeun hiji panjaga di luhur-Na, tapi Isa diangkat ka Allah ku jalaran hiji mujijat sareng Allah ngadamel rupi Isa janten rupi panjaga, anu antukna panjaga ditewak sareng disalib, salila ditewak manehna ngagorowok "abdi sanes Isa!"

  3. Saurang sobat Al-Masih dijangjikeun tiasa lebet ka sawarga supados kersa ngagentoskeun Mantenna. Allah ngajantenkeun anjeunna sarupi sareng Isa, sobat Isa teh tungtungna anu ditewak sareng dihukum dina kai palang, sedengkeun Al-Masih munggah ka sawarga.

  4. Saurang murid Isa ngahianatan, (nyaeta Yudas) sareng mendakan urang Yahudi kangge newak Al-Masih, tapi Allah ngobah rupana dugi sarupi sareng Al-Masih, tungtungna Yudas ditewak teras dihukum dina kai palang.

Mung aya sakedik nu napsir Al Qur'an anu luyu sareng dina carios ieu. Al Jalan di lebet tapsir Al Qur'an perkawis kalimah, "Jelema anu disarupakeun jeung Isa kangge aranjeunna" (Shubbiha lahum) nyarios yen Allah ngadamel kasarupian Isa ka jalmi maot sareng aranjeunna mupakat yen Al-Masih tos maot, sareng aranjeunna tos newak sareng maehan Mantenna. Kalimah, "Jalma rea pasea perihal dipaehanana Al-Masih," hartosna sababaraha urang ti antawis aranjeunna, sawaktos aranjeunna ningal mayit tea nyarios, "Rupana mangrupikeun rupa Isa tapi awak sanes awak-Na. Sedengkeun lianna nyarios, "bener Anjeunna" (Tapsir Al Jalalan, kaca 135).

Al Badawi nyarios, "Hal ieu dihubungkeun sareng hiji golongan urang Yahudi newak Isa sareng ibuna, sareng Mantenna nyupata maranehna, dugi ka maranehna obah janten monyet sareng babi! Teras urang Yahudi mupakat keur maehan Mantenna, tapi Allah ngadawuh ka Mantenna yen Mantenna bade dimunggahkeun ku Gusti ka sawarga. Mantenna nyarios ka sobat-sobatna, saha nu kersa nyandak rupi-Na teras dihukum pati, dikai palang teras lebet ka sawarga? Saurang ti antawis aranjeunna satuju teras Allah ngobah rupana janten sapertos Isa teras anjeunna dipaehan teras disalibkeun dina kai palang."

Al Zamkhashri nyarios, "Cariosan 'jalmi nu disarupikeun kangge Isa dipayuneun maranehna' hartosna, maranehna ngabayangkeunana kitu atanapi maranehna mikir yen maranehna parantos maehan sareng nyalibkeun Mantenna, ku kituna Mantenna tos pupus sareng teu hirup. Tapi Mantenna hirup kumargi Allah nyandak Mantenna ka Allah."

Teu janten hamham deui, yen sadaya tapsiran anu barenten ieu diakibatkeun kirangna cariosan anu jentre di lebet Al Qur'an anu aya patalina sareng dinten-dinten panungtung jumeneng-Na Al-Masih dina pawujudana-Na janten manusa perbentenan anu mukakeun panto kangge seueur pamadegan anu barenten sareng anu nentang. Sanaos kitu saurang sarjana anu taliti sapertos Imam Fakhr ed-Din ar Razi kedah nampik kana teori ieu, di lebet tapsirna kana serat ka 5 Ali Imran 55, "Yeuh Isa, saleresna Kami ngajieun Anjeun paeh terus ngaunggulkeun (darajat) anjeun di hareupeun Kami." Ar Razi ngabeberkeun masalah pindahna rupa Al-Masih ka jalma sanes di lebet sadaya cara:

  1. Upami perkawis ieu tiasa kangge ngajentrekeun yen Allah tiasa ngajirimkeun rupi hiji jalmi ka jalmi sanes, panto kangge pitnah bakal muka teras parerea omong anu tungtungna maksad minuhan jangji Allah moal kalaksana.

  2. Allah ngaping Mantenna (Isa) ku Roh Suci. Naha dina masalah ieu, Mantenna teu tiasa ngalakukeunana nyalira? Mantenna (Isa) sanggem ngagugahkeun nu maot, sareng naha Mantenna teu tiasa nyalindungan diri-Na Kumanten.

  3. Allah tiasa nyalametkeun Mantenna ku cara munggahkeun Mantenna ka sawarga, janten naon gunana ngadamel jalmi sanes sarupi sareng Mantenna?

  4. Ku midamel kitu-nyaeta ngadamel jalmi sanes sarupi sareng Mantenna-aranjeunna dipaksa percanten yen jalmi eta mangrupikeun Isa padahal sanes. Ieu mangrupikeun hiji kabohongan anu teu luyu sareng kawijaksanaan Allah.

  5. Kaseueuran urang Kristen ti Wetan ka Kulon, ku kaasih aranjeunna ka Al-Masih sumanget anu ageung dina padamelanana parantos nyaksenan Mantenna anu parantos dipalangkeun. Ku sabab eta upami urang nampik kayaktian ieu, urang hartosna nampik hartos sajarah, kajantenan-kajantenan sareng ku cara kitu urang ngaleutikkan cariosan Muhammad sareng Isa sareng nabi-nabi sanesna.

  6. Ku jalaran kitu, hal anu asup akal nyaeta, yen jalmi sanes tiasa nyalindungan maneh sareng nyarios yen anjeun Isa sareng eta nu kedahna dilakukeun ku anjeunna.

Upami anjeunna teu ngakukeun hal eta, urang tiasa terang yen perkawis ieu teu sapertos naon nu tos dicarioskeun. Upami cariosan Al Qur'an teu kersa ngangken dipalangkeunana Al-Masih, saleresna aranjeunna teu ngangken pupusna Al-Masih, sateuacan Mantenna munggah ka sawarga. Upami urang nalungtik kahirupan Al-Masih sapertos katingal di lebet Al Qur'an, urang tiasa mendakan tilu ayat anu negeskeun dinten pupus-Na sareng dua ayat anu nyarioskeun yen Mantenna dihukum pati.

  1. Surat ka 19 Maryam 33:"Jeung kasalametan ditamplokkeun ka kaula nalika kaula dilahirkeun, nalika kaula maot jeung nalika kaula dihudangkeun hirup deui." Di lebet ayat ieu aya hiji pangangkenan anu jelas yen Al-Masih parantos mijalma, maot teras gugah tinu maot, di lebet hiji nubuatan anu didumasaran ku hiji mujijat.

  2. Surat ka 3 Ali Imran 55:"(Sing inget) nalika Allah ngadawuh: Yeuh Isa! Saenyana Kami rek nyampurnakeun (umur maneh nepi ka ajalna), jeung bakal nyucikeun maneh ti golongan anu kalapir, jeung Kami bakal ngajadikeun jalma-jalma anu narurut ka maneh leuwih punjul batan jalma-jalma kapir nepi ka poe kiamat, tuluy nya ka Kami maraneh marulang, engke kami anu nibankeun putusan kana perkara-perkara anu ku maraneh kungsi disawalakeun."

  3. Surat ka 5 Al-Maidah 116-117:"Jeung (sing inget) nalika Allah ngadawuh: Yeuh, Isa anak Maryam! Naha maneh kungsi nyarita ka jalma-jalma: Jadikeun kaula jeung indung kaula, dua pangeran salian ti Allah?" Jawabna: Maha Suci Anjeun, heunteu pantes abdi nyarios anu sanes hak abdi. Upami abdi nyarios kitu, tangtos kauninga ku Gusti, da Gusti maha uninga kana saeusining diri abdi, sedeng abdi mah heunteu terang kana saniskanten nu aya di Gusti. Sayaktosna mung Gusti nu maha uninga kana samudaya perkawis anu garoib.

    Abdi heunteu nyarioskeun naon-naon ka maranehna sajabi ti anu diparentahkeun ku Gusti ka abdi. "Arandika kudu ibadah ka Allah, Pangeran kaula jeung Pangeran arandika," sarta abdi jadi saksi keur maranehna satungtung abdi aya dina lingkungan maranehna. Namung saparantos Gusti nyampurnakeun abdi, nya Gusti anu nalingakeun maranehna, sareng Gusti anu jadi saksi kanggo samudaya perkawis.

  4. Surat ka 2 Al-Baqarah 87:"Jeung saestuna Kami geus maparin kitab ka Musa, jeung sabadana ku Kami disusulkeun sababaraha Rasul sarta Kami geus maparin katerangan-katerangan anu tetela ka Isa anak Maryam, jeung ku Kami manehna geus dibantu ku malaikat Jibril. Naha pantes saban-saban datang Rasul ku maraneh anu mawa (pangajaran) anu henteu sapagodos jeung napsu maraneh, tuluy maraneh takabur, malah anu sabagian ku maraneh dibohongkeun jeung nu sabagian deui dipateni?" Kecap "pateni" di dieu jelas ditarjamahkeun mung ku kecap maehan. Upami Al Qur'an teu nyeratkeun kumaha Al-Masih dihukum pati, Injil mangrupikeun hiji-hijina puseur kayaktian anu estu.

  5. Surat ka 3 Ali-Imran 183"Jalma-jalma ngaromong: 'Saenyana Allah geus ngajangjikeun ka kaula sarerea yen ulah iman ka hiji Rasul samemeh eta Rasul mawa kurban anu diduruk ku seuneu.' Pok caritakeun: 'Saenyana geus datang ka arandika sawatara Rasul samemeh kaula anu nyarandak katerangan jeung nyandak (kurban) anu ku arandika dicaritakeun tea; tapi naha geuning ku arandika eta Rasul-rasul teh bet ditarelasan, upama enya mah arandika jalma-jalma balener?'"

Upami urang nalungtik carios-carios dina Al Qur'an, urang tiasa terang yen hiji-hijina rasul anu sumping ti Allah sareng hiji kurban nyaeta mung Al-Masih. Surat ka 5 Al-Maidah 114 nyarioskeun: "Pok Isa anak Maryam ngadoa: 'Nun Gusti Pangeran abdi sadaya! Mugi Gusti nurunkeun ka abdi sadaya idangan ti langit supados (waktos eta) jadi lebaran (ied) kanggo abdi sadaya sareng kanggo jalmi-jalmi anu baris dongkap sabada abdi sadaya, sareng jadi mujizat ti Gusti, sareng mugi Gusti maparin rejeki ka abdi sadaya, margi nya Gusti nu pangsae-saena nu maparin Rejeki.'"

Ayeuna hayu urang nalungtik sakali deui cariosan di lebet:

Surat ka 4 An-Nisa 157, "Padahal maranehna henteu maehan Isa sarta maranehna henteu nyalib Isa, tapi maranehna ku Allah geus disamarkeun." Ieu mangrupikeun hiji cara kangge ngaluarkeun perkawis anu kabeungkeut sacara hurufiah, ti beungkeutan seratan, kana kabebasan Roh anu agung tur leber. Jalan anu nyandak mangpaat ieu ngalegakeun urang kangge mendakan maksad pingpinan umat Yahudi kangge maehan Al-Masih, hal mana anu tos dijentrekeun sacara jelas kangge urang ku Yohanes di lebet, Yohanes 11:47-50, "Urang Parisi jeung imam-imam kapala ngayakeun rapat jeung Mahkamah Agama. 'Kudu kumaha urang teh?' aromongna. 'Eta jelema terus bae ngayakeun kaajaiban! Lamun terus diantep, jelema-jelema tangtu biluk kabeh palercaya ka Manehna. Tungtungna engke bangsa urang digempur ku pamarentah Rum, Bait Allah tangtu ancur!' Ceuk nu saurang, nya eta Imam Agung taun eta anu ngaranna Kayapas, 'Ku barodo ari dulur-dulur! Na teu aruninga yen leuwih hade paeh jelema saurang ti batan tumpur sakumna bangsa?'"

Saleresna waktos aranjeunna ngagantungkeun Mantenna di kai palang dina kaayaan parantos pupus, sareng tos disimpen di kuburan anu ditutupan ku panto anu dikonci Pilatus. Aranjeunna suka-suka kumargi mikir yen aranjeunna bebas tina pangajaran sareng mujijat-Na, sareng miharep cara pupus-Na tiasa ngeureunkeun murid-murid-Na kangge kagiatan salajengna. Tapi pangersa Gusti bade ngajalankeun kapala kaheurasan hate urang Yahudi ka tempat anu teu dipikaresep ku aranjeunna; kumargi pupus-Na di kai palang ku sakiceup panon parantos mawa seueur jalmi ka Mantenna. Leres pisan cariosanana perkawis Anjeunna janten nyata sapertos dina Yohanes 12:32, "Ari Kami, sanggeus engke diangkat ti ieu bumi, bakal narik sakabeh manusa sina ka Kami."

Ku jalaran kitu oge mujijat-mujijat teras aya dina palayanan para rasul, satumut sareng kawasa anu dianugerahkeun ku Gusti ka murid-muridna. Kitab Suci nyarioskeun dina Rasul-rasul 19:11-12, "Pangeran nembongkeun mujijat-mujijat luar biasa ku jalan Paulus. Nepi ka salempay atawa beulitan urut Paulus lamun dibawa ka nu gering, panyakitna terus undur, roh jahat ge terus nyingkah."

Kumargi kitu urang tiasa ngangge hiji ayat di lebet Al Qur'an kangge hiji kasaksenan anu nampik cariosan jalmi anu teu percanten, nyarios sapertos kaserat, "Jeung saenyana jalma-jalma anu sawala perkara eta teh aya dina kamangmangan. Maranehna henteu barogaeun pangaweruh salian ti ngan nurut kana sangkaan wungkul; maranehna henteu yakineun yen anu dipateni teh Isa" (Surat ka 4 An-Nisa 157). Mantenna gugah dina dinten anu katilu, sareng salami 40 dinten saatos eta, Mantenna mintonkeun diri ka murid-murid-Na, teras munggah ka sawarga, linggih di tengeneun Allah, saluyu anu kaserat di lebet Al Qur'an, "Saenyana Kami rek nyampurnakeun (umur maneh nepi ka ajalna) jeung ngangkat maneh ka Kami" (Surat ka 3 Ali-Imran 55).

BUKTOS-BUKTOS PERKAWIS DISALIBKEUNANA AL-MASIH

Aya seueur buktos anu teu tiasa diebrehkeun kalayan jentre di buku alit ieu, tapi sim abdi tiasa mintonkeun sababaraha buktos anu nyata perkawis dipalangkeunana Al-Masih:

  1. Dawuhan Allah Dina Waktos Anu Parantos Kalangkung Sareng Dicumponan

    Seueur dawuhan Allah dina Kitab Suci di mangsa perjangjian lawas (lami sateuacan Al-Masih jumeneng di dunya) anu mintonkeun disalibkeunana Al-Masih di kai palang, anu sadayana parantos kacumponan dina diri Al-Masih.

    • Dawuhan Gusti perkawis yen Al-Masih bade diical tilu puluh geblek duit perak.

      Jakaria 11:12, "Geus kitu kaula menta bayaran, 'Lamun aranjeun rido, kaula menta bayaranana. Tapi ari teu rarido mah entong.' Seug ku maranehna dibayar tilu puluh geblek perak." Dicumponan. Ayat ieu aya dina perjanjian anyar nyaeta dina: "Aya hiji murid ti antara nu dua welas, ngaranna Yudas Iskariot, datang ka imam-imam kapala. 'Upami abdi nyerenkeun Al-Masih ka Bapa-bapa, naon buruhna?' carekna. Imam-imam kapala ngitung duit tilu duit tilu puluh geblek perak, tuluy diserenkeun ka Yudas." (Mateus 26:14-15).

    • Dawuhan Gusti perkawis tanah tukang ngajieun gentong nu dipeser.

      Jakaria 11:13, "Pangeran nimbalan ka kaula, 'Duit teh asupkeun kana kas Bait Kami.' Seug eta duit teh diasupkeun kana kas Bait Allah. Ceuk pangrasa nu muruhkeunana mah buruhan sakitu teh mahal teuing."

      Dicumponan.Mateus 27:3-8, "Barang Yudas, si hianat, nyahoeun yen Al-Masih diragragan hukum pati, kacida kaduhungeunana, seug bae duit anu tilu puluh geblek perak teh dibawa deui ka imam-imam kapala jeung para kokolot. 'Kuring dosa, geus ngahianat ka jelema nu taya salahna nepi ka diragragan hukum pati!' pokna. Dijawab, 'teuing, eta mah urusan maneh!' Eta duit ku Yudas dialungkeun ka jero Bait Allah, ari manehna tuluy indit sarta terus ngagantung maneh. Duitna ku imam-imam kapala dipulung. 'Ieu duit teh ladang getih,' carekna, 'nurutkeun Hukum Agama teu meunang diasupkeun kana sisimpenan Bait Allah.' Tuluy mupakat eta duit rek dibeulikeun Lahan Panjunan jang pakuburan urang asing. Ti harita lahanna katelah 'Lahan Getih' nepi ka ayeuna."

    • Nubuatan (Dawuhan Gusti): dihina sareng disalibkeunana Al-Masih.

      Jabur 22:17-19, "Abdi dirurubung ku gorombolan jalma jahat. Maranehna lir gorombolan anjing, pasesedek ngaronom, ngareweg kana leungeun kana suku. Tulang-tulang abdi tarembong, ditarongton diparerong ku musuh-musuh. Papakean abdi dilotrekeun tuluy dibagi-bagikeun."

      Dicumponan. Markus 15:16-20, "Al-Masih ku serdadu dibawa ka buruan karaton gupernur. Maranehna nyalukan babaturan sapasukanana sina ka darinya. Al-Masih dianggoan jubah wungu, mastaka-Na diterapan mamakutaan tina cucuk. 'Daulat Raja urang Yahudi' ceuk maranehna pura-pura ngahormat, terus ngababuk kana mastaka-Na ku iteuk bari tuluy nyariduhan, seug pura-pura sarujud ka anjeunna. Sanggeus dihina-hina, jubah wunguna dibuka, diganti deui ku jubah-Na ku anjeun, tuluy digiring rek disalibkeun."

    • Nubuatan: dikaniaya sareng diteunggeulan

      Yesaya 53:5, "Pang anjeunna taratu teh, ku karana dosa urang. Anjeunna pada ngarangketan, ku karana kajahatan urang. Anjeunna nandangan hukuman, sangkan urang disalametkeun, anjeunna raraheut, sangkan urang dicageurkeun." Jakaria 12:10, "Turunan Daud jeung nu sejen-sejenna di Yerusalem, ku Kami bakal dieusi ku rasa kanyaah jeung kadaek kana sembahyang. Jalma nu ditubles ku maranehna nepi ka paeh teh bakal dipalire, sarta dicaleungceurikan kawas nyeungceurikan anak anu ngan hiji-hijina. Maranehna bakal midangdam kawas katinggal paeh ku anak cikal."

      Dicumponan- Lukas 22:63-65, "Al-Masih ku nu ngajaraga pada moyokan, pada neunggeul. Soca-Na dipeungpeunan ku lamak sarta ceuk maranehna, 'Teguh, saha eta anu neunggeul ka Maneh?' Rupa-rupa deui pisan ngahinakeunana ka Anjeunna." Yohanes 19:34, "Tapi aya hiji serdadu anu nojos angkeng-Na ku tumbak, brey bijilan getih campur cai."

    • Nubuatan: Mantenna nampi kaniaya kangge diri-Na kalayan rela

      Yesaya 53:7, "Anjeunna dikaniaya teu kira-kira, tapi sakiat-kiat nangankeun anjeun, henteu embut lambe-lambe acan. Lir anak domba nu rek dipeuncit, lir domba nu rek dicukur buluna, henteu kecet-kecet acan."

    • Nubuatan: Mantenna diteunggeulan sareng diciduhan

      Yesaya 50:6, "Tonggong diteunggeulan ku batur, pasrah. Dipoyok, pasrah. Didudutan bulu janggot, pasrah. Diciduhan beungeut, pasrah."

      Dicumponan- Markus 15:19, "Terus ngababuk kana mastaka-Na ku iteuk bari tuluy nyariduhan, seug pura-pura sujud ka Anjeunna."

    • Nubuatan: maranehna pada ngahina

      Jabur 22:7-8, "Rupina abdi mah sanes jelema deui, cacing, dipoyok, dihina, ku pada jalma! Nu naringal ka abdi nyaleungseurikeun, ngalelewean sareng ngagodegan."

      Dicumponan- Mateus 27:39-40, "Anu laliwat ka dinya gogodeg jeung ngahina ka Al-Masih, pokna, 'Wah, anu rek ngaruag bait Allah jeung rek ngadegkeunana deui di jero tilu poe! Lamun maneh putra Allah, turun tina salib salametkeun diri!'"

    • Nubuatan: Tumaros ka Allah kumargi ditinggalkeun ku Allah

      Jabur 22:2, "Nun Allah, Gusti abdi, kunaon ngantunkeun? Putus harepan abdi jumerit neda pitulung nanging pitulung teu dongkap-dongkap."

      Dicumponan- Dina Mateus 27:46, "Kira-kira pukul tilu Al-Masih ngajerit tarik, 'Eli, Eli, lama sabahtani?' hartina: 'Nun Allah sim kuring, Allah sim kuring ku naon nu mawi ngantunkeun?'"

    • Nubuatan: maranehna nyuguhan ci anggur haseum kangge dileueut.

      Jabur 69:22 "Ana lapar anggur disodoran racun, ana halabhab anggur diasongan cuka."

      Dicumponan- Yohanes 19:28-29, "Al-Masih geus ngaraos yen sagala rupana ayeuna geus tutas. Jeung sangkan laksana anu kaungel dina Kitab Suci, Anjeunna ngalahir, 'Kami halabhab!' Di dinya aya mangkok, eusina cai anggur haseum, seug aya anu niir sepon, dicelupkeun kana eta anggur terus diantelkeun kana lambey Al-Masih."

    • Nubuatan: Para prajurit ngabagi anggoan Gusti, dilotrekeun

      Jabur 22:19, "Papakean abdi dilotrekeun tuluy dibagi-bagikeun."

      Dicumponan- Yohanes 19:23, "Anggoan Al-Masih ku serdadu-serdadu anu tas nyalibkeuna-Na dibagi opat keur maranehna, hiji serdadu hiji bagian. Barang giliran jubah-Na, eta jubah teh tinunan sagebaran, teu aya jaitanana."

    • Nubuatan: tulang-Na teu aya nu dipotongkeun

      Jabur 34:21, "Sahiji ge tulangna moal aya nu potong."

      Dicumponan- Yohanes 19:32-33, "Ti dinya serdadu-serdadu mingges-minggeskeun suku jalma hukuman, mimiti nu duaan heula, anu bareng disalibkeun jeung Al-Masih. Barang rek minggeskeun sampean Al-Masih, teu tulus, sabab tetela Anjeunna mah geus pupus."

    • Nubuatan: ditojos ku tumbak

      Jakaria 12:10, "Jalma nu ditubles ku maranehna nepi ka paeh teh bakal dipalire."

      Dicumponan- Yohanes 19:34, "Tapi aya hiji serdadu anu nojos angkeng-Na ku tumbak, brey bijilan getih campur cai."

    • Nubuatan: pupus sasarengan sareng begal tapi dipikahormat

      Yesaya 53:9, "Pupusna dihijikeun jeung jalma-jalma jahat, dimakamkeun reujeung nu beunghar. Padahal anjeunna teh jajauheun tina jahat, tara bohong-bohong acan."

      Dicumponan- Mateus 27:57-60, "Sanggeus mimiti peuting, aya hiji jelema beunghar ti Arimatea ngaranna Yusup, murid Al-Masih keneh, ngadeuheus ka Pilatus menta layon Al-Masih diserenkeun ka Yusup. Layon Al-Masih ku Yusup dicokot, dibungkus ku boeh tina lenen anyar, tuluy dimakamkeun di makam milik manehna, hiji guha cadas anyar beunang mobok. Lawang pajaratanana ditutup ku batu gede, sanggeus kitu Yusup tuluy balik."

  2. Cariosan-Cariosan Al-Masih

    Al-Masih tos mindeng ngajelaskeun ka murid-murid-Na yen padamelan kasalametana-Na teh meryogikeun pupus-Na di kai palang, hiji kasempetan anu kawentar aya dina khotbah pamungkas-Na, waktos Mantenna nyarios sareng murid-murid-Na di wengi dimana Mantenna dihianatan ku salah saurang murid-Na. Di waktos eta Mantenna malik kana Injil anu pikahelokeun. Di handap ieu aya sababaraha cariosan anu ngawartoskeun perkawis pupus-Na sareng di kai palangna kangge nebus umat manusa tina dosana.

    Mateus 16:21, "Ti semet harita Al-Masih mimiti nyarios sabalakan ka murid-murid, saur-Na, 'Kami teu meunang henteu kudu ka Yerusalem, kudu nandangan sangsara di ditu, dikaniaya ku para kokolot, ku imam-imam kapala, jeung ku guru-guru agama Yahudi. Kami bakal dipaehan. Tapi sanggeus maot tilu poe bakal hirup deui.'"

    Mateus 17:22-23, "Waktu murid-murid kabeh aya di Galilea, Al-Masih nyarios kieu, 'Anak manusa teh moal lila deui oge bakal diserenkeun kana kakawasaan manusa, tuluy dipaehan. Tapi sanggeus tilu poe bakal dihirupkeun deui.' Murid-murid kacida naralangsaeunana."

    Mateus 26:1-2, "Sanggeus nyarios kitu Al-Masih nyarios deui ka murid-murid, saur-Na, Maranehna nyaho dua poe deui Pesta Paska, Putra Manusa teh bakal diserenkeun terus disalibkeun."

    Markus 8:31, "Saur Al-Masih deui, Putra Manusa teh bakal kacida dikaniayana, sarta bakal ditolak ku para kokolot, ku imam-imam kapala, jeung ku guru-guru agama. Putra manusa teh bakal dipaehan, tapi sanggeus tilu poe Kami bakal hirup deui."

    Markus 9:31, "Sabab keur ngawulang ka murid-murid-Na. 'Putra manusa teh bakal diserenkeun kana kakawasaan manusa, tuluy dipaehan,' Saur-Na. 'Tapi sanggeus tilu poe bakal hudang deui ti nu maraot.'"

    Markus 10:32-34, "Al-Masih jeung murid-murid-Na keur di jalan ka Yerusalem. Al-Masih angkatna hareupeun murid-murid anu keur pinuh ku kahariwang, kitu deui sakur anu naluturkeun ditukang oge kabeh ngarasa risi. Al-Masih nyaur dua welas murid-Na sina dareukeut, tuluy nyarioskeun hal anu bakal kasorang ku Anjeunna. 'Darengekeun,' saur-Na, 'urang ayeuna rek ka Yerusalem. Di ditu Putra Manusa teh bakal diserenkeun ka imam-imam kapala jeung ka guru-guru agama. Ku maranehna bakal diterapan hukum pati, tuluy diserenkeun ka bangsa nu lain Yahudi. Ku eta bangsa bakal dipoyok, diciduhan, dirangket, ahirna dipaehan. Tapi sanggeus tilu poe bakal hirup deui.'"

    Lukas 9:22, "Saur-na deui, 'Putra Manusa teh kudu nyorang sangsara anu pohara, ditolak ku para kokolot, ku para imam kapala, jeung ku guru-guru agama, tuluy dipaehan, tapi sanggeus tilu poe bakal dihirupkeun deui.'"

    Yohanes 3:13-14, "Can aya anu geus ka sawarga, lian ti Putra Manusa anu geus turun ti sawarga. Sakumaha oorayan tambaga ku Musa ditanjeurkeun dina tihang di gurun keusik, nya kitu Putra Manusa oge kudu diangkat ka luhur."

  3. Kesaksenan Para Rasul

    Sadaya jalmi anu ngaos kitab carios rasul-rasul sareng Serat-Serat aranjeunna bade ningal yen ajaran-ajaran anu diwulangkeun sareng diembarkeun di sakuliah dunya didumasaran kana carios Al-Masih anu disalib kulantaran dosa dunya. Di handap ieu aya sakedik tina cariosan rasul-rasul anu saatos ngawawarkeunana, aranjeunna nyeratkeunana dilebet apingan Roh Suci, kangge ngaping urang. Rasul-rasul 2:22-24, "Raregepkeun, dulur-dulur sasama urang Israil! Kakawasaan Al-Masih urang Nasaret geus nyata ka aranjeun, dibuktikeun ku padamelana-Na iasa ngajalankeun padamelan-padamelan Allah anu ajaib jeung araheng. Hal eta keur aranjeun geus teu matak bireuk, lantaran kajadianana oge diaranjeun keneh. Al-Masih teh ku Allah memang geus dipastikeun baris diserenkeun kana kakawasaan aranjeun, saluyu jeung rarancang-Na ku manten. Ku aranjeun ditelasan, pupus disalibkeun ku jelema-jelema anu daroraka. Tapi Anjeunna ku Allah geus ditanghikeun tina pupusna"

    Paulus nyarios di lebet I Korinta 2:7-8, "Anu disodorkeun ka maranehanana teh kabijaksanaan Allah anu gaib, anu can kabuka ku manusa, tapi ku Allah geus ditangtukeun ti memeh aya dunya, disadiakeun pikeun ngabagjakeun urang. Anu karawasa di ieu dunya taya saurang-urang acan anu nyahoeun kana eta kabijaksanaan. Mun geus nyarahoeun ge sageuy maranehanana nyalibkeun Gusti nu maha agung."

    Yohanes nyarios di lebet I Yohanes 1:7, "Lamun hirup urang geus di nu caang sakumaha Mantenna anu jadi Cahaya Caang, eta ciri diri urang geus beresih tina dosa ku karana getih Al-Masih Putra-Na, sarta bakal bisa hirup sabeungkeut jeung pada batur."

    Oge tiasa diaos dina: Para Rasul 2:36, Rum 6:5, I Korinta 1:17-24; 2:1-2, 2 Korinta 13:3-4, Galata 3:13, Pilipi 2:5-8 jeung Ibrani 12:2.

  4. Tanda-Tanda Anu Nyarengan Pupusna Al-Masih

    Mateus, nu nyeratkeun Injil nyarioskeun ka urang yen waktos Al-Masih masrahkeun Roh-Na, panon poe janten poek, sareng horden di Bait Allah soek beulah dua, aya lini nu ageung sareng kuburan-kuburan maruka. Mateus 27:50-54, "Al-Masih ngajerit deui tarik pisan, geus kitu les pupus. Bareng jeung pupus-Na, reregan Bait Allah bedah dua ti luhur ka handap. Bumi ngariyeg, batu-batu karang bareulah, kuburan-kuburan maruka, umat Allah anu geus paraeh harudang harirup deui, kalaluar tina kuburanana. Sanggeus Al-Masih gugah tinu maraot maranehna arasup ka Kota Suci, katembong ku jalma rea. Kapala pasukan jeung serdadu-serdadu jaga, narenjo lini kitu deui kajadian-kajadian sejenna, kacida sarieuneunana, sarta ngaromong kieu, 'saestuna eta jelema teh Putra Allah.'"

    Aya kaanehan alam anu kajantenan, dugi ka saurang kapala prajurit Rum anu gaduh tanggel waler kana hukum pati Al-Masih sareng sadaya anak buahna, pada harelok, percanten ka Al-Masih nu nuju dipalang ku ngecapkeun, "Saestuna eta jelema teh Putra Allah" (Mateus 27:54). Hal anu tara kajantenan tur aneh ieu tara katingal deui saatos atanapi sateuacan manusa maot.

  5. Gugahna Al-Masih Tina Alam Maot

    Kajantenan anu mulya parantos dicumponan luyu sareng cariosan Al-Masih ka urang Parisi sareng Ahli Toret, "Bongkar Bait Allah ieu, jeung dina tilu poe, Kami sanggup ngadegkeun deui." Saleresna dina subuh-subuh dinten katiluna, kajantenan hiji mujijat anu pangmulyana salila jaman. Gusti anu mulya teh parantos gugah tinu alam maot, sawarga oge ngiring ngawawarkeun kajantenan anu mulya ieu. Sateuacan subuh eta, lini anu kacida, sawaktos malaikat Allah lungsur ti sawarga sareng ngagorolongkeun batu ageung anu nutupan kuburan. Kasumpinganana sapertos kilat sareng sadaya prajurit nu ngawal nu diparentahkeun Pilatus kangge ngajaga kuburan ngadegdeg saking ku sieun. Dijagana kuburan teh kulantaran imam-imam kapala tos ngawartakeun yen murid-murid Al-Masih tos ngararancang kangge maok layon Al-Masih, atanapi nyumputkeun ngarah tiasa nyarios yen Al-Masih tos gugah tinu maot.

    Dina enjing-enjing anu ajaib teh, sarombongan istri sumping ka kuburan nyandak kekembangan seungit kangge mulas awak Al-Masih kangge mintonkeun rasa hormatna. Istri anu tipayun lebet nyaeta Maria Magdalena sareng Maria ibuna Yakobus, sawaktos ningal batu panutup teh tos muka, sareng kuburan teh parantos kosong, aranjeunna harelokeun, sawaktos kitu, saurang malaikat Gusti sumping sareng nyarios ka anu ngalayad supados tong sieun, Mateus 28:1-7, "Sanggeus liwat poe sabat, poe Minggu isuk-isuk keneh pisan Maria Magdalena jeung Maria anu saurang deui geus laleumpang ngalayad ka makam. Dak dumadak aya lini kacida rongkahna. Kolebat aya malaikat Pangeran lungsur ti sawarga, ngagulingkeun batu tutup makam, tuluy batuna dicalikan. Rupa eta malaikat mani kawas cahaya kilat, panganggona bodas kawas salju. Nu jaraga makam mani kokoplokan bawaning ku sarieuneun, nepi ka tinglumpuruk kawas nu paeh. Malaikat teh ngalahir ka eta dua wanita, 'Nyai ulah sarieun. Kami terang nyai rek ngalayad Al-Masih anu tas disalib. Anjeunna geus teu aya didieu, geus digugahkeun sakumaha saur-Na tea. Hiap taringal ka dieu urut ebog-Na. Ayeuna buru-buru bae bejakeun ka murid-murid-Na kieu; 'Anjeunna geus digugahkeun ti nu maraot, ayeuna keur angkat ka Galilea miheulaan aranjeun. Engke tangtu kapanggih di ditu! Tah kitu bejakeunana, sing inget.'"

    Oge kaserat dina Mateus 28:9-10, "Tapi dak dumadak Al-Masih nepangan ka maranehna. 'Salam rahayu,' saur-Na. Maranehna ngaharempoy kana sampean Anjeunna tuluy nyungkem. 'Ulah sarieun,' saur Al-Masih, 'jung bejakeun ka dulur-dulur Kami yen kudu ka Galilea, engke tepung di ditu.'"

    Ieu nu kajantenan dina dinten gugahna. Dicatet di lebet kitab Injil sareng wahyu Allah sareng teu saurang jalmi oge anu percanten ka Dawuhan Gusti anu nampikna. Upami aya oge eta hartosna, aranjeunna nyebatkeun Allah sareng sadaya malaikat parantos nipu ka umat manusa.

  6. Kasaksenan Sajarah

    Pupusna Al-Masih di kai palang, dilereskeun ku ahli-ahli sajarah di abad-abad wekasan, urang kapir sareng urang Yahudi. Aranjeunna nyeratkeun kalayan jentre.

    1. Tacitus, ahli sajarah, dina taun 55 nyarioskeun kalayan jentre perkawis pupus sareng disalibkeunana Al-Masih.

    2. Yosephus, saurang Yahudi anu babar sababaraha taun saparantos pupusna Al-Masih, tos nyerat 20 jilid sajarah Yahudi, di lebet bukuna kaserat perkawis pupus-Na Al-Masih anu diparentahkeun ku Pilatus.

    3. Lucien, saurang Yunani (100 M), anjeunna saurang ahli sajarah nyeratkeun pupusna Al-Masih sareng perkawis umat Kristen. Anjeunna saurang kapir anu teu percanten kana iman Kristen sareng karelaan umat Kristen kangge Gusti. Di lebet seratanana, anjeunna manglebarkeun kapercantenan urang Kristen kana kahirupan nu langgeng sareng kapercantenan kana ayana sawarga. Lucien nganggep urang Kristen tos kabobodo, nyepeng hal nu teu pasti di tutup ku maot kangge kahirupan nu langgeng tibatan kahirupan ayeuna. Dilebet seratanana kieu, "Umat Kristen tetep percanten ka jalmi nu geus dihukum pati di kai palang di Palestina, ngan kulantaran jalma eta mawa agama anyar."

  7. Kasaksenan Pilatus, Gubernur Roma

    Urang lalim ieu ngintunkeun ka Kaisar Tiberius hiji laporan anu lengkep tina disalibkeunana Al-Masih, dikurebkeuna-Na, jeung gugah-Na ti nu maraot jeung laporan ieu teh aya diantawis arsip Roma. Ieu teh mangrupikeun hiji-hijina dokumen anu dicatet ku Tertulianus, salah saurang Sarjana Kristen nu ngiring ngabela ka urang-urang Kristen.

  8. Lambang Kai Palang

    Lambang ieu mangrupikeun hiji saksen anu teu tiasa ditampik, kumargi sadaya agami ngagaduhan lambangna sewang-sewang, sapertos bentang genep juru kangge agama Yahudi, Bulan Sapasi kangge umat Islam. Lambang kai palang tos kawentar ti saprak aya kakristenan. Umat Kristen ngadamel lambang kai palang di makam-makam sareng di katakombe (tempat panyumputan) anu diangge basa umat Kristen dikaniaya.

  9. Kasaksenan Waktos Sareng Untuyna Carios Kakristenan

    Ditetepkeunana Perjamuan Suci, anu ngemutkeun umat Kristen kana pupus-Na Al-Masih di kai palang, mangrupikeun hiji kasaksenan anu hirup mangabad-abad yen Al-Masih pupus di kai palang. Saleresna ibadah ieu, anu ditetepkeun Al-Masih dina peutingan Mantenna dihianatan sareng anu diparentahkeun ku Mantenna ka murid-murid-Na kangge dijalankeun mangrupikeun hiji untuyan tina panebusana-Na sareng pupus-Na anu teu tiasa ditampik. Para rasul mupusti parentah ilahi ieu sareng neraskeun di lebet gareja ti wiwitan sapertos anu dicarioskeun Paulus di lebet 1 Korinta 11:23-26: "Sabab kieu conto ti Gusti anu katampa ku sim kuring mah: Al-Masih dina peutingan dihianat, nyandak roti hiji, sarta sanggeusna muji sukur ka Allah, rotina terus disemplekan, dibagikeun, sarta ngalahir kieu, 'Ieu teh daging Kami, tampanan pikeun maraneh. Lampahkeun saterusna pikeun ngingetkeun ka Kami.' Kitu keneh sanggeusna tuang, Anjeunna nyandak lumur anggur, sarta ngalahir kieu, 'Ieu anggur perjangjian Allah anu anyar, anu dikukuhkeun ku getih Kami. Lampahkeun saterusna. Satiap-tiap maraneh nginum ieu, maksudna pikeun nginget-nginget Kami.'"

  10. Kasaksenan Talmud Yahudi

    Tos pada uninga yen kitab Talmud mangrupikeun kitab suci numutkeun pamadegan urang Yahudi. Kitab ieu parantos dikempelkeun dina jilid ageung, anu tiasa ditingal ku saha wae nu kersa. Dina salinan anu diterbitkeun taun 1943 di Amsterdam, sadaya jalmi tiasa ngaos dina kaca 42, aya kalimah ieu, "Al-Masih dihukum dina kai palang sadinten sateuacan dinten Paskah. Kami geus ngingetan ka manehna salila 40 poe yen manehna bakal dihukum pati kulantaran manehna teh tukang sihir jeung ngararancang rek nipu umat Israel ku tipuana-Na. Saha wae meunang ngabela Manehna, tapi kulantaran euweuh saurang-urang acan anu daek, manehna dihukum dina kai palang dina poe Paskah. Na aya jalma anu daek ngabela Manehna? Nabi nyeratkeun dina Pamindo 13:8-9, 'Ulah kabengbat, ulah didenge. Ka jelema kitu ulah karunya atawa watir, ulah hayang ngabela. Paehan! Benturan ku batu, maraneh anu kudu nimpugan ti heula, tuluy ku sarerea.'"

NAHA AL-MASIH DIHUKUM DINA KAI PALANG ?

Urang mindeng ngadangu patarosan ieu dikecapkeun. Waleranana anu jentre aya dina Pangangkenan Iman umat Kristen: "Saleresna kangge urang manusa sareng kangge kasalametan urang, Mantenna lungsur ti sawarga, sareng dibabarkeun ku jalaran Roh Suci di lebet hiji mojang anu namina Maria. Mantenna tos mijalma janten manusa sareng dihukum pati dina kai palang kangge urang di lebet pamarentahan Pontius Pilatus. Mantenna tos dikaniaya sareng parantos dikurebkeun sareng dina dinten katilu gugah deui ti antawis nu maot sareng munggah ka sawarga."

Di handap ieu aya sababaraha buktos peryogina pupusna Al-Masih sareng panebusan dina kai palang:

  1. Peryogina kana kasalametan

    Teu tiasa janten hamham deui, yen sadaya umat manusa meryogikeun kasalametan, kumargi dosa aya di lebet sadaya manah umat manusa. Rum 3:23, "Kabeh geus dosa, jarauh ti Allah anu iasa nyalametkeun." Yesaya di lebet pasal 53:6, nyeratkeun, "Urang teh ibarat domba leungit, ngalantrah neangan jalan sorangan. Tapi hukuman anu kuduna keuna ka urang, ku Pangeran diteumbleuhkeun ka Anjeunna."

    Yohanes di lebet seratna anu kahiji pasal 1:8-10, "Lamun urang ngakukeun teu boga dosa, eta ngabobodo maneh, sarta Allah teu linggih di jero hate urang. Sabalikna lamun ngakukeun dosa ka Allah, urang bakal dipaparin bukti tina hal jangjina, nyaeta dihampura dosa jeung disucikeun tina sagala lampah urang anu salah. Lamun urang ngakukeun teu boga dosa, atuh urang teh sarua jeung nganggap Allah tukang bohong, sarta heunteu kaancikan ku sabda-Na."

    Di lebet manah unggal jalmi aya hiji kasadaran yen pertobatan wungkul teu tiasa mupus dosa nu mangsa katukang. Tangtos aya jalan anu sae kangge kenging pangampura; Ieu hartosna kedah aya 'panebusan.' Upami teu kitu, kumaha urang tiasa ngajelaskeun ayana kurban ti awitan sareng disumebarkeunana ayana kurban di lebet sadaya agami di dunya ieu. Naha kulantaran dasar pangemut ieu, minuhan kabutuhan anu aya di lebet manah unggal jalmi kangge panebusan dosana?

  2. Buktos akal budi

    Urang sadaya parantos ngaos sareng uninga yen Allah teh suci sareng manusa teh pinuh ku dosa, sareng dosa mangrupikeun hiji hinaan kangge nami Gusti sareng ngareksak ciri manusa anu diciptakeun Allah luyu sareng gambar oge rupi Allah.

    Ku jalaran kitu, manusa kedah nampi hukuman ti Allah. Allah janten teu adil upami teu ngahukum jalmi anu ngalakonan dosa. Pertobatan, mung malik deui kana kataatan, teu tiasa masihan kasucian sapertos anu diharepkeun. Teu aya panebusan di lebetna; Nyaeta panebusan tina dosa di mangsa katukang. Kahormatan, kaadilan sareng kasucian Allah teu tiasa dipinuhan ku pertobatan wungkul.

  3. Panebusan nyumponan Hukum Toret

    Hukum ilahi teu tiasa mengpar tina hakna kangge ngaragragkeun hukuman, sabab parantos kaserat, "Upahna dosa teh maot" (Rum 6:23). Hukum masihan hukuman kangge saha wae anu ngarumpak. Hukum anu ngantep saha bae anu ngarumpak bebas, sanes mangrupikeun hukum deui. Hukum mangrupikeun "Jaksa" sapertos urang terang, jaksa moal mungkin ngantep tuduhan supados anu ngarumpak teh tiasa dihukum; atanapi jaksa teh bakal moal dianggap kulantaran teu janten hukum anu jujur tina kaadilan Ilahi. Tegesna, hukum Ilahi, masihan hukuman kangge saha bae anu ngarumpak, atanapi panebusan kangge dosa-dosana.

    Tah didieu sakedahna manah urang dipinuhan ku pujian sareng ucapan sukur kulantaran Al-Masih parantos ngaanugerahan panebusan ieu kangge umat manusa; sareng kangge akibatna, unggal jalmi anu nampi Mantenna salaku Juru Salamet bakal nampi di lebet nami-Na, pangampura dosa. Berkah kangge sadaya umat manusa nyaeta panebusan ku jalaran Al-Masih ieu kangge sadaya umat manusa, dugi ka teu aya anu tiasa nyarios yen Al-Masih teu pupus kangge anjeunna. Kacida endahna cariosan di lebet Yesaya 53:12, "Ku sabab kitu anjeunna rek dipaparin tempat kaajen, di antara anu karawasa jeung aragung. Anjeunna geus ihlas ngurbankeun nyawa nalangan hukuman jalma doraka, jadi gaganti jalma doraka. Sarta mangnedakeun sangkan maranehna bisa dihampura."

    Paulus nyarios di lebet Ibrani 5:8-9, "Al-Masih, sanajan Putra Allah, tumut sarta sadrah nandangan sangsara. Ku sabab kitu sanggeus dijadikeun sampurna, Al-Masih teh jadi sumber kasalametan jelema-jelema anu aranut ka Anjeunna."

  4. Panebusan nyumponan kabutuhan moral/tingkah laku umat manusa

    Leres pisan yen satiap jalmi ngagaduhan sipat moral tur hiji kasadaran anu tiasa ngahargaan ukuran kaadilan sareng kasucian. Upami umat manusa teu diwaregan ku dosana, sareng teu mendakan panebusan, roh manusa bakal teu tentrem sareng nuranina bakal kaganggu.

    Urang sadayana satuju yen umat manusa, leupas tina beungkeutan ngalakonan dosa, masih keneh ngagaduhan nurani anu henteu direksakeun. Kakiatan moral ieu tiasa keneh ngabentenkeun mana anu leres atanapi mana anu lepat sareng tiasa mutuskeun hukuman atanapi pahala.

    Hal ieu tiasa mangaruhan umat manusa dina ngalakonan dosa, tapi manusa teh teu tiasa ngalereskeunana. Anjeuna percanten hukum teh sae, tapi hukum teu tiasa ngalereskeun. Hukum, saur rasul Paulus, mingpin urang ka jalan Al-Masih.

    Kitu oge sareng suanten dina manah urang, atanapi kasadaran kana dosa, nungtut urang ngagaduhan saurang parantara anu leres, anu nebus dosa-dosa urang, tapi dina sadaya kayaktian ieu sakumna umat manusa ngusahakeun ngarah tiasa ngarengsekeun masalah nurani ieu kujalaran amal sareng kayaktian dirina, sareng nganggap yen amal teh tiasa disajajarkeun sareng Sih Kurnia Allah.

  5. Rarancang Allah pikeun Panebusan

    Saumpamina teu aya sabab pikeun panebusan, tangtu bae Allah moal ngarancangkeun panebusan kangge umat manusa. Al-Masih nyarios dina Mateus 20:28, "Kudu sakumaha Anak Manusa, datangna lain rek menta dikawulaan, tapi rek ngawulaan jeung rek ngorbankeun nyawa-Na supaya jelema-jelema anu salamet." Oge dina Yohanes 3:16, "Karana kacida mikaasihna Allah ka alam dunya, nepi ka masihkeun Putra tunggal-Na, supaya sakur anu percaya ka Anjeuna ulah binasa, tapi meunang hirup langgeng."

    Dina Galata 4:4, "Sanggeus waktuna cunduk, Allah ngutus Putra-Na ka ieu dunya ku jalan dilahirkeun sakumaha urang ku indung, sarta hirup Anjeunna kaereh ku Hukum Agama."

    Sadaya ayat-ayat anu endah eta teh nguningakeun ka urang sadaya yen Allah teh mikaasih umat manusa ku kaasih anu ngaajrihkeun, ageung dina kamurahan. Kaasih ieu, anu parantos mijalma di lebet Al-Masih, anu ngajentrekeunana di kai palang, supados sadaya jalmi uninga yen Allah sanes wae suci sareng adil tapi oge pinuh ku kaasih. Panebusan ngagugahkeun manah jalmi nu dosa ku kaasih oge mangrupikeun beungkeutan jalmi dosa sareng salib anu mana upami teu aya kai palang, Allah teu tiasa ngabuktoskeun kaasih-Na. Ku sabab kitu Al-Masih ngadawuh: "Lamun Kami diunggulkeun ti ieu dunya, Kami rek mawa kabeh umat manusa ka Kami."

    Saderek anu parantos ngaos, urang ayeuna jumeneng dina kahirupan nu pinuh ku sagala rupi suanten sapertos: "Mangga tingal kahirupan anu enggal, teras lenyepan." "Di dieu aya hiji kakulawargaan, mangga geura tampi" atanapi "Kami kersa nulungan saderek." Tapi saderek, suanten anu teu nampi hartos kai palang sami sareng kosong. Upami teu aya salib, sadaya hirup enggal teh gagal, sareng kakulawargaan anu enggal teh mangrupikeun kabohongan sareng "leungeun pitulung" teh mung tipuan.

    Kalepatan urang sami sareng kalepatan anu dilakonan ku bangsa Yunani sareng Yahudi kuno, dina pameunteu aranjeunna perkawis kai palang, ditingalna sami sareng hiji hal anu bodo, teu aya manpaatna. Dina pamadegan aranjeunna nu lepat teh, aranjeunna tos ngahilapkeun kecap pamenta pitulung, atanapi nyarios, "Tuh itu Anjeunna, Anak Domba Allah, anu bakal ngaleungitkeun dosa saalam dunya" (Yohanes 1:29). Aranjeunna parantos ngahilapkeun kecap-kecap wijaksana anu dicarioskeun dina Siloka 14:34, "Bangsa anu nyekel bebeneran baris jaya. Lamun bangsa nyieun dosa, tangtu bakal nista."

Appendix A. BAHAN PANALUNGTIKAN SALIB di lebet INJIL sareng Al QUR'AN

Kahatur ka para pamaos: Saparantosan anjeun ngulik ieu buku sareng maca rupi rupi pelajaran ieu, kami nawiskeun ka anjeun ringkasan tina panjelasan ieu dina mangrupi patarosan patarosan supados tiasa nguji pamahanan anjeun. Kami ngantos waleran anjeun.

  1. Urang Islam gaduh dua pamadegan perkawis pupusna Al-Masih. Mana numutkeun saderek anu pang tiasa dipikahartosna?

  2. Naon nu kedah diperhatoskeun ku hiji jalmi anu hoyong terang perkawis kayaktian perkawis pupus-Na Al-Masih di dunya ieu sanesna tina Al Qur'an?

  3. Jelaskeun ringkesan Paulus perkawis Injil di lebet serat I Korinta 15:1-4!

  4. Jelaskeun sacara ringkes, kalepatan pangajaran aliran sesat anu disumebarkeun di antawis urang Kristen di tanah Arab?

  5. Ti mana saleresna Islam ngalungsurkeun carios perkawis kai palang?

  6. Jentrekeun ngangge kekecapan saderek perkawis salin rupi di na carios dihukum patina Al-Masih dina kai palang?

  7. Naon numutkeun saderek sareng kisah Al Razi patali sareng kisah kai palang?

  8. Seratkeun hiji ayat Al Qur'an perkawis pupusna Al-Masih!

  9. Di mana di lebet Al Qur'an diseratkeun yen urang Yahudi ngangken parantos maehan Al-Masih?

  10. Seratkeun salah sawios hiji Dawuhan Gusti di mangsa katukang anu patali sareng dihukum patina Al-Masih serat ayat panyumponanana!

  11. Mana ti antawis nubuatan ieu sareng panyumponanana anu pangkeunana kana manah saderek?

  12. Naon ringkesanana numutkeun saderek perkawis cariosan Al-Masih dina pupus-Na di kai palang?

  13. Naon poko utami di lebet wawaran Rasul perkawis Al-Masih?

  14. Naon saleresna kajantenan waktos Al-Masih masrahkeun nyawa-Na di kai palang?

  15. Naha saderek percanten kana gugahna deui jalmi maot sareng naon pamendak saderek perkawis gugahna Al-Masih tinu maot?

  16. Seratkeun hiji kasaksenan sajarah patali sareng pupus sareng gugahna Al-Masih?

  17. Sebatkeun tema utami di lebet kaKristenan sareng ti saprak iraha hal ieu diawitanana?

  18. Naon tujuan utami tina Perjamuan Suci?

  19. Naha panyaliban Al-Masih diseratkeun dina kitab Talmud?

  20. Seratkeun Yohanes 3:16, sareng mangga diapalkeun!

Upami anjeun moal nga email ka kami, kirim serat tanggapan nganggo pos ka:


The Good Way
P.O. BOX 66
CH-8486 Rikon
Switzerland

www.the-good-way.com/su/contact/