Table of Contents
Ayat-ayat alkitab anu kaserat dina buku alit ieu dicutat tina "Kitab Suci nganggo basa Sunda sadidinten" ti Lembaga Alkitab Indonesia, sedengkeun ayat-ayat Al Qur'an dicandak tina "Al Amin Al Qur'an tarjamah Sunda" diterbitkeun ku CV. Diponegoro, Bandung, taun 1995.
Aya seueur istilah dosa di lebet Al Qur'an. Di antawisna:
Al Dhanb(mengpar, kajahatan, kageuleuhan) - Di lebet Al Qur'an aya 39 ayat anu patali sareng poko ieu. Kasadayana aya hubunganana sareng anu diebrehkeun dina ayat di handap ieu: "Saestuna Kami geus maparin kaunggulan ka maneh (Muhammad), kaunggulan anu tetela, pikeun Allah ngahampura maneh tina dosa (Al Dhanb)" (Surat Al-Fatah 1-2).
Al Fahsha'(padamelan keji, kajahatan, jinah) - Istilah ieu biasa dianggo kangge dosa jinah. Al Qur'an kacida nyaramna kana dosa jinah: "Ulah ngadeukeutan kajahatan boh anu lahir boh anu batin" (Surat Al An'am 151).
Al WizrAl Fakhr Al Razi ngajelaskeun ayat di luhur kieu; dina hiji poe Malaikat Jibrail nyumpingan Muhammad, meulah dadana tuluy nyandak manahna. Manah eta teras diberesihkeun sareng disucikeun tina sagala hal anu awon. Salajengna manah Muhammad dieusi ku elmu jeung iman.(lalungse, momotan, nu ngahalangan) - "Naha lain Kami (Allah) geus ngajembarkeun dada maneh jeung Kami geus miceun bangbaluh maneh (Al Wizr) anu ngabeungbeuratan tonggong maneh" (Surat Al Insyirah 1-3).
Al Fakhr Al Razi ngajelaskeun ayat di luhur kieu; dina hiji poe Malaikat Jibrail nyumpingan Muhammad, meulah dadana tuluy nyandak manahna. Manah eta teras diberesihkeun sareng disucikeun tina sagala hal anu awon. Salajengna manah Muhammad dieusi ku elmu jeung iman.
Ibnu Hisam, saluyu sareng kekecapan Muhammad Ibnu Ishaq ngajelaskeun: "Sobat Muhammad naros ka anjeunna, 'Nun Nabi Allah, mugi dicarioskeun perkawis anjeun ka sim abdi sadaya', Nabi ngawaler, 'kuring digedekeun di tengah bani Sa'ad. Basa kuring ngangon ditukangeun imah jeung dulur kuring, datang dua jelema make baju bodas mawa baskom emas pinuh ku salju. Eta jelema duaan teh mawa kuring, tuluy meulah dada kuring. Aranjeunna ngarabut hate kuring tuluy dibeulah. Malaekat eta ngaluarkeun sagebleg hideung tina jero hate kuring, nu tuluyna dipiceun. Saenggeus kitu hate jeung awak kuring teh dikumbah ku salju tea. Salah saurang malaekat pok ngomong ka malaekat hijina, 'pek timbang manehna ku 10 urang jelema'. Kuring ditimbang, tapi katingali kuring teh leuwih beurat tibatan anu 10 urang tea. Malaekat teh ngomong deui, 'cing ayeuna mah timbang jeung 100 urang jelema,' Malaekat nu hiji teh nimbang kuring jeung 100 urang jelema, tapi kuring leuwih beurat tibatan nu 100 urang jelema tea. Malaekat teh ngomong deui, 'timbang manehna ku 1000 urang,' tapi kuring tetep leuwih beurat ti nu 1000 urang tea. Tungtungna malaekat teh ngomong, 'keun manehna antep, demi Allah, kajeun anjeun rek nimbang manehna ku sakabeh umatna ge, manehna tangtu tetep leuwih beurat tibatan maranehanana.'"
Al Dalal(sasab) - "Naha lain Allah mendakan maneh yatim, tuluy Anjeunna ngariksa? Jeung Allah mendakan maneh bingung, tuluy Anjeunna maparin pituduh? Jeung Allah mendakan maneh miskin, tuluy Anjeunna nyukupkeun?" (Surat Adl-Dluha 6-8). Al Kalbi napsirkeun kecap "leungit" jeung "sasab (bingung)" ku harti "teu percaya".
Al Kufr(kapir, teu percaya ka Gusti) - Al Qur'an nyebatkeun ka jalmi beriman: "...sarta Anjeunna ngajadikeun maraneh ngewa kana kakupuran (Al Kufr) jeung kana kapasekan jeung kana doraka" (Surat Al Hujurat 7).
Al Zamakhshari ngajelaskeun: "Di lebet ayat ieu aya tilu hal; nyaeta 'Al Kufr' teu percaya ka Gusti, 'Al Fusuk'... ngabohong, jeung 'Al Usyan' anu hartina doraka".
Al Zulm(dolim, jahat, munapek) - Saperti disebatkeun: "Jeung (sing inget) nalika Pangeran maneh nimbalan Musa: "Jung geura datangan eta kaom anu darolim teh (Al Zalimin)!" (Surat Asy-Syu'ara' 10).
Al Ithm(jahat, geuleuh, ngalawan) - Al Qur'an nyeratkeun, "Jeung geura tinggalkeun ku maraneh dosa, nu lahir nu batin. Saenyana jalma-jalma anu ngalampahkeun dosa teh baris dibales nurutkeun anu diusahakeun ku maranehna" (Surat Al An'am 120).
Al Fudjur(bejat, jahat) - Al Qur'an nyeratkeun: "Jeung saestuna jalma-jalma anu jarahat (Al Fudjur) pasti aya dina naraka jahim. Maranehna baris arasup ka dinya dina poe wawales" (Al Infithar 14-15).
AlKhati'a(dosa, hal anu ngalanggar) - Al Qur'an nyeratkeun, "Sing saha anu ngalampahkeun kasalahan (Al Khati'a) atawa dosa (Al Ithm), tuluy manehna nuding ka jelema anu teu tuah teu dosa, saestuna manehna geus nanggung bohong (Al Buthan) jeung dosa anu tetela" (Surat An-Nisa 112).
Dina ayat ieu aya tilu kecap patali sareng dosa, nyaeta; "Al Khati'a", "Al Ithm" sareng "Al Buthan". Al Imam Al Razi dibentenkeun sapertos kieu:
"Al Khati'a" kangge dosa alit, upami "Al Ithm" kangge dosa ageung.
"Al Khati'a" kangge kasalahan anu akibatna ngeunaan langsung ka diri sorangan, upami "Al Ithm" mangrupikeun dosa ka diri batur, misalna bae dolim atawa maehan.
Al Khati'a mangrupikeun polah anu teu pantes, dosa ku karana kasalahan, upami Al Ithm mangrupikeun dosa anu dilakonan balas geus dirarancang.
Al Buthan ngandung hartos dosa nuding jelema anu teu tuah teu dosa. Jelema anu sok mitnah batur bakal disupata di dunya jeung dihukum langgeng.
Al Sharr(jahat) - Al Qur'an nyebatkeun kieu, "Jeung sing saha anu ngalampahkeun kajahatan (Al Sharr) sanajan ngan sabobot kebul (zarrah = kebul atawa sireum leutik) pasti manehna bakal nenjo amal jahatna" (Surat Az-Zalzalah 8). Abu Ja'far Tabari nyutat Yunus bin Abdul Al'a'la ti Ibnu Wahab ti Yahya bin Abdul Al Rahman Al Hubali ti Abdul Allah bin 'Amr Al'as nyarioskeun pasal ieu dilungsurkeun waktos Abu Bakar Al Sadik nuju calik. Anjeunna dugi ka ceurik balilihan waktos ayat ieu dilungsurkeun. Nabi Gusti naros ka anjeunna, "Kunaon anjeun ceurik Abu Bakar?", walerna,"Seratan ieu nu nyieun abdi ceurik". Nabi Gusti nyarios, "Mun anjeun teu ngalakonan dosa sarta teu nyieun kasalahan anu nyababkeun ayana panghampura dosa ti Gusti, Gusti tiasa nyiptakeun hiji umat anu ngalakonan dosa jeung kasalahan bari ngahampura maranehna."
Al Sayyi'a(hal anu ngalanggar, kajahatan) -Al Qur'an nyeratkeun: "Jeung sing saha anu datang mawa kajahatan (Al Sayy'a), nya maranehna bakal dikusrukkeun beungeutna ka naraka" (Surat An-Naml 90).
Ibnu 'Abbas nyarios: "Sawaktos ayat ieu dilungsurkeun, jalmi nu ariman asa teu sanggem keur nanggung hal ieu, teras nyarios ka Muhammad, "Saha ti antawis sim abdi anu teu ngalakonan kajahatan sareng kumaha babalesanana?" Muhammad ngawaler, "Gusti parantos ngajangjikeun berekah 10 kali lipet keur jelema nu taat sareng sakali hukuman keur nu ngalakonan kasalahan. Kusabab kitu, jelema anu ngalakonan kasalahan bakal kaleungitan hiji tina sapuluh berekah tea, jadi masih keneh aya salapan berekah di diri manehna."
Al Su'(jahat, katalangsaraan) - Dicarioskeun dina Al Qur'an: "Sing saha anu ngalampahkeun kajahatan (Al Su), tanwande meunang wawales, jeung manehna moal manggih panyalindungan jeung anu nulungan salian ti Allah" (Surat An Nisa' 123).
Al Fasad(binasa) - Dicarioskeun di lebet Al Qur'an: "Jeung upama geus papisah, manehna ikhtiar di ieu bumi pikeun nimbulkeun karuksakan, jeung ngabinasakeun pepelakan katut ingon-ingon. Padahal Allah henteu resep kana karuksakan" (Surat Al Baqarah 205).
Al Fisk(kejem, pasek) - Kaserat dina Al Qur'an: "Jeung saestuna Kami geus nurunkeun ayat-ayat anu tetela ka maneh (Muhammad), sarta henteu aya anu kupur kana eta katerangan-katerangan anging jalma-jalma anu parasek" (Surat Al Baqarah 99).
Ahli tapsir nyarioskeun yen Al Fisk teh aya sawaktos saurang jalmi ngarumpak kana naon anu tos ditangtoskeun ku Allah, sareng dina waktos eta kapasekan janten kakapiran.
Al Bhutan(pitenah, bohong) - Aya kaserat, "Jeung naha waktu maraneh ngadenge eta pitenah maraneh bet henteu nyarita: 'keur naon urang nyaritakeun nu kitu?' Maha Suci Gusti! Ieu kabohongan anu kacida gedena" (Surat An Nur 16).
Masih keneh seueur deui istilah dosa lianna. Urang teu gaduh tempat cekap kangge nyutat istilah-istilah anu dimaksad komo sareng ayat-ayatna mah. Sateuacan ngawekasan poko bahasan ieu, peryogi ditegeskeun yen Al Qur'an ngawulangkeun perihal "dosa asal" anu disababkeun ragragna Adam sareng Hawa sareng katurunanana. Seueur ayat Al Qur'an anu mageuhkeun hal ieu. Hayu urang talungtik sababaraha ayat anu jentre sareng gampil dipikahartos.
Kangge conto, Al Qur'an nyarioskeun, "Jeung Kami geus nimbalan: 'Yeuh Adam! Seug geura matuh maneh di ieu sawarga bareng jeung bojo maneh (Hawa), sarta pek geura dalahar saniskara kadaharan sakahayang maraneh, tapi omat maraneh ulah dek ngadeukeutan eta tangkal, bisi maraneh jadi ti antara anu darolim. 'Tuluy setan ngagoda (ka Adam jeung Hawa) nepi ka duaanana tisoledat tina to'at, sarta duaanana dikaluarkeun tina kani'matanana. Jeung Kami nimbalan: 'Jig arindit! jeung sabagian ti antara maraneh bakal jadi musuh anu sawarehna deui, sarta nya di bumi patempatan maraneh matuh jeung pibekeleun hirup maraneh nepi ka waktu anu pinasti'. Tuluy Adam narima sababaraha kalimah ti Pangeranna, sarta Allah nampi tobatna. Saestuna Allah, nya Anjeunna nu nampi tobat, Nu Maha Asih." (Al Baqarah 35-37).
Sarjana-sarjana Arab papalimpang anggepan, dina napsirkeun tempat Adam sareng Hawa sateuacan maranehna duaan ragrag kana dosa. Abu Kasim Al Balkhi sareng Abu Muslim Al Isfahani nyarioskeun yen, sawarga eta (taman) aya di luhur dunya ieu, janten ragragna teh (Al Ihbat) teh mung mangrupikeun ngalih tempat wungkul kumargi Al Qur'an ngangge kecap padamelan "lungsur" (Ihbat) kangge kecap pindah. Kangge conto, "lungsur ka Mesir" (mangga diaos Al Baqarah 61). Al Djabba'i gaduh panapsiran yen sawarga teh(taman) aya di langit nu katujuh kumargi aya kecap "lungsur ti ditu".
Peryogi dicutat, Al qur'an sami halna sareng kitab Kajadian dina Alkitab nyarioskeun ngabarontakna Adam, nuang buah tina tangkal anu aya di tengah tengah taman. Namung sarjana Islam gaduh pamendak anu benten perkawis tangkal buah naon anu dimaksad. Aranjeunna ngempelkeun seueur catetan anu didumasaran ku tradisi Islam, di antawisna:
Ishak, saluyu sareng cacariosan 'Abdul Razzak, nyarioskeun: "Kami dibejaan ku Ibnu 'Uyayna jeung Ibnu Mubarak jeung Al Hasan bin 'Amara jeung Minhal bin 'Amru jeung Sa'id bin Jibair jeung Ibnu 'Abbas, yen tangkal anu dicaram Allah ka Adam jeung bojona teh nyaeta 'siki jagong".
Ibnu Hamid nyarios saluyu jeung kecap-kecapan Salama anu nyutat Ibnu Ishak, sababaraha urang Yaman, jeung Wahab bin Munabbih Al Yamani, yen tangkal anu dimaksad teh nyaeta gandrung anu sikina sagede giginjel sapi, leuwih lemes tibatan mentega jeung leuwih amis tibatan madu.
Dicarioskeun, Abu Bakar Al Saddik kantos naros ka Nabi Gusti perkawis tangkal ieu, anu diwaler ku Nabi, "Tangkal anu diberkahan eta teh nyaeta tangkal jagong (siki jagong)".
Salama ngecapkeun sami sareng anu didugikeun ku Muhammad bin Ishak sareng Ya'kub bin 'Ataba, yen tangkal eta teh nyaeta tangkal anu dikosrok-kosrok ku malaekat ngarah boga kalanggengan.
Ibnu Waki' nyarios sauyun sareng anu dikecapkeun ku 'Abd Allah anu nampi ti Isra'il, oge nampi ti Al Saddi, sapertos nu dikecapkeun ku Ibn Abbas, yen tangkal nu dimaksad teh nyaeta tangkal anggur.
Mudjahid sareng Katada nyebatkeun tangkal eta teh tangkal Kondang.
Al Rabi' Ibn Uns nyebatkeun, yen jalmi anu nuang buah eta janten hoyong miceun hajat, anu di sawarga dicaram pisan.
Al Qur'an sauyun sareng Alkitab dina hal Adam sareng Hawa nuang buah eta dikulantarankeun dojaan iblis, sapertos kaserat: "Syetan nyasabkeun maranehna duaan."
Ibnu Djuradj sauyun sareng kekecapan Ibn Abbas nyarioskeun: "kecap 'sasab' kedahna, 'manehna ngadoja maranehna duaan'".
Numutkeun Al Qur'an, Adam mangrupikeun saurang nabi. Islam ngawulang: yen nabi tara midamel kalepatan. Aya masalah dina hal ragragna Adam. Ahli tapsir ngusahakeun teu malire hal ieu. Aya anu nyarios yen basa Adam ragrag kana dosa, anjeunna teu acan janten nabi. Tapi tapsiran ieu teu tiasa ditampi buleud. Nu sejenna napsirkeun yen Adam parantos janten nabi ti wiwitanana. Kalepatan ieu kajantenan kumargi "hilap". Aranjeunna nyamikeun hal ieu sareng saurang jalmi anu nuju ngajalankeun ibadah saum, teras hilap yen anjeunna teh nuju saum teras teu kahaja tuang kumargi tanagina tos seep margi sadidinten didamel. Aya oge anu gaduh pamendak yen Adam teh midamel kalepatan ieu kumargi nuju mabok anggur suguhan bojona. Janten Adam ngalakonan dosa dilantarankeun mabok.
Abdi nyalira sesah ngartos, kumaha dugi pamendak-pamendak sapertos kitu tiasa ditampi, padahal Al Qur'an parantos nyeratkeun: "Tuluy Adam narima sababaraha kalimah ti Pangeranna, sarta Allah nampi tobatna. Saestuna Allah, nya Anjeunna nu nampi tobat, Nu Maha Asih" (Al Baqarah 37).
Kecap "tobat" negeskeun sapinuhna, yen Adam tos ragrag kana dosa balas sadar sapinuhna, sapertos anu diseratkeun dilebet Alkitab yen anjeunna dugi ka ngalepatkeun bojona.
Seueur sarjana ngangken, yen Adam ngahaja nuang buah eta. Abdul Dja'far Al Tabari, sauyun sareng Yunis Abdul Al'A'la sareng Wahab sareng Ibnu Zayd napsirkeun kalimah, "Adam narima sababaraha kalimah ti Pangeranna, nyarioskeun, 'Allah tos ngawulang maranehna ayat ieu,' Nun Gusti, abdi parantos ngalakonan dosa ka diri abdi nyalira. Upami Anjeun teu ngahampura sareng mikaasih ka sim abdi, tangtu sim abdi bakal sasab".
Musa bin Harun sauyun sareng 'Amr bin Hammad sareng Asbat sareng Al Saddi, dina ngajelaskeun kalimah "Adam narima sababaraha kalimah ti Pangeranna", kieu, "Adam nyarios ka Gusti: 'Sanes Gusti parantos nyiptakeun abdi ku panangan Gusti Kumanten?' WalerNa, 'bener!' 'Sanes Gusti parantos ngaheboskeun Roh Kumanten?' WalerNa, 'bener!' 'Sanes kaasih Anjeun ngalangkungan murka Anjeun?' Waler-Na, 'bener!' Adam nyarios deui, 'Nun Gusti, naha Anjeun parantos nangtoskeun sim abdi kangge ngalakonan hal ieu?' WalerNa, 'bener!' Teras Adam nyarios deui, 'Nun Gusti, upami abdi tobat sareng mayar sadaya kalepatan abdi, na Gusti kersa ngalinggihkeun abdi di sawarga deui (taman)?' WalerNa, 'bener!', sareng Gusti Allahna milih anjeunna, nampi tobatna sareng ngaping anjeunna."
Seratan sanes, asalna ti Muhammad bin Bashshar anu sauyun sareng kekecapan Abd Al Rahman bin Mahdi, didugikeun ku Sofyan, anu dicarioskeun ku Abd Aziz bin Rafi, sami sareng naon nu katampi ku salah saurang ti Ubyad bin Umayr, nyarioskeun yen Adam nyarios: "Nun Gusti, naha dosa anu parantos dipidamel ku sim abdi parantos ditakdirkeun ku Anjeun sateuacan abdi diciptakeun atanapi hal eta mangrupikeun hiji hal anu diciptakeun ku Gusti Kumanten?" Allah ngawaler: "Hal eta geus ditakdirkeun ku Kami ti saencan maneh diciptakeun." Adam nyarios deui: "Kumargi Anjeun parantos nakdirkeun hal ieu ka sim abdi, abdi nyuhunkeun dihampura." Ieu teh asal muasalna lungsurna ayat "Adam narima sababaraha kalimah ti Pangeranna."
Sadaya anu parantos dijentrekeun, teu tiasa ngaleungitkeun hiji kayaktian anu asup akal nyaeta, "Adam tos milih kangge ngalakonan dosa" hal mana anu janten bahan emutan Al Fakhr Al razi di lebet cariosanana: "Seueur ayat anu diagem ku maranehna (sarjana Islam) patali sareng naon nu dilakonan manusa sareng nu pangawitanana nyaeta carios Adam. Maranehna ngagem tujuh paham nyaeta:
Yen anjeunna teu taat. Teu taat mangrupikeun dosa nu pangageungna dina dua hal. Nu kahiji, Al Qur'an ngedahkeun ayana hukuman kangge hal ieu sauyun sareng Dawuhan Nu Mahamulya: "Sing saha bae anu teu taat ka Allah sareng NabiNa ngarepkeun seuneu naraka." Kadua, kecap 'teu taat' mangrupikeun istilah hinaan anu kacida ka jalmi anu ngalakonan dosa ageung.
Parantos dijentrekeun di lebet kisah Adam yen anjeunna kadoja sapertos anu diseratkeun di lebet Al Qur'an: 'anjeunna kadoja', sareng dojaan sami hartosna ngalawan apingan anu leres.
Anjeunna saurang jalmi anu tobat. Jalmi anu tobat mangrupikeun jalmi anu ngalakonan dosa. Jalmi anu tobat mangrupikeun jalmi anu bener-bener handeueul kana dosana. Upami anjeunna tobat bobodoan eta hartosnaanjeunna ngalakonan dosa dina hal ngabohong, sedengkeun upami anjeunna memang sakedahna tobat, eta hartosna anjeunna leres tangtos ngalakonan dosa.
Anjeunna tos ngalakonan hal anu dicaram Dawuhan Gusti: "Lain Kami geus nyaram tangkal eta ka maraneh duaan?" sareng, "Tong ngadeukeutan tangkal eta," Ngalakonan hal anu dicaram mangrupikeun akar tina dosa.
Anjeunna dinamian jalmi anu dosa sauyun sareng kalimah Pangeranna: "Sangkan anjeun asalna tina jalmi anu dosa." Anjeunna (Adam) nyebat dirina jalmi dosa dina kalimah, "Nun Gusti, sim abdi parantos dosa ka diri sim abdi nyalira." Jalmi anu ngalanggar Dawuhan Gusti kenging supata Gusti sauyun sareng Dawuhan Gusti, "sabenerna supata ti Gusti aya di luhur jalma-jalma anu dosa," sareng aranjeunna anu ngawarisan supata mangrupikeun jalma anu pinuh dosa.
Anjeunna (Adam) nyangkeun, upami sanes ku pangkampura ti Gusti anu dipasihkeun ka anjeunna, anjeunna bakal kalebet jalma nu tos kaleungitan sagalana. Ku hal ieu anjeunna tos ngangken yen dirina jalma nu dosa pisan.
Anjeunna diusir ti sawarga (taman) ku tuduhan jahat ti syetan, sareng ragragna anu mangrupikeun buruh taat ka syetan, ngaebrehkeun yen Adam teh leres jalma dosa."
Sarjana Islam oge papalimpang pamendak dina nalungtik kumaha carana dugi ka syetan bisa asup ka sawarga jeung ngadoja Adam. Al Kassas, sauyun sareng kekecapan Wahab bin Munabbih sareng Al Saddi sareng Ibn 'Abbas, nyarioskeun kieu, "Sawaktos syetan rek asup ka sawarga, manehna dicaram ku malaekat nu ngajaga. Saenggeus nyoba asup ka kabeh sasatoan, euweuh hiji oge nu nampa, syetan manggihan oray, sato nu sukuna opat jeung sato ngarayap anu pangalusna. Oray neleg syetan terus mawa asup ka sawarga balas teu katohian. Di jero sawarga, syetan tina oray kaluar balas haharewosan. Ku matak kitu oray disupata ku Gusti, manehna kaleungitan opat sukuna, leumpang make beuteungna, daharna lebu taneuh, jeung jadi musuh anak-anak Adam."
Di lebet hiji buku (Djami 'Al bayan) Al tabari sauyun sareng Hasan Abi Yahya sareng 'Abd Al razzak nyarioskeun kieu: "Amr bin 'Abd Al Rahman bin Muharrib, nyarioskeun, anjeunna ngadangu Wahab bin Munabbih nyarios, 'Sawaktos Gusti nempatkeun Adam sareng katurunanana di sawarga, Mantenna nyaram aranjeunna kana tangkal anu cagakna loba sareng buahna leubeut, hiji tangkal anu dicandak ku malaekat sangkan ngahontal kalanggengan. Buah tangkal ieu dicaram Gusti dituang Adam sareng bojona.' Sawaktu iblis aya niatan keur ngaragragkeun maranehna, iblis asup kana oray, sato nu sukuan opat, sato panghadena ti sakabeh sato nu ngarayap, ciptaan Gusti. Basa oray asup ka sawarga, iblis kaluar, metik buah anu dicaram ku Gusti kangge Adam sareng Hawa tuluy mawa buah tea ka Hawa bari ngomong, 'sok tempo buah ieu, kacida seungitna, ngeunah, jeung pikabitaeun.' Hawa nyandak buah eta teras dicandak ka Adam bari nyarios, 'Geura tingal buah ieu, kacida seungitna, raos, sareng sae pisan balas pikabitaeun.' Adam ngiringan nuang buah eta, teras jol aya rasa kaera didiri Adam sareng Hawa. Adam nyumput dina liang tangkal. Gusti nyaur, 'Eh Adam, dimana maneh?' walerna, 'Abdi di dieu Gusti.' Gusti naros deui, 'Maneg geura kaluar.' Adam ngawaler deui, 'Abdi isin, Gusti.' Gusti ngadawuh, 'Kami nyupataan taneuh dimana maneh dijadikeun.' Supata eta nyababkeun buah obah jadi rungkun cucuk (teu aya deui hal anu sae di sawarga (taman) kitu oge di dunya anu langkung sae tibatan cau, samboja, atanapi tarate). Teras Gusti ngadawuh deui, 'Eh Hawa, maneh geus ngabobodo badega Kami. Maneh bakal reuneuh balas ripuh jeung bakal nyanghareupan paeh unggal ngajuru.' Ka oray Gusti ngadawuh, 'Maneh hiji-hijina anu mawa 'si doraka' ka taman keur ngabobodo badega Kami, kumatak kitu, maneh disupata ku Kami. Suku maneh bakal asup kana beuteung maneh jeung moal aya dahareun keur maneh kajaba ti lebu taneuh jeung manusa bakal jadi musuh maneh. Maneh bakal ngancurkeun keuneung maranehna unggal papanggih jeung maranehna, jeung maranehna bakal ngancurkeun hulu maneh.'"
Ahli-ahli hukum Islam gaduh pamendak sanes; Adam sareng Hawa basa eta, nuju ngajugjug ka panto taman sareng iblis geus nungguan di dinya bari ngaharewos ka Adam sareng Hawa.
Aya bagian-bagian di lebet Al Qur'an anu ngaherangkeun masalah, Naha Adam teh jalmi dosa atanapi sanes. Dicarioskeun: "Tuluy setan ngaharewos ka manehna, pokna teh: 'Yeuh, Adam! Naha salira palay dituduhkeun ku kaula kana tangkal khuldi (nu ngalanggengkeun) sarta kana karajaan anu moal ruksak?' Barang maranehna duaanana ngadalahar (buah) tina eta tangkal, breh weh oratna katarembong, sarta duanana pakupis nutupan ku dangdaunan sawarga, jeung doraka weh Adam ka Pangeranna sarta manehna nyamos" (Surat Tha-ha 120-121).
Kecap nyamos (sasab) dicandak tina akar kecapan "kalepatan". Al Razi ngajelaskeun, "sasab" sami hartosna sareng kalepatan. Kalepatan mangrupikeun lawan tina kecap "nurut". Dosa anu ngalinggihan kahirupan anu ancur.
Abu Imam Al Bahili nyarios: "Masalah Adam mangrupikeun masalah anu benten tinu sanes. Allah nyiptakeun di lebet dirina hiji kahayang kana hirup nu tentrem, dina ngadawuhkeun, "Yeuh Adam! saestuna ieu Iblis teh jadi musuh maneh katut bojo maneh, ku kituna ulah ka manehna bisa ngaluarkeun maraneh ti sawarga sarta ngalantarankeun maraneh larabalangsak. Saestuna pikeun maneh di dinya teh moal kalaparan jeung moal ditaranjang. Jeung saestuna maneh di dinya mah moal ngarasa hanaang, turta moal kapanasan." (Surat Tha-ha 117-119).
Iblis oge ngojok-ngojok Adam kana hirup anu tentrem ceunahna kieu, 'Yeuh, Adam! Naha salira palay dituduhkeun ku kaula kana tangkal khuldi (kalanggengan)?' Manehna oge ngojok-ngojok kana hirup anu pikaresepeun dina pokpokanana: '...jeung karajaan anu langgeng.' Sagala anu diciptakeun ku Gusti, mangrupikeun hal anu dicita-citakeun Adam, eta nu dibibita ku Iblis. Gusti nyaram Adam nyagap tangkal eta.
Kumargi Adam gaduh akal anu sampurna, anjeunna wawuh ka Allah anu janten Gusti, Guru, sareng anu nulungan anjeunna sareng anjeunna terang yen Iblis teh musuhna, aya patarosan, 'Kumaha dugi katiasa anjeunna nampi kecap-kecapan Iblis, anu jentre pisan yen manehna teh musuh sareng nampik Dawuhan Gusti?'"
Hiji kayaktian, yen nu napsirkeun teu tiasa kitu wae miceun kalepatan Adam dina ngalawan Dawuhan Gusti, kumargi Al Qur'an parantos ngangken hal ieu: "...jeung doraka weh Adam ka Pangeran sarta manehna nyamos." Sadaya ahli tapsir gaduh pamendak anu sauyun yen numutkeun ayat-ayat Al Qur'an, "ngabarontak" mangrupikeun hiji dosa. "Ngabarontak" mangrupikeun hiji sebatan anu awon pisan kangge jalmi anu ngalakonan dosa ageung. Para ahli teu ngajentrekeun naon saleresna dosa ageung teh, mung dijelaskeun yen eta teh maksadna jalmi anu ngalakonan kalepatan anu sakedahna dihukum.
Dosa jentre pisan katingal dina sajarah umat manusa. Unggal jalmi anu merhatoskeun kahirupan sadidintenna sareng ningal kahirupan jalmi sejenna tangtos ngangken kana ayana dosa. Unggal manusa anu teu acan nampi pangersa Gusti, sadar kana dosana sareng ngangken kagagalan sareng kateumampuanana dina tanggelwaler moral anu kedah dilakonan ku anjeunna.
Dosa sanes mung sakadar padamelan anu ngisinkeun sapertos biasa anggepan jalmi. Dosa aya patalina sareng papalimpang sareng Allah, anu nyiptakeun sagala mahluk. Kapapalimpangan anu sanes sakadar midamel kalepatan tapi oge papisahna urang sareng kayaktian Allah.
Pangalaman ngabuktoskeun, yen manusa teu tiasa terang kawasa dosa sareng pangaruhna di lebet manusa. Jalmi percaya ngagaduhan hukum Ilahi anu janten pangaping anjeunna ka Al-Masih. Al-Masih masihan anugerah, dugi ka anjeunna sadar kana dosa anu tiasa nyandak manusa kana kabinasaan. Anjeunna sadar yen manusa peryogi anugerah Ilahi sareng getih panebusan supados tiasa diberesihkeun tina dosa. Tiasa dihartoskeun yen dosa sami sareng ngarempak aturan (I Yohanes 3:4). Padamelan anu ngalanggar Hukum Gusti. Padamelan anu ngalawan Allah, teu rumaos lepat, sareng ngagampangkeun dosa.
Urang tiasa ngaos dina Rum 5:12 kieu: "Dosa asup ka dunya kulantaran jelema saurang. Eta dosa mawa maot. Balukarna, maot teh sumebar sarta tumerap ka sakumna manusa, sabab sakabeh manusa geus keuna ku dosa." Rasul Paulus di dieu ngajelaskeun; Adam, bapa ti sakumna manusa parantos nyababkeun manusa dosa. Paulus ngangge kalimah "saurang", kumargi anjeunna ningal Hawa sareng Adam hiji, sapertos katingal dina Kajadian 5:2. Paulus teu nyabit-nyabit soal dojaan Iblis sareng kateutaatan Hawa; kangge mintonkeun Adam anu janten wakil katurunanana.
Sababaraha ahli pilsapat gaduh anggepan yen manusa teh dibabarkeun balas taya cacad. Upami jalma eta hirup di lingkungan anu ruksak, anjeunna bakal kapangaruhan anu iasa nyababkeun dosa lebet kana kahirupanana. Dina hakekatna manusa dibabarkeun di lebet dosa. Ieu leres pisan! Lingkungan mung ngabantos dosa ngagedean dina kahirupan. Manusa ngalakonan dosa ti jero manahna.
Tina pangalaman urang diajar; hiji mahluk moal janten ti mahluk anu benten, contona sapi moal ngajurukeun domba, sapertos naon anu didugikeun Al-Masih: "Anggur teu dipetik tina rungkun cucuk." Hukum ieu oge tiasa dianggo ku manusa. Adam, bapa umat manusa parantos kaleungitan kayaktian hirup dilantarankeun kateuataatan. Kangge hukumanana anjeunna dikaluarkeun ti Firdaus tanah anu disupataan kulantaran dosa anu tos dipidamel. Adam gaduh katurunan, anak incu anu teu ngalaman tanah Firdaus. Alkitab nyeratkeun kayaktian ieu di lebet cariosan Daud di lebet Jabur 51:7; "Ti awit dilahirkeun oge abdi teh parantos doraka, dosa ti lebet kandungan keneh." Paulus nyarios oge di lebet Rum 3:10-12: "Sakumaha ungel Kitab Suci, saurang ge taya nu bener, saurang ge taya nu bijaksana, taya pisan nu nyembah ka Allah. Kabeh geus jarauh ti Allah, kabeh geus salasar, taya nu hade lampahna, teu saurang-urang acan!"
Agustinus ngajelaskeun pangajaran Alkitab perkawis ragragna manusa ka lebet dosa sareng diwariskeunana dosa:
Allah nyiptakeun manusa wiwitan sami sareng gambaran Mantenna dina akal, kayaktian, sareng kasucian; kapilih janten mahluk langgeng; dipasihan tanggelwaler ngaluhuran mahluk lianna. Mantenna masihan Adam kawasa kangge milih mana nu awon sareng mana nu sae, hiji dasar kangge moralna.
Kumargi milih numutkeun kapalay nyalira, Adam dosa ka Allah ku cara milih hal anu lepat sawaktos anjeunna didoja ku Iblis. Adam tungtungna ragrag tina kahirupan anu disayogikeun kangge anjeunna.
Kumargi teu taat, anjeunna kaleungitan gambaran Ilahi sareng katambil deui kaayaanana janten reksak. Anjeunna paeh rohani; teu tiasa ngalakonan hal anu sae; kabeungkeut paeh jasmani; muka kana kajahatan sareng paeh langgeng.
Kumargi Adam mangrupikeun kapala umat manusa, kumargi kitu supata eta nimpa ka sadaya turunanana. Katurunanana dibabarkeun di lebet supata, teu gaduh gambaran Gusti sareng reksak moral.
Kareksakan anu diwariskeun sacara pribadi disababkeun dosa sanajan teu katingal dina tingkah laku.
Ngalereskeun mangrupikeun padamelan Roh Suci anu pikahelokeun. Manusa janten sasaran anu dilereskeun ku Gusti sanes anu ngalereskeun. Sadayana aya hubunganana sareng pangersa Gusti. Kasalametan dikengingkeun mung kulantaran anugerah.
Huxley, saurang ilmuwan Inggris nyarios: "Abdi teu terang elmu nu mukakeun rahasia rohani langkung ageung tibatan evolusi umat manusa. Tina mangsa katukang anu poek tina sajarah, kaciri yen manusa anu aktip kana hal anu aya di jero dirina, anu saleresna mangrupikeun kawasa anu awon. Jalma jadi lolong sareng janten kurban anu teu walakaya tina dojaan-dojaan anu mawa manehna kana kaancuran sareng impian anu taya tungtungna, anu akhirna janten tanggungan anu ageung sareng aya akibatna kana kasehatan ku karana teu tugenah manah balas teu tentrem. Saparantos mangrebu-rebu taun lamina, manusa tetep sami; gelut, nganiaya sasama, nyeungceurikan anu cilaka, tuluy ngawangun kuburanana."
Ku ningal sakolepat oge tina kahirupan masyarakat, urang parantos terang kana kayaktian ieu. sapertos anu kaserat dina Jabur 14:1, "Ti barang lahir manusa teh lemah teu aya daya, pondok umurna seueur kasusahna." Sareng dina Yesaya 53:6, "Urang teh ibarat domba leungit, ngalantrah neangan jalan sorangan." Manusa hirup tebih tina gambaran Allah anu kantos digaduhan ku Adam sateuacan ragrag kana dosa. Dosa janten kanyataan di lebet kahirupan manusa. Hiji kayaktian anu teu tiasa ditebihkeun. Ruksakna umat manusa katingal tina kateutiasaanana miara hukum moral, sanajan disarengan ku rasa handeueul kulantaran dosa pribadina. Ieu hiji tanda ragragna ahlak sareng kagagalan manusa.
Kumargi kitu, manusa kedah nampi anugerah Gusti ku jalaran pitulung Roh Suci. Jiwa manusa parantos kaleungitan kayaktian anu sajati sapertos anu digaduhan ku manusa wiwitan sateuacan ragrag kana dosa.
Abdi miharep katerangan ringkes perkawis sajarahna dosa ieu tiasa masihan buktos anu nyata yen leres manusa teh tos kaleungitan sipat Ilahi sareng tos kabetot ka lebet dosa anu wiwitanana dilakonan ku Kain, putra Adam. Kain maehan Habil rai tegesna. Naha tiasa kitu? Kunaon Kain janten jahat kitu?
Kunaon sasama jalma sok parasea? Sanes kulantaran dosa teh tos akaran di lebet kahirupan urang? Kunaon bangsa ngalawan bangsa sejenna? Sanes eta dilantarankeun dosa umat manusa anu tos numpuk?
Kajadian 2:17, "Kajaba ti tangkal anu mere pangarti geusan ngabedakeun nu hade ti nu goreng. Eta buahna teu meunang didahar, sabab mun didahar, poe eta keneh maneh paeh."
Yeheskiel 18:20, "Nu kudu paeh mah nu boga dosana."
Rum 6:23, "Upahna dosa teh maot."
Adam sareng Hawa paeh sacara rohani sawaktos maranehna duaan ngalakonan dosa. Anjeunna pisah ti Allah sareng kaleungitan pakempelan rohani anu suci. Aranjeunna oge kaicalan rasa kasono kana kasumpingan Allah bari nyumput ti payuneun Gusti di tengah tatangkalan di lebet taman (Kajadian 3:8). Adam sareng Hawa ngaraos teu walakaya, panginten emut kana Dawuhan Gusti anu ngecapkeun: "Eta buahna teu meunang didahar, sabab mun didahar, poe eta keneh maneh paeh."
Mangrupikeun hiji palajaran kangge urang, upami tiasa nyaksenan nyalira akibatna dosa kangge kahirupan saurang jalmi. Aya patarosan, naha leres kulawargi Adam teh kaicalan sadaya hak istimewana? Naha leres kasucian teh dicandak kangge salalamina? Tangtos wae henteu! Gusti teh pinuh ku kaasih. Kaasihna pinuh ku kamurahan; ageung panghampura. Kaasih nu ngadesek manah-Na Kumanten ku welas asih anu teu rido upami manusa cilaka.
Saleresna Mantenna parantos nebus sareng janten Juru Salamet kangge sakumna umat manusa ku jalaran Al-Masih, Dawuhan Gusti anu parantos sasarengan sareng Allah ti wiwitanana. Kaasih Allah parantos katingal ti sawaktos Mantenna nutupan orat Adam sareng Hawa ku kulit sato (Kajadian 3:21). Gusti parantos metakeun jangji panebusan.
Aya 14 ayat di lebet Al Qur'an anu aya patalina sareng panebusan. Sami sareng susunan ayat-na, urang mendakan anu munggaran: "Lamun sidekah ditembrakkeun, eta teh hade pikeun maraneh, jeung lamun sidekahna bubunian langsung kanu palakir eta mah leuwih hade pikeun maraneh sarta ngalebur kagorengan deuih. Jeung Allah maha Uninga kana saniskara anu dilampahkeun ku maraneh" (Surat Al Baqarah 271).
Ahli tapsir ngajelaskeun panebusan dimisilkeun horden anu nutupan. Katerangan anu ampir sami sareng ajaran Perjangjian Lawas. Di lebet Islam, amal saurang jalmi, sami sareng ajaran Yahudi, penting pisan mangpaatna kangge panebusan. Sanesna ti kitu, usaha nu pangutamana nyaeta neneda. Sapertos anu kaserat: "Jeung geura adegkeun salat dina waktu dua sisi beurang jeung dina awal peuting. Saestuna lampah-lampah hade teh ngalebur dosa lampah-lampah anu goreng. Eta teh pangwawadi pikeun jalma-jalma anu areling" (Surat Hud 114).
Al Tirmidhi sauyun sareng kekecapan Abi Alyu nyarios: "Dina hiji dinten aya hiji istri nyaketan abdi, ngajak bobogohan. Abdi nangkeup sareng nyium istri eta. Saparantos kitu abdi mendakan Muhammad teras nyarioskeun naon nu nembe kajantenan. Nabi tungkul, saatos sababaraha lami, nabi nyarios: 'Geura adegkeun salat dina waktu dua sisi beurang jeung dina awal peuting. Saestuna lampah-lampah hade teh ngaleburkeun dosa-dosa lampah anu goreng.' Hartosna shalat lima waktu tiasa ngaleburkeun dosa sareng nebus jalmi nu ngalakonanana. Teras salah saurang sobat nabi naros, 'Nabi Allah, naha eta teh mung kangge jalmi eta wungkul, atanapi kangge sadaya jalmi?' Waler Nabi, 'Kangge sadaya jalmi.'"
Umat Islam nyambungkeun hal ieu sareng naon nu didugikeun ku Abd Allah, "Saurang pameget sumping ka Nabi teras nyarios, 'Nun Nabi, Allah abdi parantos nyepeng panangan istri di luar dayeuh sareng tos ngabudalkeun napsu tapi teu dugi ka siga salaki pamajikan. Ayeuna abdi dipayuneun nabi, nampi dihukum teu langkung nabi.' Umar anu tatih cakeut anjeunna nyarios: 'Gusti bakal ngarusiahkeun naon anu dirusiahkeun anjeun anu tos dilakonan.' Nabi Allah basa eta mung jempe wae. Sawaktos pameget eta tatih bade mulih, Nabi nyauran teras nyarios, 'Adegkeun shalat.'"
Muslim sauyun sareng Abu Bakar, nyarios: "'Teu aya saurang-urang acan (badega Gusti) anu dosa (midamel palanggaran) sareng anu mersihkeun diri (numut ajaran Islam) teras ngadegkeun shalat dua kali sabari ngecapkeun sadaya panedana sareng milari panghampura ti Gusti anu moal dihampura ku Gusti.' Teras anjeunna ngaos, 'Jeung jalma-jalma nu dina mangsa ngalampahkeun kajahatan atawa anu nganiaya dirina buru-buru maranehna inget ka Allah, sarta terus menta dihampura tina dosa-dosana; jeung naha lain taya deui nu ngahampura dosa salian ti Allah, jeung maranehna henteu tonggoy dina kagorengan anu dilampahkeunana bari jeung maranehna nyaraho.'" (Surat Ali Imran 135).
Ayat nu langkung jentre aya dina Surat Al A'Raf 8-9, "Jeung bobot-pangayon dina poe kiamat teh bener. Ku kituna sing saha anu beurat timbangan kahadeanana, nya maranehna anu pinanggih bagja. Sing saha anu hampang timbangan kahadeanana, nya maranehna anu geus ngarugikeun dirina, lantaran maranehna darolim kana ayat-ayat kami."
Imam Al Razi di lebet kateranganana hal timbagan padamelan umat manusa, ngajentrekeun dua hal:
Dicarioskeun yen Gusti Allah bade nyayagikeun hiji timbangan anu ngangge jarum paminton sareng dua piring timbangan dina dinten gugahna umat manusa tina alam maot kangge nimbang sadaya amal-amalan umat manusa, nu awon atanapi nu sae. Hal mana sauyun sareng anu didugikeun ku Ibnu Abbas anu nyarios, "Padamelan jalma iman bakal katingal dina nu pangalusna sareng bakal diteundeun dina timbangan, amalan hade bakal ngelehkeun amalan goreng."
Aya sababaraha pamendak perkawis cara nimbang. Nu kahiji, padamelan jalmi iman bakal katingal dina rupa sae sedengkeun padamelan teu ariman bakal katingal dina rupa anu teu sae. Anu kadua, timbangan didumasaran kana catetan padamelan manusa nu tos dilakonan.
Pamendak nu kadua dicandak ti Mudjahid sareng Al Sahhak sareng Al A'mash anu nyarios, yen maksad timbangan ieu teh kangge kaadilan sareng hukuman. Muhammad waktos ditaros perkawis timbangan dina dinten gugahna umat manusa, ngawaler: "Buku catetan"
Aya carios perkawis panjang jarum timbangan sareng ageungna piring timbangan. Abdul Allah Ibn Salam nyarios, "Saupami langit sareng dunya diteundeun dina piring timbangan, tetep tiasa kamuat ku piring eta, sareng Jibrail anu nyepenganana tetep tiasa ningal kana jarum piunjuk timbangan."
Dina masalah nimbang sapertos anu dicarioskeun ku Abdul Allah, Ibnu Umar: "Dina dinten gugah, manusa bade dicandak kana timbangan sareng 99 kitab, panjangna sajauh panon ningali, disanghareupkeun. Kitab anu eusina sadaya dosa sareng kalepatan diteundeun dina piring timbangan. Ka aranjeunna dipasihan salambar keretas anu diseratan dua kalimah syahadat: 'Teu aya Gusti salian ti Allah sareng Muhammad nabi Allah,' diteundeun dina piring hijina sareng bakal ngelehkeun padamelan jahat."
Aya ayat Al Qur'an anu kieu lebetna: "Jeung Kami baris ngayakeun bobot-pangayon nu adil dina poe kiamat. Ku kituna moal aya jiwa anu dikaniaya saeutik oge jeung uupama aya amalna najan sagede siki sasawi tanwande baris ditembongkeun ku Kami, lantaran cukup Kami anu ngabalitungkeunana." (Surat Al Anbiya 47).
Numutkeun pamendak sababaraha ahli tapsir, panginten wae bade aya timbangan anu nimbang kahayang hate sedengkeun nu lianna nimbang padamelan anu tos dilakonan. Al Fakhr Al Razi numalikeun hal eta anu hartosna, Daud nyuhunkeun ka Gusti supados dipintonkeun timbangan tea, sawaktos anjeunna ningal timbangan tea, anjeunna kapaehan. Saparantos eling deui, Daud naros, "Gusti, saha anu tiasa minuhan timbangan eta ku amal hade?" Gusti ngawaler, "Daud, mun Kami mikanyaah badega Kami, Kami bakal minuhan timbanganana ku buah"
Bilal bin Yahya saluyu sareng Yudhayfa nyarios: "Jibrail anu di lebet anjeunna aya kadameyan, dina dinten gugahna umat manusa, tanggel waler kana timbangan eta, sareng Gusti bade ngadawuh, 'He Jibrail timbang maranehna jeung buruhan anu katincak, jeung jelema anu nincak teundeun dina amalan goreng sobat-sobatna (anu katincak), jelema eta bakal indit nanggung momotan anu sabeurat gunung.'" Abu Djafar nyambungkeun sareng naon anu didugikeun ku Muhammad: "Teu aya anu diteundeun dina timbangan anu ngaleuwihan amal-amalan hade."
Tungtungna abdi tiasa nyandak ringkesna pamendak-pamendak ieu ngangge cariosan Muhammad bin Sa'd anu saluyu sareng Ibnu Abbas, "Sing saha bae anu parantos ngalimpudan amal gorengna ku amal bener, timbanganana bakal jadi beurat. Amal hade bakal ngalebur amal gorengna. Jeung sing saha bae anu ngalimpudan amal hadena ku amal goreng, timbanganana bakal jadi hampang. Amal gorengna bakal ngalebur amal hadena."
Sakumaha Gusti ngadawuh: "Yeuh jalma-jalma anu ariman! Upama maraneh takwa ka Allah tanwande Anjeunna baris ngayakeun alfurkan (nu ngabedakeun salah bener, hade goreng) pikeun maraneh, jeung anjeunna baris ngalebur kajahatan-kajahatan maraneh ti diri maraneh, jeung Anjeunna baris ngahampura maraneh karana Allah teh kagungan kurnia nu agung." (Surat Al Anfal 29). Aya pahala tilu kali lipet kangge jalmi anu ngaamalan sholeh.
Anjeunna bakal masihan batesan (perbentenan). Istilah anu digunakeun kangge perbentenan sakumaha ditarjamahkeun ku ahli hukum Islam, ngajentrekeun yen Allah anu ngabentenkeun nu awon sareng anu sae; hartosna Allah masihan apingan sareng katerang kana hal anu sholeh. Anjeunna minuhan manah sareng diri manusa ku kasukaan sareng ngangkat kangewa sareng sirik pidik tina manah aranjeunna.
Anjeunna bakal nutupan sagala kajahatan anu kantos dilakonan.
Anjeunna bakal ngahampura.
Upami urang nalungtik Al Qur'an balas taliti, urang tiasa mendakan hiji perbentenan diantawis panebusan sareng panghampura. Ahli tapsir ngabentenkeunana kieu; panebusan ku karana kajahatan hartosna hiji panebusan dosa di dunya ieu, sedengkeun panghampura nyaeta dihapuskeunana dosa dina dinten gugahna umat manusa ti alam maot.
Ajaran Islam ngajelaskeun ka urang yen panghampura dosa didumasaran ku amal hade hiji jalma, saluyu sareng naon anu kaserat dina Al Qur'an: "Nya pikeun jalma-jalma anu karitu akibat nu hade di aheratna. (Nyaeta) sawarga 'Adnin anu engke maranehna arasupna ka dinya babarengan jeung jalma-jalma anu saroleh ti kalangan bapa-bapana, pamajikanana, jeung anak incuna" (Surat Ar-Ra'd 22-23).
Muhammad kantos nyarios ka Mua'dh bin Djabal, "Lamun maneh geus ngalakonan amal goreng, geura jieun amal hade, amal hade eta nu engke ngahapus amal goreng maneh." Al Hasan oge ngagambarkeun amal hade kieu, "Aranjeunna diangkat ku karana pitulung anu tos dilakonan, dugi ka saupami aranjeunna dilepatkeun teu adil, anjeunna bakal katulung." Zudjadi nyarios: "Gusti parantos ngajelaskeun yen katurunan anu langsung teu aya hartosna upami teu disarengan amal hade."
Surat Al Ahzab 35, dicarioskeun yen saha wae anu ngalakonan saum, pameget atanapi istri, kangge aranjeunna parantos disayogikeun panghampura sareng pahala ageung. Aya kaserat; "Jeung teu meunang jalma mu'min maehan jalma mu'min, anging karana nyalahan. Jeung sing saha anu maehan jalma mu'min kalawan nyalahan, manehna kudu ngamerdikakeun hiji abid anu mu'min jeung mayar denda (diat) anu dipasrahkeun ka kulawargana anu dipaehan tea, kajaba lamun ku maranehna disidekahkeun. Tapi lamun anu maot tea salah saurang musuh maraneh, padahal manehna teh mu'min, eta mah wajib anu maehanana ngamerdikakeun hiji abid anu mu'min wungkul. Jeung upama anu dipaehan teh ti hiji kaom anu geus nalikeun pasini jeung maraneh, diatna kudu dibayarkeun ka kulawargana, sarta kudu ngamerdikakeun abid anu mu'min. Lamun anu henteu boga, nya kudu puasa dua bulan terus-terusan. Eta teh minangka panghampura ti Allah, lantaran saestuna Allah teh maha uninga, maha wijaksana" (Surat An-Nisa 92).
Dicarioskeun oge kumaha jalan cariosna dugi ka lungsur ayat ieu; "Urwa bin Al Zubayr nyarioskeun basa Hudyayfa Ibnu Al Yaman sasarengan sareng Nabi Allah dina peperangan Uhud, urang Mu'min ngadamel kalepatan maehan bapa Al Yaman kumargi teu terang yen eta teh bapa Al Yaman sanajan Al Yaman gogorowokan ngabejaan. Hudhafya nyarios; "Mugi Gusti ngahampura anjeun, Mantenna nu ngahampura." Sawaktos nabi Allah ngadangu hal eta, teras lungsur ayat anu kaserat tadi.
Aya carios sanes nu ngacukanglantarankeun ayat ieu, Abu Al Darda' anu sasarengan sareng bala tantara nu ngagempur, pamitan bade aya kaperyogian. Anjeunna papendak sareng hiji pameget anu nuju ngangon, teras Abu Al Darda' maehan jalmi eta, sateucan maot, jalmi eta ngagorowok: "Teu aya Gusti salian ti Allah."
Saatos kajantenan eta Abu Al Darda ngaraos teu tentrem teras mendakan nabi, anu ngawaler: "Naha bisa maneh ningali kana jero hatena keur nyaho yen manehna jelema iman atawa lain?" Harita Abu Al Darda' tobat teras lungsur ayat ieu. Al Qur'an nyeratkeun, saum tilu dinten tiasa ngahampura dosa sumpah palsu, sapertos aya kaserat: "Allah henteu mandang dosa ka maraneh lantaran sumpah-sumpah maraneh anu teu dihaja, tapi Allah mandang dosa ka maraneh lantaran sumpah-sumpah maraneh anu dihaja. Ari dendana nyaeta kudu mere dahar ka jalma-jalma miskin sapuluh urang tina kadaharan anu sedeng anu biasa didalahar ku kulawarga maraneh, atawa ku mere pakean, atawa ku ngamerdikakeun abid; upama henteu boga nya kudu puasa tilu poe. Eta teh kiparat tina sumpah-sumpah maraneh upama maraneh ragrag sumpah, (kusabab eta) jaga sumpah-sumpah maraneh teh. Tah kitu Allah nerangkeun ayat-ayatNa ka maraneh supaya maraneh muji syukur" (Surat Al Maidah 89).
Aya kaserat: "Saenyana Shafa jeung Marwah teh sabagian tina syi'ar Allah. Sing saha anu munggah haji ka Baitullah atawa umrah, teu naon-naon manehna thawaf antara eta dua tempat, jeung pikeun sing saha anu rek ngalobaan sunat ku kahadean, saestuna Allah anu maha mulang tarima jeung Anjeunna maha uninga." (Surat Al Baqarah 158).
Ibnu Abbas nyarios: "Kapungkur aya brahala di Al Safa sareng di Al Marwah. Jalma nu teu iman jeung bodo biasana ngurilingan brahala ieu bari ngaragap brahala eta. Saparantos Islam lebet, urang Mu'min janten ngewa kana tempat anu aya brahalana tea. Eta sajarahna dugi ka ayat ieu lungsur." Kecap "sanes palanggaran alit" hartosna "teu aya kalepatan", sareng Allah nampi padamelan hade ka sing saha anu ridlo ngajugjug tanah suci.
Parantos diseratkeun: "Sing saha bae anu ngadegken shalat sareng sidekah meunangkeun buruh ti Allah Gustina. Euweuh anu dipikasieun ku maranehna jeung maranehna moal ngalaman kasusah." Nanggap kana ayat ieu, Ibnu Abbas nyarios: "Maranehna moal sieun kana naon anu nungguan maranehna dina poe hudangna umat tinu maot jeung maranehna moal manggih kasusah tina naon anu maranehna tinggalkeun di dunya ieu." Al Assam ngajentrekeun: "Euweuh kasieun keur maranehna, yen bakal ngalaman kasusah dina poe eta atawa rasa handeueul kulantaran maranehna teu meunang kabagjaan saperti nu dimeunangkeun ku batur, lantaran dina poe eta moal aya rasa pasirik-sirik."
Di lebet Surat Al Baqarah 218, urang ngaos: "Saenyana jalma-jalma anu ariman, anu hijrah jeung anu joang (jihad) dina jalan Allah, maranehna teh miharep rahmat Allah; Jeung Allah teh maha jembar panghampura turta maha asih." Ayat aya patalina sareng Abd Allah bin Djahsh anu naros ka Muhammad, "Nabi Allah, upami misalkeun teu aya hukuman kangge naon nu dipidamel ku urang, naha tiasa urang ngarepkeun buruh sareng balesan tina amal hade urang?" Ayat ieu dilungsurkeun kumargi Abd Allah tos ngalakonan hijrah sareng joang di jalan Allah.
Di lebet surat Al A'Raf 204 kaserat: "Jeung upama Qur'an keur dibaca, nya kudu didengekeun sing regep jeung kudu enya-enya ngabandunganana, supaya maraneh dipaparin rahmat." Ahli tapsir nyarioskeun yen sateuacan ayat ieu, Allah negeskeun yen Al Qur'an mangrupikeun anugerah kangge dunya.
Diseratkeun dilebet Hadits yen Abu Dhar Al Ghifari nyarios ka Muhammad: "Nabi Allah, sim abdi sieun nalungtik Al Qur'an sareng teu ngalakonanana," Muhammad ngawaler, "Tong sieun Abu Dhar. Allah moal nguciwakeun poe dimana aya Al Qur'an."
Perkawis Anas Ibnu Malik dicarioskeun: "Nabi nyarios ka sim kuring,'Sing saha bae anu ngareungeukeun Al Qur'an moal ngalaman kasusah dunya, jeung saha bae nu macana bakal dipiara tina kasusah di mangsa hareup."
Numutkeun seratan Ibnu Mas'ud, Nabi nyarios: "Sing saha bae anu maca Al Qur'an, ngapalkeun, sareng miara ayat-ayat eta bakal diaping Allah ka sawarga (taman) bari diidinan nyuhunkeun panghampura kangge 10 urang kulawargana anu geus ditangtukeun asup ka naraka."
Abu Huraira nyarios yen Abu Dhar Al Ghifari naros ka Muhammad, "Nabi Allah, kumaha dugi hiji Muslim disalametkeun?" Muhammad ngawaler: "Manehna disalametkeun ku nyebutkeun, "Abdi nyaksenan yen teu aya Gusti salian ti Allah sareng abdi nyaksenan yen Muhammad teh Rasul Allah."
Di lebet Al Imran 129 kaserat: "Jeung nya kagungan Allah saniskara nu aya di langit jeung saniskara nu aya di bumi, Allah ngahampura ka sing saha anu dikersakeun ku Anjeunna jeung nyiksa ka sing saha anu dikersakeun ku Anjeunna. Jeung Allah teh maha jembar pangampura, maha asih." Fakhr Al Razi ngajelaskeun ayat ieu sapertos kieu: "Babaturan kami sabalad-balad gaduh kayakinan yen dina ngadegkeun ayat ieu, Allah aya di luhur sagalagalana. Anjeunna gaduh hak nyandak manusa ka sawarga ku jalaran pangadilan IlahiNa ka sadaya jalmi anu teu ariman sareng anu ngabarontak, oge ngagaduhan hak dina kaputusan IlahiNa, ngintunkeun jalma nu ngalakonan kajahatan ka naraka. Moal aya nu iasa ngalepatkeun Anjeunna dilebet nyandak kaputusan ieu."
Al Razi teu museurkeun perhatosan kana pamendak ieu, mung nyarios: "ayat ieu jelas mintonkeun hartosna, kulantaran padamelan manusa gumantung kana kahayang, sedengkeun kahayang mangrupikeun ciptaan Allah. Upami Allah nyiptakeun pamendak sanes, manusa moal taat kana eta hal. Kateuataatan sareng kataatan manusa duanana asalna ti Allah. Kumargi sadayana mangrupikeun tindakan Allah, janten teu aya anu diwajibkeun keur hal eta. Kataatan teu kedah kenging pahala, kitu oge kateutaatan, teu sakedahna meunang hukuman, kumargi sadayana asalna ti Allah sareng sauyun sareng pangersa Ilahi, pamaksa, sareng kawasa-Na.
Hal-hal ieu benten pisan sareng Alkitab, anu nekenkeun kurban kangge hiji jalan panebusan tina dosa. Dimana kawajiban ieu parantos aya ti wiwitanana. Getih kurban sinambung sapertos bola beureum di lebet sakuliah Alkitab. Kitab Ibrani nyeratkeun: "Memang, nurutkeun Hukum Agama Yahudi, meh sagala rupa disucikeun ku getih, dosa oge bisa dihampura lamun geus aya getih anu ngocor kaluar" (Ibrani 9:22).
Kayaktian, Allah anu sampurna, teu sauyun sareng pangersaNa kujalan ngahampura manusa tina dosa didumasaran ku kayaktian sareng kaadilanaNa anu nyebatkeun: "Unggal jalma, boh bapa, boh anak, umurna kami nu boga. Saha nu boga dosana, eta anu kudu paeh." sareng "Saha nu boga dosana, eta anu kudu paeh." (Yeheskel 18: 4).
Upami Allah bade ngahampura jalma anu dosa, tangtos aya alesanana. Hiji alesan anu minuhan kaadilan sareng numutkeun Perjangjian Lawas nu ngangge sasatoan sapertos embe, sapi, sareng domba kangge panghampura. Allah nampi kurban ieu kumargi ngamisilkeun kurban Al-Masih anu parantos dikurbankeun di lebet anugerah Perjangjian Anyar, minuhan kaadilan Ilahi kangge salalamina sareng ngajantenkeun sadaya jalmi ariman sampurna. Ieu parantos kaserat dina Jabur 85:11, "Kaasih bakal patepung jeung kasatiaan, kaadilan bakal silih rangkul jeung karukunan."
Al Qur'an nyeratkeun: "Saenyana Gusti moal ngahampura dosa syirik ka Anjeunna, jeung Allah baris ngahampura dosa salian ti syirik ka sing saha anu dikersakeun ku Anjeunna; Jeung sing saha anu syirik ka Allah, saestuna manehna geus sasar, kacida jauhna sasarna." (Surat An Nisa 116).
Ahli tapsir gaduh pamendak, jalmi anu nyembah seueur gusti, dikaluarkeun tina kamirahan Gusti, kulantaran eta mangrupikeun dosa ageung. Ayat ieu dikaluarkeun kumargi aya nu nyembah malaekat sareng nganggap malaekat, wargi istri Allah. Al Razi nyarioskeun yen jalma anu teu percanten mangsa kahareup, yakin yen malaekat teh istri.
Sapertos anu dicarioskeun Al Qur'an: "Jeung sing saha anu maehan jalma Mu'min kalawan ngahaja, eta mah wawalesna teh jahanam, sarta manehna baris langgeng di dinyana, jeung Allah bendu ka manehna, jeung Anjeunna ngala'nat manehna, jeung ku Anjeunna dicawisan siksaan anu kacida bangetna." (Surat An Nisa 93).
Abu Hunayfa nyarios: "Moal aya panebusan kangge maehan anu dihaja." Ibu Abbas nyarios, "Tobatna saurang jalma anu maehan ngahaja moal ditampa ku Allah."
Al Qur'an nyeratkeun balas teges, "Saenyana jalma-jalma anu kupur sabada iman sarta kalahka beuki nyucud kakupuranana teh moal ditarima tobatna, jeung nya maranehna jalma-jalma anu salasar." (Surat Al Imran 90).
Ahli tapsir gaduh pamendak, kamurtadan nyeueurkeun kateupercayaan (kakupuran). Ceuk kecap sejenna, jalmi anu murtad sareng terus ngalakonan dosana, nambihan kateusatiaan kana kapasekannana. Al Kaffal sareng Ibnu Al Anbari: "Sing saha bae anu ninggalkeun iman saatos taubat, taubatna moal ditarima, saperti tacan pernah kajantenan."
Panebusan mangrupikeun kecap anu hartosna nutupan atanapi nyumputkeun. Di lebet iman Kristen, kecap ieu aya patalina sareng padamelan Al-Masih ku jalaran kataatanaNa anu sampurna nyayogikeun kasalametan umat manusa tina kutuk hukum Toret sareng ngadameykeun manusa sareng Allah ku jalaran getihNa di kai palang.
Kumargi kitu, Rasul Petrus nyarios: "Al-Masih oge nepi ka pupus teh lantaran dosa manusa kabeh. Anjeunna nu tanpa dosa nalangan nu daroraka, malar iasa ngadeuheuskeun manusa ka Allah. Anjeunna mungguhing badaniah ditelasan, tapi dihirupkeun deui dina kaayaan roh. Anjeunna nu tanpa dosa teh, cukup ku ngan sakali bae pikeun salalawasna, nalangan pati nu daroraka." (1 Petrus 3:18).
Hayu urang nalungtik balas taliti panebusan Al-Masih tina seueur sisi; kahiji, perkawis hubungana-Na sareng Allah tina hal kaasih, kaasih, sareng kasuciannaNa; teras hubunganana sareng manusa, nyaeta padamelanana di lebet manusa, sareng kangge manusa. Leres yen panebusan numutkeun iman Kristen mangrupikeun dileungitkeunana dosa manusa sareng hiji kayaktian anu jentre perkawis dikurbankeunana Al-Masih di lebet nyalametkeun jalmi dosa tina supata hukum Toret sareng ngalengitkeun hukuman. Leres padamelan Al-Masih mangrupikeun hiji kaputusan ti Allah sareng panyumponan kaadilan Allah, oge mangrupikeun padamelan padameyan ti Mantenna. Kurban Al-Masih tiasa nyingkahkeun bendu Gusti sareng mintonkeun pangersa Gusti kangge nampi jalmi dosa dina jalan kadameyan.
Oge leres, yen panebusan hartosna nutupan (ngalimpudan) jalmi dosa ku geutih Al-Masih, hukuman sanes deui mangrupikeun tuntutan kangge anjeunna, kulantaran hukumanana parantos diangkat sareng diteundeun di lebet Al-Masih, anu parantos janten kurban. Hal ieu parantos dicarioskeun Rasul Yohanes kieu: "Sipat asih-Na teh buktina lain urang anu nyaah ka Mantenna, tapi Mantenna anu asih ka urang, nepi ka ngutus Putra-Na, saba ngan ku jalan kitu Mantenna iasa ngahapunten dosa urang." (1 Yohanes 4:10).
Oge ditegeskeun yen panebusan mangrupikeun panto kangge ngadameykeun manusa sareng Allah balas teu ngalanggar kamurnian hukum Allah. Ieu anu dimaksad Rasul Paulus: "Tah anu diwartakeun ku sim kuring teh nya eta, Allah ku jalan Al-Masih ngayakeun damel supaya sakumna manusa dalit jeung Mantenna, dosa jeung kasalahanana ku Allah geus henteu diemut-emut deui, sarta sim kuring ku Mantenna dipiwarang ngawartakeun hal eta." (II Korinta 5:19).
Sanajan manusa tos ngadamel langkung sesah (pilsapat) perkawis sipat Allah sareng hubungana-Na sareng ciptaanaNa anu dosa, aranjeunna teu acan mendak waleran anu sae. Alkitab ngajentrekeun naon anu teu tiasa dibongkar ku Pilsapat. Allah teh adil. Kaadilan merlukeun hukuman kangge jalma dosa. Kumargi kitu teu aya kadameyan upami teu aya panebusan.
Ayeuna aya kurban anu nutupan dosa diawitan ti taman Pirdaus, sawaktos Adam sareng Hawa dipangdamelkeun acuk tina kulit sato, anu tangtosna meryogikeun kurban sato. Urang uninga tina Kitab Suci yen kurban Habel anu ditampi ku Gusti mangrupikeun gambaran Allah di mangsa ka hareup, anu masih keneh diebrehkeun dilebet pernyataan jeung ilham (Kajadian 4:4). Kitu oge, hiji embe jalu anu disayaogikeun Allah kangge Abraham kangge nebus Ishak putrana, mangrupikeun bayangan atanapi lambang panebusan ku jalaran kurban Al-Masih anu parantos dirarancang Allah ti awitanana (Kajadian 22:1-14). Domba Paskah anu diparentahkeun Allah supados disanggakeun kangge Gusti di Mesir (Budalan 12:1-42) mangrupikeun bayangan anu nyata ti Anak Domba Paskah di lebet Perjanjian Anyar sapertos anu kaserat dina I Korinta 5:7-8, "Piceun ragi dosa anu bulukan teh, supaya aranjeun mulus beresih lir adonan anyar anu bebas ragi. Sabab pesta Paska urang geus mimiti; Al-Masih anu diibaratkeun domba Paska geus dikurbankeun. Hayu Paska teh urang pestakeun ku roti anu bebas ragi, anu ngalambangkeun kamulusan hirup anu kamanah ku Allah, ulah dipestakeun ku roti anu make ragi bulukan, ragi dosa jeung kadorakaan."
Perjangjian Anyar ngagunakeun kecap "Kurban Panebusan" kangge panyalametan anu tos disampurnakeun ku Al-Masih anu pupus di kai palang, minuhan tungtutan Hukum Allah, ngagentoskeun umat manusa anu pinuh dosa. Di lebet katalangsaraan Al-Masih anu janten kurban panebus, aya panyumponan anu sampurna kangge hukuman anu sakedahna ditampi ku manusa. Hal nu mana tos nyumponan kaadilan Ilahi sarta ngabenerkeun jalma dosa anu percanten sarta tobat.
Alkitab ngagunakeun kecap "anugerah" kangge ngajentrekeun panebusan Al-Masih, kumargi Rama di sawarga henteu ngarepkeun kurban ti jalmi nu dosa. Anjeunna oge teu maksakeun putraNa nyandak rupi manusa supados tiasa janten penebus. Allah nu beunghar ku rahmat sareng kaasih anu ageung, namatkeun hukum Toret sareng nampi kurban panggentos anu dilakonan kalayan ridlo ku Dawuhan Gusti anu janten manusa kangge ngagentosan jalma nu dosa.
Al-Masih nyalira ngiatkeun kayaktian ieu di lebet Yohanes 10:15, "nya kitu deui domba-domba Kami oge wawuheun ka Kami, Kami moal sungkan ngabelaan nepi ka ajal." Upami urang bandingkeun sareng Yohanes 15:13, "Kanyaah nu panggedena ti hiji jalma ka sobat-sobatna, nya eta lamun nepi ka iklas ngorbankeun jiwa pikeun ngabelaanana." Urang tiasa ngartos maksad Allah tos ngosongkeun diriNa, nyandak rupi manusa, sarta ngalaman katalangsaraan, nanggung dosa urang di kai palang.
Rasul Paulus ngajelaskeun pentingna kurban panggentos ieu di lebet seratna ka jamaah di Rum, "Anu teu bisa dilakonan ku Hukum Agama lantaran manusa mah sipat lemah, dilaksanakeun ku Allah. Mantenna geus ngelehkeun dosa anu aya dina tabeat manusa, ku jalan ngutus putraNa ku manten, anu sumpingna nganggo kaayaan anu sarua jeung kaayaan manusa anu dosa pikeun ngaleungitkeun dosa. Allah ngajalankeun kitu teh supaya pangersaNa anu dinyatakeun dina Hukum Agama tea bisa dilakonan ku urang, anu hirup nurutkeun pituduh Roh Allah, lain nurutkeun tabeat sorangan." (Rum 8:3-4).
Maksadna nyaeta, maot anu langgeng anu mangrupikeun buruh tina dosa urang anu tos ditanggung ku Al-Masih, anu minuhan nubuatan tina Yesaya 53:5, "Pang anjeunna taratu teh, ku karana dosa urang. Anjeunna pada ngarangketan ku karana kajahatan urang. Anjeunna nandangan hukuman, sangkan urang disalametkeun, anjeunna raraheut sangkan urang dicageurkeun." Gusti ngagaduhan panebusan anu ngajamin panghampura sareng berkah kasalametan anu didamel teras-terasan kangge jalmi-jalmi percanten kagungan Gusti dilantarankeun ku dua hal:
Anu kahiji,Allah ngajangjikeun kasalametan kangge jalmi percanten tina sisi kataatan sareng katalangsaraan Al-Masih. Hal ieu tiasa diaos dina Rum 5: 18-19, "Jadi sakumaha halna dosa jelema anu saurang galantarankeun sakabeh jelema dihukum, nya kitu keneh ku lampah hiji manusa anu tumut kana pangersa Allah ngalantarankeun sakabeh jelema dileupaskeun tina hukum sarta mareunang hirup. Jeung sakumaha halna kabeh jelema keuna ku dosa ku lantaran henteu ta'atna jelema anu saurang, nya kitu keneh maranehanana bakal diangken bener deui kulantaran ta'atna manusa anu saurang deui."
Kadua,kasalametan parantos nyumponan sarat kaadilan Allah didumasaran jangji langgeng antawis Rama sareng Anak. Kangge miceun rasa hamham anu tiasa wae aya, Gusti nyalira ngadawuh, "Eta sababna waktu Al-Masih rek lebet ka ieu dunya unjukan ka Allah: Ama henteu mikahoyong kurban-kurban sareng pangbakti-pangbakti. Anu dipundut nya diri Putra pribadi. Ama henteu seneng dihaturanan kurban sato anu dibeuleum dina altar atanapi kurban-kurban panebus dosa. Ieu piunjuk Putra, sumangga abdi sumeja ngestokeun timbalan, nun Allah, sakumaha anu diserat perkawis Abdi dina Kitab Suci." (Ibrani 10:5-7).
Al-Masih mijalma janten manusa, ngagentoskeun jalma dosa, nandangan hukuman, nyumponan jangji anu tos dirumpak. Rasul Paulus negeskeun poko ieu ku seratanana, "Tapi Allah mah geus nembongkeun asihNa ka urang. Al-Masih pupus ngaganti urang sajeroning urang keur hirup keneh dina dosa. Ku pupusna Al-Masih, urang bisa diangken bener deui ku Allah, malah-malah ku Anjeunna bakal diluputkeun tina bebendu Allah." (Rum 5:8-9).
Kasalametan sanes kabutuhan seueuran, tapi mangrupikeun kabutuhan pribadi. Sadaya manusa parantos dihukum sareng hirup dilebet hukuman. Hiji waktos Al-Masih naros: "Naon untungna jelema meunangkeun saalam dunya, tapi kaleungitan nyawana? Naha bisa hirupna diganti ku harta di dunya ieu?" (Mateus 16:26). Manusa teu gaduh nanaon kangge nebus nyawana sorangan, komo deui nyawa batur. Allah ngadawuh ka Raja Daud, "Jalma moal aya nu mampuh nebus nyawana, moal mampuh mayar panebus hirupna ka Allah" (Jabur 49:8). Dina waktu tobat, karep jasad manusa ngaebrehkeun yen tobat mah moal bisa ngaleungitkeun dosa dimangsa katukang.
Aya cara lianna kangge meunangkeun pangampura nyaeta kucara panebusan. Upami teu kitu, kumaha urang tiasa ngajelaskeun kurban anu dilakonan dimangsa katukang nepikeun ka ayeuna ku ampir sadaya agama didunya ieu? Urang sadayana uninga, batin manusa meryogikeun ayana panebusan. Kanyataan lianna, manah urang nu pangjerona nungtun urang kangge merhatoskeun kasucian, sanajan hal eta benten pisan sareng kalakuan urang. Sadaya jalmi sadar yen manahna tiasa kaganggu upami nyanghareupan dosa-dosana dimangsa katukang. Ngaleupaskeun dosa mung tiasa dilakonan ku jalan dibenerkeun ku jalaran panebusan.
Allah teh suci sedengkeun manusa tos midamel dosa. Dosa teu tiasa dihijikeun sareng kasucian Allah. Kusabab kitu manusa aya dina panghukuman. Manusa moal dihampura sateuacan panghukuman teh dileupaskeun. Sanajan bisa bae dihampura numutkeun tobat, tapi tetep wae diperlukeun ayana penghapusan dosa. Upami Allah masihan panghampura tapi teu aya panebusan, jalmi dosa moal ngahargaan kana hukum sareng kana kasucianaNa. Kumargi kitu panebusan diayakeun kangge ngahapus dosa oge kangge nganyatakeun kasampurnaan sipat Allah anu mutlak.
Manusa ngagaduhan sipat moral. Soanten manah ngajarkeun manusa kana kaadilan sareng kasucian anu mulya. Upami anjeunna nyadar kana dosana tapi teu terang kana ayana panebusan, soanten manahna bakal kaganggu. Pangampura anu disarengan ku panebusan bakal nentremkeun batin sarta nyumponan moralna.
Hukum Toret ngedahkeun jalmi nu dosa dihukum. Hukum anu dimumule pasti ngedahkeun ganjaran. Kitu oge panghampura anu teu aya panebusan, aya hartosna yen hukum toret teh gagal. Hal ieu papalingpang pisan sareng cariosan Al-Masih dina Mateus 5:18, "Inget, sapanjang aya keneh langit jeung bumi, moal aya babagian tina eta hukum anu dieuweuhkeun, najan anu pangleutikna atawa ngan satitik, nepi ka sakabeh tujuanana laksana." Kedah diemut, pangampura anu teu nganggo panebusan, sami sareng anggapan yen dosa teu kedah dihukum. Hal ieu sami sareng ngahina kaadilan sareng kasucian Allah.
Upami panebusan teu diperyogikeun, Allah moal nyeratkeun hal ieu di lebet Dawuhanana anu suci. Al-Masih nyarios dina Yohanes 3:14,15: "Sakumaha oorayan tambaga ku Musa ditanjeurkeun dina tihang di gurun keusik, nya kitu Putra Manusa oge kudu diangkat ka luhur, supaya saha bae anu percaya ka Anjeunna bisa meunangkeun hirup langgeng."
Allah nu janten panangtos moral, didamel sauyun sareng hukum-hukum anu ditangtoskeunana. Kateutaatan sareng kateutartiban moal jumeneng dina dunya anu didumasaran ku moral Allah. Allah moal ngantep sing saha bae nu ngalakonan palanggaran. Allah nyuhunkeun tanggel waler tinu ngalanggar sareng ngaragragkeun hukuman ka maranehanana. Allah oge mikangewa dosa sareng kacida benduna kana kajahatan. Kangge mihormat kana katangtosanana, Allah mukakeun panto kangge ngadameykeun jalma nu dosa.
Hal ieu mintonkeun yen soanten manah manusa meryogikeun panebusan, kumargi moal ngaraos tentrem mung ku taubat wungkul. Manusa meryogikeun panebusan ku jalaran getih anu ngucur tina kurban kangge jalmi anu dosa. Alasan ieu ngabuktoskeun peryogina panebusan.
Amal hade mangrupikeun kawajiban anu kedah dilakonan. Amal hade teu tiasa digunakeun janten panghampura dosa dina mangsa katukang. Al-Masih nyarioskeun kayaktian ieu dina Lukas 17:10, "Maraneh oge, ari ngalakonan parentah teh kudu ngarumasakeun kieu, kuring mah badega biasa, digawe teh ngalakonan kawajiban." Oge kaserat dina Epesus 2:8-9, "Aranjeun oge pang salamet teh ku karana Sih Kurnia Allah lantaran percaya ka Al-Masih, nugraha ti Allah, lain beunang ihtiar sorangan. Moal aya jelema anu salamet ku ihtiarna sorangan, jadi ulah nyombong ku hal eta."
Kulantaran harta jeung kacageuran anu ku urang dinikmatan ieu asalna ti Allah anu mercantenkeun ka urang, upami urang masihan seueur amal kangge sagala rupi, urang saleresna teu acan ngalakonan hal anu saimbang kangge meunangkeun pahala. Daud nyarioskeun hal ieu dilebet I Babad 29:14, "Parandene kitu, abdi sareng rahayat rumaos teu tiasa ngahaturkeun naon-naon ka Gusti, mung tiasa masrahkeun deui anu ku Gusti parantos dipasihkeun, kawantos sagala rupi oge asalna ti Gusti." Daud nyarios kitu teh saparantos ngahaturkeun artos anu ageung pisan kanggo ngadamel Bait Suci.
Amal hade moal sanggem ngahapus hina sareng kanistaan urang. Kasucian sareng kayaktianana teu aya watesna. Kumargi kitu amal teu tiasa nyumponan panghampura dosa. Kangge sumping kapayuneun Gusti, urang kedah suci. Upami teu aya kasucian moal saurang-urang acan tiasa ningal Gusti. Amal hade moal ngajantenkeun urang suci. Kasucian dipasihkeun kangge jalmi-jalmi anu ariman anu dibabarkeun Roh Suci. Al-Masih ngadawuh dina Yohanes 3:5-6, "Kaula ngomongkeun nu saenyana, yen jelema anu dijurukeunana lain tina cai jeung Roh Allah, moal bisa asup ka karajaan Allah, kitu saenyana. Manusa teh sacara jasmani lahir ti kolotna anu sipat jalma, tapi sacara rohani mah dijurungkeunana ti Roh Allah."
Parantos janten kacapangan, yen paneda mangrupikeun hubungan anu caket sareng Gusti dina hal nyarios sareng Mantenna sareng sumping ka payuneunnaNa. Jalmi nu dosa tos papisah sareng Allah sareng panedana teu nyumponan sarat. Allah ngadawuh ka Nabi Yesaya, "Pangeran teu ngajait ka maraneh teh lain kusabab teu kawasa. Lain ku sabab teu iasaeun ngadangu kana panyambat maraneh. Saenyana mah ku sabab henteu kersaeun, sabab maraneh dosa ka MantenNa. Unggal maraneh aya niat ngabakti ka Allah ngan teu bisa bae, sabab kahalangan ku eta dosa." (Yesaya 59:1-2). Daud nyarios dina Jabur 66:18, "Lamun seug kaula teu eling tina dosa, Pangeran moal kersaeun ngadangu."
Puasa sami sareng paneda, mangrupikeun bagean tina panyembahan manusa anu rumaos sanes nanaon dipayuneun Gusti, sareng manah nu ancur di payuneun Gusti, namung sapertos halna paneda, puasa moal tiasa nutupan dosa anu ngarumpak kasucian Allah. Kumargi kitu, teu tiasa dihartoskeun sareng panghampura. Allah ngadawuh ka Nabi Jakaria: "Bejakeun ka jelema-jelema pangeusi ieu nagri jeung ka para imam yen puasa jeung tanda sedihna anu dilalampahkeun saban bulan kalima jeung katujuh salila tujuh puluh taun ieu, lain dumeh hormat ka Kami. Jeung ari dalahar jeung ngarinum ngan pikeun kasugemaan sorangan." (Jakaria 7:5-6).
Kasalametan manusa didumasaran kana panebusan. Hal ieu sanes hiji teori pilsapat tapi kanyataan anu diperyogikeun kangge ngangkat manusa anu ragrag ku karana dosa.
Urang sadaya mupakat, Adam ragrag kana dosa sareng mawa sadaya umat manusa ka lebet dosa kumargi anjeunna mangrupikeun wakil tina sakumna umat manusa di lebet nyanghareupan ujian Ilahi. Allah di lebet kaasihna parantos ngararancangkeun dihapuskeunana dosa ti lebet manusa anu diciptakeun numutkeun gambaran Mantenna, ku jalaran nyayogikeun saurang panggentos anu iasa nganyatakeun kawasa sareng kaasih Allah, supados umat manusa tiasa disalametkeun. Sapertos kaasih Allah anu dijentrekeun ku Allah kuManten. Allah ku kaasihna anu sakitu meber ka umat manusa, ngersakeun Al-Masih sumping di lebet rupi daging sareng geutih, ngahiji sareng manusa sareng janten panggentos anu sampurna kangge manusa, sareng dinamian ku rasul Paulus Adam kadua. Adam wiwitan ngawakilan manusa ragrag kana dosa, sedengkeun Adam wekasan ngagentoskeun umat manusa janten kurban panebusan sareng kasalametan.
Panggentos kedah mayar lunas, kangge ngangkat dosa tina dunya ieu. Al-Masih parantos mayar ku jalaran pupus di kai palang, dimana Mantenna nanggung sagala dosa urang dina awak badaniahna. Hal anu ngayakinkeun kana diperyogikeunana panebusan ku jalaran kai palang dimana geutih kurban di lebet Perjangjian Lawas, anu ngalambangkeun geutih Al-Masih.
Hiji hal anu istimewa tina kurban Al-Masih, sanaos ti ngangkat dosa manusa, oge nyageurkeun manusa tina kasakit moral. Saurang jalmi anu parantos nampi Al-Masih anu tos dipalang, hirupna janten enggal deui. Salib nyaangan akal budina, anjeunna janten ngewa kana dosa saren uninga kana padamelan awon tina dosa sareng hukuman anu ngantosan saha bae anu ngalakonanana.
Patali sareng hal ieu, Rasul Yohanes nyarios, "Lamun hirup urang geus dinu caang sakumaha Mantenna anu jadi Cahaya Caang, eta ciri diri urang geus beresih tina dosa ku karana geutih Al-Masih PutraNa, sarta bakal bisa hirup sabeungkeut jaung pada batur." (I Yohanes 1:7)
Upami anjeun parantos rajin ngalenyepan waktos maca buku ieu, anjeun pasti tiasa ngawaler pataosa patarosan ieu sacaraq gampang, sumangga kirim patarosan patarosan anjeun supados kenging jawaban deui-Form.
Sebatkeun sabaraha siki istilah kangge dosa di lebet Al Qur'an!
Naha leres Adam sareng Hawa dianggap jalmi dosa di lebet Al Qur'an?
Sebatkeun ayat-ayat di lebet Al Qur'an anu aya patalina sareng dosa Adam sareng Hawa!
Cobi jentrekeun ayat Al Qur'an ieu; "jeung doraka weh Adam ka Pangeranna sarta manehna nyamos," numutkeun saderek!
Sebatkeun naon dosa teh numutkeun iman kaKristenan!
Kumaha carana dugi dosa tiasa lebet ka dunya ieu?
Dosa teh mangrupikeun warisan. Naha leres? Jelaskeun!
Naon pangaruh dosa di lebet kahirupan manusa?
Naon buruhna dosa teh?
Sebatkeun seueurna ayat Al Qur'an anu aya hubunganana sareng panebusan!
Jelaskeun hartos panebusan numutkeun Islam!
Jelaskeun kumaha jantenna panebusan di lebet Islam!
Jelaskeun perbentenan panebusan sareng panghampura di lebet Islam!
Sebatkeun cara-cara kengingkeun panebusan numutkeun Islam! Sabaraha cara seueurna?
Jelaskeun hartosna panebusan numutkeun kaKristenan?
Jelaskeun kumaha carana panebusan dilaksanakeun di lebet Perjangjian Lawas!
Naha panebusan teh diperyogikeun? Jelaskeun!
Kunaon manusa meryogikeun kasalametan?
Buktoskeun kabutuhan manusa kana kasalametan tina hal: akal, hukum, sareng moral!
Ringkeskeun eusi kitab, ngangge hiji ayat ti lebet Alkitab!
Upami anjeun moal nga email ka kami, kirim serat tanggapan nganggo pos ka:
The Good Way
P.O. BOX 66
CH-8486 Rikon
Switzerland
www.the-good-way.com/su/contact/