GUSTI TEH ESA DINA LEBET TRITUNGGAL NU SUCI

GUSTI TEH ESA DINA LEBET TRITUNGGAL NU SUCI

Zachariah Butrus


BUBUKA

Hal-hal anu hese, upami bade didugikeun ka murangkalih biasana ngangge metode atanapi cara anu sederhana sareng gampil kahartos. Sajalan sareng beuki gedena murangkalih ieu sareng pangartina langkung sampurna, murangkalih moal ngarasa cukup ku katerangan anu biasa sareng gampil kaharti. Anjeunna bakal milari jawaban anu sajentre-jentrena tina masalah-masalah anu disanghareupan, kumargi akalna parantos siap sareng tiasa nampi hal-hal anu langkung sesah. Kitu deui perkawisna sareng umat manusa.

Sawaktos umat manusa lakuna masih saperti barudak keneh, Gusti masihan gambaran anu ringkes sareng sederhana perkawis diriNa Kumanten dina bates-bates anu tiasa keneh kahartos ku umat manusa. Ku sabab kitu rasul Paulus nyarios: "Saenyana dulur-dulur, sim kuring can bisa nerangkeun ka aranjeun cara ka jelema anu geus boga Allah. Jadi kudu nerangkeun kawas ka nu sejen, anu kabeulit keneh ku hawa dunya, lantaran kapercayaan aranjeun ka Al-Masih teh lir orok keneh. Bareto sim kuring kakara bisa nginuman aranjeun ku susu, can bisa mere kadaharan anu teuas-teuas lantaran aranjeun can bisa meuweung" (I Korinta 3:1-2).

Upami waktosna tos nyumponan sareng jalmi percanten parantos ngakar, Gusti bade nganyatakeun yen Mantenna mangrupikeun hiji di lebet kaTritunggalana-Na anu teu aya babandinganana.

Mantenna ngebrehkeun hiji rusiah ka urang, rusiah suci ieu anu disumputkeun tina pamendak umat manusa anu tebih keneh tina pangertosan anu jero sareng Gusti. Sawaktos Gusti ngaanugerahkeun Roh Suci kangge urang, Mantenna nganyatakeun kahirupan diriNa Kumanten sareng kailahiana-Na ka urang sapertos anu dicarioskeun ku rasul Paulus, "Tapi ka urang mah hal eta teh geus dinyatakeun ku Allah, ku Roh-Na. Sabab sagala rupa, nepi ka maksad-maksad Allah anu pangbunina oge ku eta Roh bisa kabuka" (I Korinta 2:10).

Pangartos ieu tetep janten hiji rusiah anu teu tiasa kahartos ku jalmi nu teu acan percanten. Aranjeunna nampik kumargi pangemutna teu acan dugi kana kayaktian-kayaktian iman sareng rusiah Allah anu teu acan kabukakeun.

Disarengan ku anugerah Gusti, abdi nyerat buku ieu supados langkung gampil nyaksenan naon anu salami ieu dianggap sesah kahartosna. Buku ieu diserat supados sadaya jalmi anu ngaos buku ieu tiasa percanten kana rusiah Ilahi sareng ngartos yen kapercantenan ieu teu papalimpang sareng akal sehat urang, malahan mah masihan waleran.

Abdi ngahaturkeun buku ieu ka payuneun saderek pamaos kangge hiji panyaksen tina kapercantenan sim abdi. Abdi mayunkeun manah ka Gusti supados buku ieu tiasa janten berkah seueur jalmi, sim abdi neneda supados buku ieu tiasa mukakeun panto kayakinan anu pinasti. Dugi ka umat manusa tiasa ngaraos nikmatna kaasih sareng berekah ti Allah Rama dilebet Al-Masih sareng panangtayungan Roh nu anu Suci. Mung kangge Mantenna sagala kamulyaan anu langgeng, Amin.

Archpriest Zachariah Buturs Misr-Al-Djadida

KAMAHAESAAN GUSTI DI LEBET KATRITUNGGALAN ANU SUCI

MANUNGGAL-NA GUSTI DI LEBET KAKRISTENAN

Umat Kristen percanten ka hiji Gusti. Mantenna teu aya watesna, minuhan sawarga sareng saalam dunya. Mantenna anu nyiptakeun sagala nu aya, Langgeng sareng teu aya watesna. Karajaana-Na moal aya seepna.

Pangangkenan iman ieu parantos jentre di lebet Injil anu suci. Dasar pangangkenan Kristen kasebat kieu:

  1. Al-Masih Kumanten ngawulangkeun kapercantenan ieu sawaktos urang Yahudi sumping ka Mantenna naroskeun perkawis hukum anu pangageungna. Waler Al-Masih, "Ieu anu pangutamana: 'Darengekeun, eh Israil! Pangeran Allah urang teh Pangeran anu tunggal. Masing nyaah ka Pangeran Allah maraneh, terus jeung hate, terus jeung nyawa, terus jeung budi akal, sarta sing sakuat-kuat'" (Markus 12:29-30)

  2. Ieu mangrupikeun hukum anu kahiji, kayaktian anu saluyu sareng Pamindo 6:4-9. Saumpamina parentah ieu diserat dina basa Al QUR'AN, sami sareng: "Allah, Allah urang mangrupikeun hiji-hijina Allah, Allah anu langgeng."

  3. Rasul Paulus negeskeun kieu: "Naha Allah teh ngan pikeun urang Yahudi bae? Lain Allah teh Allahna bangsa-bangsa sejen oge? Puguh bae! Sabab Allah teh ngan hiji. Urang Yahudi ku Mantenna diangken bener deui teh ku karana kapercayaanana. Sarua kitu keneh bangsa-bangsa sejen oge." (Rum 3:29-30).

  4. Kitu oge Rasul Yakobus negeskeun kayaktian anu sami lajeng ngucapkeun: "Anjeun percaya yen Allah maha esa? Alus!" (Yakobus 2:19).

  5. Pangangkenan iman umat Kristen nyandak tina ayat ieu sareng ayat sanesna di lebet kitab suci. Gareja parantos ngangken iman ieu ti karuhun ka karuhun ku ngucapkeun: "Saleresna sim abdi percanten ka hiji Allah, anu nyiptakeun langit sareng bumi (dunya) sae anu katingal kitu oge nu teu katingal." Janten para wargi anu dipikaasih, sing emut yen umat Kristen percanten ka hiji Allah sanes ka tilu dewa. Sim abdi bade ngajentrekeun naon hartos Allah Rama, Putra sareng Roh Suci di lebet bahasan kaTritunggalan anu suci dina kaKristenan.

KATRITUNGGALAN ANU SUCI DI LEBET KAKRISTENAN PERYOGINA KATRITUNGGALAN DI LEBET KAMANUNGGALAN

Paham kaTritunggalan anu suci teu aya pisan hubunganana sareng panyangka ayana tilu Allah sapertos naon anu dibayangkeun sacara lepat ku sawareh jalmi. Hartos tina paham kaTritunggalan nyaeta Allah teh mung aya hiji:

Aya di lebet dirina kuManten, Mantenna nganyatakeun diri salaku Allah Rama.
Ngadawuh di lebet kecap-kecapana-Na. Mantenna nganyatakeun diriNa kumanten Allah Putra, nyaeta Dawuhan Gusti tea.
Jumeneng di lebet Roh-Na, Mantenna nganyatakeun diri Kumanten dilebet Roh-Na anu Suci.

Urang teu kenging nyandak hartos yen nami-nami ieu aya hubunganana sareng hubungan jasmani, tapi urang kedah terang yen nami-nami ieu ngagaduhan hartos anu rohaniah.

Nami-nami anu kasebat nembe sanes ciciptaan manusa, namung mangrupikeun ilham ti Roh Suci anu kaserat di lebet Kitab Suci, sapertos anu tiasa diaos ku saderek di lebet ayat-ayat di handap ieu:

  1. Al-Masih ngadawuh ka murid-muridNa: "Ku sabab eta datangan jalma-jalma saalam dunya jaradikeun murid Kami, baptis kalawan pajenengan Rama, Putra, jeung Roh suci" (Mateus 28:19), janten kapercantenan ka hiji Gusti parantos jentre pisan di lebet dawuhana-Na, "baptis kalawan pajenengan Rama, Putra, sareng Roh." Mantenna teu ngadawuh ka aranjeunna di lebet nami-nami Rama, Putra, jeung Roh Suci. Namung kaTritunggalan diebrehkeun langkung jelas di lebet dawuhanaNa, "Rama, Putra, sareng Roh Suci."

  2. Rasul Yohanes eces pisan negeskeun kayaktian ieu: "Jadi anu nyaksian hal eta teh aya tilu nya eta: Roh Allah, cai, jeung getih. Panyaksian ieu anu tilu sarua, ngabenerkeun yen kitu" (I Yohanes 5:7-8).

Upami saderek ngabandingkeun kadua ayat ieu, saderek tiasa mendak nami-nami Tritunggal Suci: Rama, Putra, sareng Roh Suci. KaTritunggalan ieu aya di lebet kaesaan Allah anu ku urang percanten.

PERYOGINA KATRITUNGGALAN DI LEBET KAMANUNGGALAN

Pondokna, ayat-ayat sareng bahasan di luhur parantos jelas nganyatakeun peryogina kaTritunggalan di lebet kamanunggalan.

Hiji Gusti, anu nyiptakeun sagala anu hirup ngagaduhan hiji kapribadian anu hiji.

Hiji Gusti, anu nyiptakeun umat manusa anu tiasa nyarios ka papada baturna. Kedah kudiri-Na kumanten ngabuktoskeun dawuhana-Na.

Hiji Gusti, anu nyiptakeun kahirupan di unggal mahluk hirup, Mantenna nyalira anu hirup di lebet Roh. 
Kumargi kitu parantos pasti yen hiji Tritunggal Suci kedah aya di lebet hiji-hijina Gusti sapertos anu nembe ditalungtik ku urang sasarengan. 
Kapercantenan urang anu saestuna nyaeta: Allah teh hiji di lebet Tritunggal, sanes tilu dewa anu benten-benten.

KASAKSENAN AL QUR'AN PERKAWIS KAMANUNGGALAN DI LEBET KATRITUNGGALAN SUCI

KASAKSENAN AL QUR'AN PERKAWIS KAPERCANTENAN KRISTEN MUNG KA HIJI ALLAH

Al QUR'AN nyaksenan yen umat Kristen percanten mung ka hiji Allah sareng sanes kapir. Di handap ieu aya sababaraha conto anu patali sareng kasaksenan ieu.

  1. Surat ka 29 Al Ankabut 46 - "Jeung poma maraneh ulah sawala jeung ahlul kitab, anging ku cara anu leuwih hade, kajaba jeung jalma-jalma anu darolim ti antara maranehna, sarta pok caritakeun: Kaula sarerea geus ariman kana saniskara anu diturunkeun ka kaula sarerea jeung anu diturunkeun ka arandika. Jeung ari Pangeran kaula jeung Pangeran arandika teh Tunggal, sarta nya ka Anjeunna kaula sarerea sumerah diri." Kukituna Al QUR'AN ngangken yen ahlul kitab (nyaeta umat Nasrani) nyembah ka hiji Gusti.

  2. Surat ka 3 Ali Imran 113-114 - "Maranehna heunteu sarua. Ti antara ahli kitab aya golongan anu jujur bari jeung sok maca ayat-ayat Allah tengah peuting, sarta maranehna sok sarujud. Maranehna ariman ka Allah jeung kana poe akhir; jeung sok nitah kana kahadean sarta sok ngalarang kana kagorengan, jeung maranehna paheula-heula ngalampahkeun kahadean jeung maranehna teh ti antara jalma-jalma anu saroleh." Ayat ieu sacara jentre negeskeun yen umat Kristen "Ahlul Kitab" percanten mung ka hiji Allah; Aranjeunna maca ayat-ayat Gusti anu aya dina panangan aranjeunna sawaktos jaman Muhammad sareng aranjeunna nyembah ka hiji Allah di lebet ibadah sareng paneda-panedana.

  3. Surat ka 5 Al Ma"idah 82 - "Saestuna maneh bakal manggih anu leuwih keras mumusuhanana ka jalma-jalma anu ariman teh nya urang Yahudi jeung jalma-jalma Musrik. Jeung maneh baris manggih jalma-jalma anu leuwih deukeut kacintana ka jalma-jalma anu ariman, nyaeta jalma-jalma anu ngaromong: Saestuna Kaula sarerea Nasar. Kituna teh lantaran di antara maranehna aya pandita-pandita jeung rahib-rahib, jeung lantaran saenyana maranehna teh heunteu sarombong."

    Di dieu oge jelas pisan yen umat Nasrani teu nyembah seueur Gusti (Musrik), kumargi umat anu nyembah seueur Gusti sareng umat Yahudi mangrupikeun musuh dedengkot umat Muslim, sedengkeun umat Nasrani mangrupikeun batur dalit umat Muslim.

  4. Surat ka 3 Ali-Imran 55 - "(Sing inget) nalika Allah ngadawuh: Yeuh Isa! Saenyana Kami rek nyampurnakeun (umur maneh nepi ka ajalna) jeung ngangkat maneh ka Kami, jeung bakal nyucikeun maneh ti golongan anu kalapir, jeung Kami bakal ngajadikeun jalma-jalma anu narurut ka maneh leuwih punjul batan jalma-jalma kapir nepi ka poe kiamat, tuluy nya ka Kami maraneh marulang, engke Kami anu nibankeun putusan kana perkara-perkara anu ku maraneh kungsi disawalakeun."

Kasaksenan Al QUR'AN perkawis umat Kristen parantos ngabuktoskeun kalayan pasti yen umat Nasrani nyembah hiji Allah sanes anu nyembah seueur Allah.

KASAKSENAN AL QUR'AN PERKAWIS KATRITUNGGALAN SUCI KRISTEN

Saderek anu dipikaasih ku sim abdi, panginten saderek rada helok yen Al QUR'AN nyeratkeun perkawis Tritunggal sami pisan sareng naon anu dipercanten ku umat Kristen. Urang sadaya parantos uninga yen Tritunggal kaKristenan mangrupikeun sipat Gusti, Dawuhana-Na, sareng Roh-Na. Ieu sami sareng kaTritunggalan anu disebatkeun di lebet Al QUR'AN, "Saenyana Al Masih Isa anak Maryam teh taya lian ti Utusan Allah, jeung kalimah-Na anu didawuhkeun ka Maryam, jeung roh anu ditiupkeun ti Anjeunna" (Surat ka 4 An-Nisa 171). Di lebet ayat ieu jelas pisan yen Allah ngagaduhan:

Hiji pribadi - rasul Allah

Hiji dawuhan - Kalimah-Na

Hiji roh - roh anu ditiupkeun ti Anjeunna

Kasaksenan Al QUR'AN perkawis pangangkenan iman patali sareng kaTritunggalan teu benten sareng anu dipercanten ku umat Kristen. KaKristenan teu ngangken kamusrikan tapi mung percanten ka hiji Allah.

KASAKSENAN AL QUR'AN YEN AL-MASIH TEH WUJUD LAHIR TINA DAWUHAN GUSTI

Al QUR'AN nyaksenan sacara jentre yen Al-Masih ngawujud tina Dawuhan Gusti. Di handap ieu aya sababaraha ayat Al QUR'AN anu janten buktos-buktos:

  1. Surat ka 4 An-Nisa 171 - "Saenyana Al Masih Isa anak Maryam teh taya lian ti utusan Allah, jeung kalimah-Na."

  2. Surat ka 3 Al Imran 39 - "Sayaktosna Allah maparin kabungah ka salira, nyaeta maparin putra pameget anu wastana Yahya anu baris iman kana Kalimah Allah."

  3. Surat ka 3 Al Imran 45 - "Sing inget basa malaikat nyarita: 'Nun Maryam! Sayaktosna Allah teh ngabubungah salira (nu dibabarkeunana hiji putra anu diyugakeun) ku kalimah ti Anjeunna, anu wastana Al-Masih, Isa putra Maryam, anu mulya di dunya sareng di aherat, sarta jadi jalmi ti antawis anu ngadeuheus (ku Allah).'" Hal ieu mintonkeun yen kanyataan yen kalimah anu diangge di dieu sanes kalimah dina basa sadidinten tapi kalimah dina hartos pribadi. Saderek oge tiasa mendak perkawis ieu dijelaskeun ku sarjana Muslim (Al Shaikh Muhyi Al Din al' Arabi) anu ngecapkeun: "Kalimah dina hakekatna mangrupikeun Allah... Sareng Mantenna mangrupikeun hiji pribadi Ilahi" (Di lebet bukuna "Fusus Al Hukm", bagian II, kaca 35. Anjeunna oge nyarios yen kalimah mangrupikeun pribadi Ilahi (Dawuhanana).

Sanes perkawis ieu teh sami sareng anu dicarioskeun dina kitab Yohanes? "Ari nu disebut Pangandika teh geus jumeneng ti memeh ieu dunya dijadikeun; Pangandika sasarengan jeung Allah, Pangandika sarua jeung Allah... Pangandika teh terus mijalma jadi manusa" (Yohanes. 1:1,14). Alih basa Arab tina ayat ieu ngagunakeun "kalimah" ku kecap panggentos jalmi katilu, kecap ieu mintonkeun hiji kapribadian. Perkawis ieu jentre pisan dina katerangan Yohanes: "Pangandika teh Allah" sareng "Pangandika parantos mijalma janten manusa."

KASAKSENAN AL QUR'AN PERKAWIS ROH SUCI

Seueur ayat dilebet Al Qur'an anu nyebatkeun Roh Kudus teh Roh Allah, hal ieu negeskeun kaayaan Al-Masih di lebetna. Langkung eces deui dina Surat ka 5 Al Maidah 110, "Yeuh Isa anak Maryam; Masing inget maneh kana ni'mat ti Kami anu dipaparinkeun ka maneh jeung ka indung maneh nalika Kami nguatkeun maneh ku Ruhul Qudus. Maneh bisa nyarita ka jalma-jalma keur dina ayunan jeung waktu maneh geus dewasa."

Sarjana Teologia Al Shaikh Muhammad al Hariri al Bayuni nyarios, "Roh Suci teh nyaeta Roh Allah" (Kitab al Ruh wa mahiyyatuha kaca.53).

Saderek, naon anu parantos dibenjerbeaskeun ieu, nya ti kasaksenan Al Qur'an sareng ti alim ulama Islam perkawis kaTritunggalan anu dipercanten ku umat Kristen, saleresna parantos jelas.

NAMI-NAMI TRITUNGGAL SUCI

Urang sadaya parantos nalungtik bahasan anu sateuacana nyaeta kaKristenan percanten ka hiji Allah anu aya di lebet Tritunggal; Pribadi Rama, Kalimah-Na, sareng Roh Suci. Tritunggal gaduh nami sanes; Rama (Pribadi Allah), Putra (Kalimah Allah), sareng Roh Suci (Roh Allah).

Sababaraha jalmi teu percanten kana perkawis ieu, malahan mah nganggep nami-nami ieu teh sami hartosna sareng "mianak" atanapi hasil hubungan seksual. Allah nyaram pisan umat Kristen nyembah ka tilu Allah! Kumargi kitu urang kedah ngalempengkeun anggepan lepat ieu.

RAMA

Kangge umat Kristen hartos tina nami Rama, teu ngagaduhan hartos jasmaniah. Anu kahiji, ieu ngandung hartos misil. Allah mangrupikeun sumber anu nyiptakeun sagala mahluk. Kumargi kitu Mantenna disaur Rama tina sagala ciptaan, khususna ciptaan anu ngagaduhan akal budi. Sapertos anu dikecapkeun ku nabi Musa, "Mantenna teh Rama maraneh, anu nyiptakeun maraneh, anu ngadamel maraneh jadi hiji bangsa" (Pamindo 32:6) atanapi sapertos cariosan nabi Yesaya, "Nanging nun PANGERAN, Rama teh Gusti abdi sadaya" (Yesaya 64:8). Di lebet Perjanjian Anyar Paulus oge nyarios, "Tapi pikeun urang mah tetep Allah teh hiji, anu jumeneng Rama, anu ngajadikeun saniskara, tempat ngabaktikeun hirup urang" (I Korinta 8:6). Kecap Rama dina kalimah ieu dikecapkeun sami sareng dina basa Arab "Rama nu pinuh ku rahmat" (Abu Al Khair Abu Al Bakarat) sareng "Allah Rama" (Abu Al Fadl), sareng sanesna. Kasadayana ieu teu kengeng dihartoskeun dina arti jasmani atanapi hubungan kolot jeung anak tapi kedah ditingal tina hartos rohani.

Kadua, aya kandungan hartos hukum. Upami hiji jalmi ngangkat anak, kecap rama sanes hartosna jalmi eta mangrupikeun rama teges, tapi jalmi eta nampi murangkalih anu dimaksad janten anak sareng ngagaduhan hak numutkeun hukum. Jalmi eta tanggel waler sareng gaduh kawajiban sakumaha kedahna hiji bapa ka anak. Rasul Paulus nyarioskeun: "Sabab Roh paparin ti Allah teh moal midamel aranjeun jaradi kawula anu ngalantarankeun aranjeun jadi pinuh ku rasa kasieun, sabalikna bakal midamel aranjeun jadi putra-putra Allah, sarta ku perbawa Roh Allah, aranjeun bisa nyebut ka Allah, 'Ama, nun Ama!'" (Rum 8:15), dina Galata 4:5 oge diserat: "Pikeun ngaleupaskeun manusa anu dibawah ku hukum Agama, supaya ditarima jadi putra-putra Allah." Ku cara kitu, karamaan Allah di lebet ngangken urang janten putra-putra-Na didasaran ku hak Ilahi anu mustari.

Katilu, aya pangartosan poko. Perkawis ieu mung tiasa dihartoskeun kaTritunggalan Allah. Mung Mantenna nu kedah disembah! Sakumaha hiji kalimah anu kaluar tina lambey, Putra kaluar ti Rama sateuacan dunya ieu diciptakeun. Al-Masih mangrupikeun putra anu parantos janten manusa ku jalaran Maryam ku karana roh anu ti Allah anu oge Roh. Perkawis ieu katingal jelas pisan dina Yohanes 1:14: "sarta kamulyaana-Na teh tembong ka urang, kamulyaan tinu jadi Rama ka Putra Tunggal." Al-Masih ningal Allah salaku Rama-Na, kaluarbiasaan ieu teu aya di sasaha oge. "Taya nu nyaho ka Putra, ngan Rama anu uninga. Taya nu nyaho ka Rama salian ti Putra jeung jalma-jalma anu ku Putra kapilih diwawuhkeun ka Rama" (Mateus 11:27).

Kaopat, aya pangertosan rohani. Saparantos Allah ngaanugerahan Roh-Na di lebet manah unggal jalmi anu percanten ku jalaran Putra-Na, sadayana bakal nampi kahirupan nu enggal. Jalmi percanten diyakinkeun sareng ditobatkeun ku pribadi Roh Ilahi. Sadaya jalmi percanten janten putra-putra Allah sanes kulantaran dibabarkeun sacara jasmani tapi ku jalaran Roh Suci, mangga aos dina Yohanes 1:13. Al-Masih ngawulangkeun ka urang kangge nyebat, "Nun Ama nu di sawarga. Mugi jenengan Ama nu suci dimulyakeun" (Mateus 6:9). Mangrupikeun hak unggal jalmi kangge nyebat diri putra-putra Allah sareng nyaur Rama ka Allah upami aranjeunna parantos diangken putra ku Allah. Umat Kristen teu percanten kana Allah Rama sacara jasmani, tapi di lebet kasucian, umat Kristen percanten dibabarkeuna-Na Al-Masih sareng lungsurna Roh suci anu ngalengkepan sadaya jalmi percanten

PUTRA

Upami urang nyarios yen Al-Masih teh Putra Allah, sanes hartosna yen Al-Masih sumping kumargi hubungan laki rabi. Putra di dieu sanes dimaksadkeun ayana hubungan laki rabi sacara jasmani. Umat Kristen mung percanten yen Al-Masih teh putra Allah kulantaran Mantenna sumping ti Allah. Istilah putra di dieu sami sareng basa anu biasa diangge di lebet Al QUR'AN kangge hubungan katurunan sanes sacara jasmani.

Putra di lebet basa anu biasa:Istilah putra sawaktos-waktos diangge di lebet Al QUR'AN sanes kangge hartos anak jasmani. Di lebet Al Baqarah 215 kaserat, "Saniskara anu didermakeun ku maraneh tina kahadean, eta teh keur indung bapa katut kulawarga anu dareukeut, keur barudak yatim keur jalma-jalma miskin, jeung keur anu beakeun bekel panyabaan." Ahli tapsir nyarios yen jalma-jalma nu dina panyabaan (Ibn Al Sabi) mintunkeun pangumbara. Al Iman Al Nasafi sareng Shaikh Hasanayn Makhluf nyarios, "Anjeunna disebat pangumbara (Ibn al Sabil) kangge nu tetep ngumbara di jalan." (Al Nasafi, Tafsir bagian I, Hal. 86 sareng Shaikh Hasanayn Makhluf, "Sufuwwat al Bayan li Ma ani al Kuran" bagian I kaca 80).

Kecap putra sapertos anu diangge di lebet Al QUR'AN: Istilah anak kadang-kadang digunakan dalam Al-Qur'an tidak dengan pengertian keturunan jasmani. Surat Al Baqarah 215 - "Apa-apa yang kamu nafkahkan dari harta, maka untuk dua orang ibu bapa, karib kerabat, anak-anak yatim, orang-orang miskin dan orang-orang berjalan." Para penafsir berkata bahwa orang-orang berjalan (Ibn Al Sabil) menunjukkan pengembara. Al Iman Al Nasafi dan Shaikh Hasanayn Makhluf berkata, "Dia disebuat seorang pengembara (Ibn al Sabil) untuk yang tetap mengembara di jalan." (Al Nasafi, Commentary (Tafsir) bagian!. Hal.86 dan Shaikh Hasanayn Makhluf, "Sufuwwat al Bayan li Ma ani al Kuran" bagian 1.Hal.80).

Putra di lebet adat IslamDilebet adat agama Islam aya Hadis Kusdsi anu nyarioskeun, "Nu baleunghar mangrupakeun agenna Allah, sedengkeun nu salangsara mangrupakeun kulawarga Allah (putra-putra Allah)." Naha ku cara kitu urang nganggep yen Allah teh gaduh garwa sareng ngagaduhan putra jalma nu salangsara?! Tangtos we heunteu!

Ku karana kitu, istilah putra Allah sanes hartosna hasil hubungan jasmani, tapi hiji ungkapan ieu dimaksadkeun kangge sipat atanapi hubungan Al-Masih sareng Allah, sanes hartosna umat Kristen ngaduakeun Allah atanapi musrik. Allah nyaeta Rama, Al-Masih mangrupikeun Putra dina hartos anu taya babandinganana sareng moal mungkin kajantenan ka nu sanes.

ROH SUCI

Sapertos anu nembe dipedar, Roh Suci mangrupikeun Roh Allah sareng mindeng disebat di lebet Al QUR'AN

Surat ka 12 Yusuf 87 - "Karana saestuna heunteu aya anu pegat pangharepan tina rahmat Allah, anging jalma-jalma kapir." Upami di lebet tarjamah basa Inggrisna kaserat "Teu meunang nganyeyeri Ruh Allah, ngan urang kapir anu nganyenyeri Ruh Allah."

Surat ka 2 Al Baqarah 87 sareng 253 - "Kami geus maparin katerangan-katerangan anu tetela ka Isa anak Maryam, jeung ku Kami manehna geus dibantu ku Roh Suci."

Al Imam al Nasafi nyarios, "Roh Suci hartina roh anu disucikeun... atanapi nami Allah nu akbar" (Al Nasafi, tafsir bag I, kaca 56).

Surat ka 5 Al Maidah 110 - "Yeuh Isa anak Maryam; Masing inget maneh kana ni"mat ti Kami anu dipaparinkeun ka maneh jeung ka indung maneh nalika Kami nguatkeun maneh ku Ruhul Qudus."

Al Sayyid 'Abdul Karim al Djabali nyarios perkawis Roh Suci yen Roh Suci teh teu diciptakeun, sareng naon anu teu diciptakeun ngagaduhan sipat langgeng, sareng nu langgeng teh mung Allah (Madjallat kulliyyat al Adab - Magazine of the College of Arts 1934).

Al Shaikh Muhammad al Harira al Bayyumi nyarios, "Roh Suci mangrupikeun Roh Allah sareng teu diciptakeun" (Al Ruhwa Mahiyyatuha - "The spirit and its nature" kaca 53).

Ieu saleresna Tritunggal suci di lebet Allah nu Maha Esa anu ka Mantenna, umat Kristen percanten. Ieu rahasia anu disebat Rama, Putra, sareng Roh Suci.

Rama mangrupikeun nami karamaan Allah nu hakiki.

Putra mangrupikeun nami kangge dawuhan Allah anu mijalma janten manusa.

Roh Suci mangrupikeun Roh Allah Kumanten.

TRINITAS NU PALSU

PAHAM TRINITAS ALIRAN MARYAMIYYA

Sateuacan aya ajaran Islam dina abad ka 5, aya hiji aliran nu geus sasab. Anu percaya ka aliran ieu urang kapir anu ngagem agama Kristen. Kulantaran kapir urang ieu biasa nyembah planet Venus anu disebut Ratu sawarga. Sanggeus urang eta jadi Kristen, maranehna nyoba ngahijikeun agama kapir jeung Kristen. Aliran ieu nganggap Maryam "Ratu Sawarga" ngaganti planet Venus. Saterusna aliran ieu disebut aliran Maryam. Aliran ieu percanten ka tilu Allah; Allah, Maryam, sareng Al-Masih.

SIKEP UMAT KRISTEN KA TRINITAS TIRUAN

Gareja Kristen langsung ngalawan aliran nu sasab ieu, nampik ajaranna, jeung nyabut aliran ieu tina paguyuban Kristen jeung miceun jalma nu percaya kana ajaran nu sasab ieu. Di tungtung abad ka 7, paham ieu dihapuskeun jeung teu aya deui nu palercaya kana ieu ajaran. Gareja negeskeun deui kapercayaanana anu kalintang sucina yen Maryam teh mung manusa biasa, sanes dewi/tuhan. Gareja teras-terasan negeskeun yen Allah teh mung hiji, hiji dina hakekat anu ngadawuh (Dawuhan Allah), sareng hirup di lebet Roh. Dawuhan Allah ngawujud di lebet Al-Masih: "Geus teu bisa dibantah deui, rasiah ibadah urang teh kacida agungna: Al-Masih geus mijalma jadi manusa" (I Timoteus 3:16).

SIKEP TI ISLAM

Basa Islam ngawitan di abad ka VII, Islam oge mendak ajaran Maryam ieu, lantaran ajaran ieu masih keneh aya di jaman eta. Islam kacida nampikna kana ajaran ieu tapi sanes ajaran Trinitas Kristen. Perkawis ieu jelas dina Surat ka 5 Al Maidah 116: "Jeung (sing inget) nalika Allah ngadawuh: 'Yeuh, Isa anak Maryam! Naha maneh kungsi nyarita ka jalma-jalma: jadikeun kaula jeung indung kaula, dua pangeran salian ti Allah?'"

Ayat diluhur jelas pisan nampikna kana ajaran aliran Maryam anu nyarioskeun yen Maria mangrupikeun dewi anu ditampik oge ku kaKristenan.

Surat ka 6 Al An"am 101 - "Allah teh anu ngayugakeun langit katut bumi kalawan taya contona. Pamohalan Anjeunna kagungan putra, da Anjeunna heunteu kagungan geureuha?" Ayat ieu diserat kangge anu anut ka aliran Maryam anu percanten yen Maryam teh geureuha Allah anu ngalahirkeun hiji putra kangge Allah.

Surat ka 112 Al Ikhlas 1-4 - "Pok caritakeun (Muhammad): Saestuna Allah Maha Tunggal. Allah pamuntangan (sakumna mahluk). Anjeunna heunteu puputra jeung heunteu dibabarkeun. Jeung heunteu aya hiji oge anu nyaruaan Anjeunna."

Surat ka 5 Al Maidah 73 - "Saenyana geus kupur jalma-jalma anu nyebutkeun majar Allah teh salah sahiji tinu tilu dina Trinitas. Padahal taya deui pangeran anging Pangeran Nu Maha Tunggal." Hal ieu negeskeun naon nu tos dicarioskeun, nyaeta nampik ajaran Maryam ku ayana tilu Allah!

Saderek tiasa ningal nu langkung jentre tina bahasan ieu yen saleresna Islam teu nampik ajaran kaTritunggalan Kristen yen Allah teh Esa. Mantenna ngagaduhan hiji sipat, anu ngadugikeun Dawuhan Allah, hirup di lebet Roh sapertos anu diserat Al QUR'AN, "Saenyana Al Masih Isa anak Maryam teh taya lian ti Utusan Allah, jeung kalimah-Na anu didawuhkeun ka Maryam, jeung roh anu ditiupkeun ti Anjeunna" (Surat ka 4 An Nisa 171). Islam dina pasualan ieu nampik ajaran Maryam anu nyebatkeun Maryam salaku dewi anu ngalahirkeun Al-Masih kulantaran hubungan jasmaniah sareng Allah.

Kristen kacida ngewa sareng nampikna konsep ajaran samodel ieu, oge miceun jalmi anu ngagem ajaran nu sasab. Margi kaKristenan mung ngagem kapercantenan ka hiji Allah di lebet kaTritunggalan Rama, Dawuhan, sareng Roh-Na nu Suci.

CAHYA ANUGERAH

BUKTOS ROH

Saderek anu dipikaasih ku Gusti, dugi ka dieu pedaran tos didugikeun disarengan buktos-buktos anu kahartos dina ningal kayaktian KaTritunggalan sareng kapercantenan ka hiji Allah. pedaran urang, dina perkawis ieu didumasaran ku akal manusa anu tiasa kahartos. Namung kitu rasul Paulus ngebrehkeun ka urang yen iman mah teu dumasar kana akal manusa, tapi ku buktos sareng kawasa roh. Anjeunna nyarios: "Sim kuring bisa nerangkeun hal eta teh lain tina kapinteran sorangan, tapi yakin tina kakawasaan Roh Allah. Jadi ku sabab kitu, pang aranjeun bisa percaya oge lain ku tina pinter-pinterna jelema anu nerangkeun, tapi ku karana kakawasaan Allah" (I Korinta 2:4,5).

Kumargi kitu sim abdi nyuhunkeun dihapunten upami dina pedaran ieu, sim abdi teu ngadumasaran ku hikmah manusa sareng sim abdi mugi diidinan kangge ngajentrekeun buktos-buktos roh sareng kawasa.

Buktos Roh aya di lebet manah sanes dina akal. "Ku jalan percaya, urang bisa diangken bener ku Allah, sarta ku jalan ngaku ka Anjeunna urang tangtu salamet" (Rum 10:10). Iman mangrupikeun akibat tina kaasih anu nyaangan manah manusa sareng mukakeun rahasia iman, kaasih Allah, sareng padamelanana anu aheng. Perkawis ieu anu ngajantenkeun Mantenna nyandak rupa manusa, ngajugjug Kalvari, manggul kai palang anu abot jaba hina kangge nebus dosa umat manusa sapertos sim abdi. Saderek anu dipikaasih ku Gusti, naha saderek uninga yen tos mangsana Gusti nyaangan manah saderek sareng ngabuktoskeun kamulyaana-Na, kumargi Gusti teh kacida mikaasih ka saderek sacara pribadi, teu ningal kana dosa-dosa urang. Sumping wae ka Mantenna di lebet tobat sareng sumerah. Pasrahkeun manah sareng kahirupan saderek ka Mantenna

Saderek tiasa yakin sapinuhna yen Mantenna moal nampik saderek. Mantenna ngadawuh dina jangjina anu pinuh ku kayaktian. "Jelema anu ku Rama dipaparinkeun ka Kami, tangtu datang ka Kami sarta ku Kami moal datang ka ditolak." (Yohanes 6:7)

Sumping ka payuneuna-Na, piceun sadaya dosa saderek dipayuneuna-Na, Mantenna iasa nyucikeun saderek tina sagala dosa saderek. "Eta ciri urang geus beresih tina dosa ku karana getih Al-Masih PutraNa, sarta bakal bisa hirup sabeungkeut jeung pada batur" (I Yohanes 1:7).

Neneda ka Mantenna, "Duh Gusti, piceun sagala nu poek tina manah sim abdi; caangan jajalanan hirup abdi, pintonkeun lawang kasalametan ti Gusti; salindungan sim abdi tinu dolim supados abdi teu kaganggu."

Saderek anu dipikaasih ku Gusti, salajengna abdi bade ngajelaskeun sababaraha kanyataan rohani anu sim abdi harep tiasa diangge alat ku Gusti kangge nyalametkeun jiwa urang sareng janten hiji berkah kangge kahirupan saderek.

RARAMPA DINU POEK

Tiasa dipastikeun kangge percaya buktos-buktos iman teu tiasa mung ukur ku akal budi. Ilham Ilahi netelakeun, "Na sanggup anjeun neuleuman wawatesan kaagungan jeung kakawasaan Allah? Dalah langit nu ku urang teu kahontal, ku Allah mah katepi kasungsi. Mantenna awas ka alam kubur, urang mah heunteu" (Ayub 11:7-8).

Naha tiasa pikiran manusa anu heureut ngartos kana perkawis Allah anu teu aya watesna? Hiji jalmi anu wijaksana ngecapkeun, "Anjeun nalunggtik perkawis Allah anu ngatur sagala eusi dunya, tapi anjeun moal bisa ngalaman rusiah hikmahna kulantaran anjeun teu bisa ngartos hate manusa, komo deui Allah anu nyiptakeun saalam jagat raya ieu jeung apal kana sagala udagan-Na sareng rarancang-Na?"

Rasul Paulus negeskeun, "Maha jembar Allah! Kawijaksanaan jeung kauninga-Na sakitu jerona. Saha anu bisa ngajugjugan putusan-putusan Mantenna? Saha anu bisa ngarti kana cara barang damel-Na? Dina Kitab Suci kaungel, 'Saha anu bisa neuleuman manah Pangeran? Saha anu werat nganasehatan ka Mantenna?'" (Rum 11:33-34).

Saumpamina aya sababaraha jalmi anu teu sadar kana perkawis ieu, aranjeunna bakal sasab tina iman lajeng leungit dina poek anu mongkleng. Di handap ieu aya sababaraha conto tina widang Pilsapat, KaKristenan sareng Islam.

Pilsapat

Pilsapat didumasaran ku pikiran sareng nyarioskeun perkara anu abstrak atanapi teu katingali wujudna, ku sabab kitu urang tiasa ningali perbentenan dina buah pangemut ahli-ahli pilsapat anu mangabad-abad lamina

Ti antawis ahli-ahli pilsapat aya jalmi anu ariman aya oge anu henteu, aya saurang ahli pamikir ti Inggris (1795-1881) anu mangrupakeun conto jalmi anu tos rarampa dinu poek namina Carlyle. Saleresna anjeunna teh jalmi iman tapi kulantaran kapangaruhan ajaran-ajaran anjeunna mengpar tina iman, lami ti dinya, anjeunna nalungtik deui hal-hal kaimanan dugi ka tuntungna uih deui kana iman kayaktian langgeng anu tos dibuktoskeun ku anjeunna dina panalungtikan anu panjang: "Pamadegan sanes deui sumber elmu anu sajati, tapi manah anu jadi sumber." (Yusuf Karam, History of Modern Philosophy, kaca 322).

KaKristenan

Seueur panganut ajaran sesat anu ngaku Kristen padahal mengpar tina ajaran anu bener muserkeun imanna kana ukuran pikiran manusa. Maranehna miceun diri kana kaayaan anu kacida pikawatireun. Contona bae Arius, Makedonius, jeung Nestorius. Arius teu percanten kana kayaktian Allah di lebet jirim manusa. Anjeunna nampik kana kaTuhanan Al-Masih. teras pimpinan gareja ti sakuliah dunya ngayakeun rapat nyarioskeun perkawis ajaran Arius, anu salajengna miceun Arius sareng nampik ajaranana anu mengpar tina ajaran anu bener.

Islam

Seueur ajaran-ajaran enggal anu benten-benten lebet dina agami Islam. Contona bae, Al Khawaridji, Al Shia, sareng Al Nusayriyya anu gaduh anggepan yen Ali ibnu Abu Talib teh Gusti, Al Djabriyyah, Al Mutazila, sareng Al Kadariyya nampik kana sipat-sipat Allah.

Al Asha"ira al Mutridiyya, Al Zaidiyya, al Imamiyya, sareng al Isma"iliyya, nyarios yen dunya ieu ngagaduhan dua pamingpin. Anu kahiji nyaeta Gusti sedengkeun anu kadua nyaeta jiwa, jeung ongkoh maranehna ngidinan hal-hal anu di luar hukum.

Al Baha"iyya nganggep pamingpin maranehna nyaeta Baha"Allah, salah sahiji allah kapir. Kaum Druz nganggep "Al Hakim bin"Amir Allah al Faimi" janten Allah.

Sanes kasadayana teh nganyatakeun yen akal budi meryogikeun pisan cahya anugerah sareng cahaya iman?

ANUGERAH ILHAM

Teu saurang oge anu tiasa uninga Gustina ku kakuatan, akal, jeung hikmat sorangan. Perkawis ieu merlukeun pisan panyaang ti Gusti, supaya dina pamikiran anu poek, manusa tiasa uninga kana rusiah anu teu kahontal ku akal. Sababaraha ahli pilsapat ngemutan kana pentingna anugerah Ilahi ieu. Saurang ahli pilsapat nyarioskeun: "Mung hiji cara kangge uninga ka Allah, nyaeta ku panyaang ti Allah nyalira. Allah teh guru nu teu acan katembong. Mantenna caang nu estu nyaangan unggal jalma di dunya ieu." (Yusuf Karam, History of European Philosophy in the Middle Ages, kaca 32)

Gusti nyarioskeun dua hal ieu: kateumampuan manusa sareng kabutuhan kana panyaang. Kitab Ayub ngagambarkeun kabutuhan kana panyaang ieu sacara jentre dina Ayub 11:8-9, "Dalah langit nu ku urang teu kahontal, ku Allah mah katepi kasungsi, Mantenna awas ka alam kubur, urang mah heunteu. Kaagunganana ngungkulan legana jagat, ngungkulan legana samudra." Paulus nyebatkeun, "Maha jembar Allah! Kawijaksanaan jeung kauninga-Na sakitu jerona. Saha anu bisa ngajugjugan putusan-putusan Mantenna? Saha anu bisa ngarti kana cara barang damel-Na? Dina Kitab Suci kaungel, 'Saha anu bisa neuleuman manah Pangeran? Saha anu werat nganasehatan ka Mantenna?'" (Roma 11:33-34).

Urang kacida meryogikeun panyaang Gusti supaya tiasa ngartos kana rahasia pangandika-Na sapertos anu kaserat di lebet Kitab Suci: "Muga-muga ka anjeun nerangkeun, yen kapinteran teh rupa-rupa."(Ayub 11:6).

Saderek anu budiman, Gusti sayogi nganyatakeun Diri-Na Kumanten ka saderek. Saderek tiasa uninga hal ieu di lebet paneda Al-Masih, "Nun Ama, Gustina langit sareng bumi! Abdi ngahaturkeun nuhun, reh perkawis ieu ku Ama dirasiahkeun ka anu palinter sareng garaduh elmu, dupi ka anu teu garaduh katerang mah parantos ditembrakkeun" (Mateus 11:25). Tina paneda ieu, urang tiasa ningal maksad Gusti yen Panyaang Gusti dianugerahkeun kangge jalmi anu teu guminter namung kersa nampi panyaang-Na. Kumargi upami mung ku akal budi sareng hikmat manusa mah, hal anu aheng ieu moal tiasa kahontal ku manusa. Gusti ngaebrehkeun kayaktian ieu kangge Petrus: "Ceuk Petrus, 'Bapa teh Al-Masih, Juru Salamet, Putra Allah nu jumeneng.' 'Bagja maneh, Simon anak Yonas!' saur Al-Masih. 'Sabab maneh nyaho kitu teh lain ti manusa tapi ti Rama Kami di sawarga'" (Mateus 16:16-17).

Saderek, Al-Masih kersa nganyatakeun sipat-Na kangge saderek, sareng nganyatakeun rasiah iman. Mantenna ngadawuh: "Sakabeh hal ku Rama Kami geus diserenkeun ka Kami. Taya nu nyaho ka Rama salian ti Putra jeung jelema-jelema anu ku Putra kapilih diwawuhkeun ka Rama." (Lukas 10:22). Putra nganyatakeun rasiah-Na ka rasul Paulus, Paulus nyarios: "Sim kuring narimana lain ti manusa, lain beunang guguru ti papada jalma. Terang kana hal eta teh ti Al-Masih ku anjeun" (Galata 1:12).

Roh Suci dimangsa ayeuna nuju giat mintonkeun jalan iman kangge satiap jalmi supados tiasa nganikmatan anugerah Gusti sareng uninga ka Gusti. Hal ieu anu dimaksad ku rasul Paulus: "Tapi ka jelema-jelema anu geus asak sual karohanianana mah sim kuring nerangkeun oge hal kabijaksanaan urang dunya, lain kabijaksanaan anu karawasa di ieu dunya - kakawasaan-kakawasaan anu bakal leungit kakawasaanana. Anu disodorkeun ka maranehanana teh kabijaksanaan Allah anu gaib, anu can kabuka ku manusa, tapi ku Allah geus ditangtukeun ti memeh aya dunya disadiakeun pikeun ngabagjakeun urang. Anu karawasa di ieu dunya taya saurang-urang acan anu nyahoeun kana eta kabijaksanaan. Mun geus nyarahoeun ge sageuy maranehanana nyalibkeun Gusti nu maha agung. Tina hal eta, kieu ceuk Kitab Suci, 'Hal anu tacan katenjo, tacan kadenge, anu tacan kapikir-pikir acan ku manusa, malah hal eta anu ku Allah geus disadiakeun pikeun ngabagjakeun sakur anu nyaah ka Mantenna.' Tapi ka urang mah hal eta teh geus dinyatakeun ku Allah, ku Roh-Na. Sabab sagala rupa, nepi ka maksad-maksad Allah anu pangbunina oge ku eta Roh bisa kabuka. Kapan di manusa oge anu bisa nyaho kana kereteg hatena teh rohna sorangan keneh. Nya kitu, anu uninga kana sagala hal Allah teh ngan Roh Allah bae. Ari anu dipaparinkeun ka urang lain roh dunya ieu, tapi Roh asal ti Allah, supaya urang bisa terang kana sagala hal anu ku Allah geus dikurniakeun ka urang. Ku sabab kitu, ari sim kuring nerangkeun hal-hal Allah ka jelema-jelema anu geus baroga Roh Allah teh heunteu nurutkeun pikiran sorangan, tapi nurutkeun pituduh Roh Allah. Jelema anu teu ngabogaan Roh Allah mah moal bisa narima hal anu dinyatakeun ku eta Roh. Ku jelema anu kitu mah hal eta teh moal kahartieun, dianggap taya paedahna. Hal-hal rohani saperti kitu, ditimbangna ge kudu ku rohani deui. Tapi jelema anu ngabogaan Roh Allah mah bisa neuleuman harti jeung maksud saniskara, sabalikna dirina sorangan moal kateuleuman ku nu sejen. Sakumaha ceuk Kitab Suci, 'Saha anu bisa neuleuman manah Pangeran? Saha anu bisa mere nasehat ka Mantenna?' Tapi urang mah kapan geus kaserepan ku panggalih Al-Masih" (I Korinta 2:6-16).

Ayat-ayat ieu ngajelaskeun kangge saderek hiji pokok penting anu dumasar, yen kedah ngobah manusa duniawi janten manusa anu rohani supados uninga ka Allah. Mangga neneda ka Gusti supados Mantenna midamel kakawasaanana di lebet diri saderek. Mantenna tangtos ngawaler paneda saderek kumargi mangrupikeun pangersa Mantenna supados sadaya jalmi disalametkeun sareng mendak kayaktian.

WELAS ASIH ANU TEU AYA WATESNA

Saurang jalmi pinter nyarios: "Manusa teu gaduh katiasa kangge ngahontal Allah upami mung ku kakiatanana, sanaos kitu Allah anu nyandak manusa sumping ka Mantenna sareng nyandang kana panyaang anu teu tiasa kahartos ku akal manusa" (Yusuf Karam, History of European Philosophy in the Middle Age, kaca. 54). Janten dina kanyataanana, manusa teu tiasa sumping ka Allah di luar pangersa-Na.

Sapertos anu dicarioskeun Al-Masih, teu aya saurang-urang acan anu tiasa sumping ka Bapa upami sanes percanten ka Mantenna. Sawaktos panganten istri Salomo uninga kana rasiah ieu, anjeunna nyarios, "Cik atuh abdi teh iwat, duh sembahan abdi, candak lebet ka kamar" (Kidung Agung 1:4). Gusti ngiwat urang ka Mantenna ku kaasih sareng kanyaahna. Sawaktos jiwa manusa ngemut kana kaasih Al-Masih, anjeunna tangtos. katarik ku kaasihNa; "Urang bisa nyaahan teh lantaran Allah miheulaan asih ka urang" (I Yohanes 4:19).

Naha saderek teu acan terang yen kaasih Allah teh tos midamel dina diri urang? Rasul Paulus nyarios, "Tapi Allah mah geus nembongkeun asihNa ka urang. Al-Masih pupus ngaganti urang sajeroning urang keur hirup keneh dina dosa" (Rum 5:8). Kaasih anu nyababkeun Mantenna mijalma janten manusa anu tungtungna dihukum pati dina kai palang kangge nebus diri urang sadaya tina dosa anu meungkeut urang. Sakedahna urang teh parantos nampi upahna dosa nyaeta maot.

Kulantaran Al-Masih, Al-Masih lungsur ka alam maot, mareuman seuneu kutuk kangge umat manusa sareng mukakeun panto harepan kangge urang sadaya sareng jalan kamulyaan. Mantenna ngelehkeun kawasa maot sareng rante dosa saluyu sareng gugahNa tina alam maot, Mantenna mulih nyandak kaasih anu mulya kangge nyiapkeun hiji tempat kangge urang di lebet karajaana-Na anu kacida suka ati dipasrahkeun ka urang. Al-Masih bade sumping kangge nyandak umatNa, "Di bumi Rama Kami loba kamar, sarta ayeuna Kami rek ka ditu nyadiakeun pitempateun maraneh. Lamun teu kitu ku Kami moal diomongkeun ka maraneh. Sanggeus nyadiakeun pitempateun maraneh. Kami ti ditu tangtu bakal datang deui nyokot maraneh, supaya maraneh oge aya di tempat Kami" (Yohanes 14:2-3).

Saderek, mangrupikeun hiji hak anu istimewa anu kalintang ageungna anu diserenkeun kangge urang. Saderek, urang moal tiasa terang ka Allah upami teu ku kaasihNa. Ibadah sanes mung sakadar piwulang, kayakinan, atanapi praktek agami, tapi mangrupikeun kaasih anu aya dina tingkat anu pangluhurna. Allah sanes mangrupikeun hiji "gambar" anu didamel sareng impenan manusa . Mantenna teu tiasa dipikahartos ku akal manusa wungkul. Tapi sapertos anu diserat, "Bapa mah nya nyaho nya percaya Allah mikaasih ka urang teh. Allah teh sipat asih. Jadi sing saha anu nyaaheun, hirupna ngahiji jeung Allah, Allah oge ngahiji dina hirupna" (I Yohanes 4:16).

Naha manah saderek parantos kabeungkeut ku kaasih Allah? Saderek teu kedah dibingungkeun ku papaseaan sareng pangajaran anu ngabingungkeun, tapi cekap ngalakonan naon anu disanggemkeun ku Agustinus kieu, "Silih pikanyaah papada batur dina ngalakonan naon anu ku maneh rek digawekeun, kulantaran Allah teh sipatna nyaahan."

CAANG IMAN

Upami asih kanyaah ti Gusti nyaangan manah manusa, manusa eta bakal dicaangan cahya iman. Teu tiasa saurang manusa ngahontal iman anu estu upami teu disarengan caang asih kanyaah sapertos anu ditegeskeun Kitab Suci dina Yesaya 60:1-3, "Geura cengkat, Yerusalem! Sing moncorong kawas panon poe. Maneh bakal kasorot ku kamulyaan Pangeran. Bangsa-bangsa bakal kaalingan ku poek, maneh mah kacaangan ku Mantenna, bakal kahibaran ku cahaya Mantenna. Bangsa-bangsa bakal daratang, raja-raja bakal muru-muru, katarik ku caang maneh, caang jaman anyar."

Rasul Paulus nyarioskeun, "Allah anu nyaangkeun hate sim kuring nepi ka awas kana kamulyaan Mantenna anu ngagebray dina pameunteu Al-Masih teh nyaeta Allah anu nimbalan, 'Ti nu poek sing bijil caang!'" (II Korinta 4:6).

Kukituna sawaktos kaasih Allah nyaangan, Saul anu kawitna nampik Gusti, lajeng nampi caang iman anu saterasna dinamian Paulus, salah sawios rasul kaKristenan.

Caang anu ti Allah oge nyaangan Shaik Mikha"il Mansur anu diajar perkawis agami (anjeunna dibabarkeun tahun 1871). Dina taun 1893, anjeunna hoyong ngabahas agama Kristen sareng urang Kristen, saparantos sababaraha lami, bahasan ieu asa kosong, anu tungtungna aya saurang jalmi anu nyarios, "unggal jalmi kedah nyuhunkeun tuyunan Gusti kangge nyandak kana kayaktian." Dipayuneun jalmi eta Shaik teu satuju balas ngahina, "yen anjeunna moal mungkin ninggalkeun iman kapercantenana." Tapi saparantos sababaraha lami, Shaik asa teras kaemutan ku kecap-kecapan jalmi eta anu tungtungna Roh Suci ti Allah nyaangan manahna. Shaik nembe masrahkeun diri ka Allah, kersa ngaos Kitab Suci, milari kayaktian Ilahi. Saparantos sababaraha lami, kagumbiraan ti Gusti lungsur ka dirina, caang kayaktian nyaangan manahna.

Al Masih di lebet kamulyaan katingal pisan ku anjeunna di lebet kaasih Gusti anu kacida ahengna. Shaik diajar yen Al-Masih mangrupikeun jalan, kayaktian sareng hirup, anjeunna diajar yen manusa teh pinuh ku dosa, sareng mung tiasa disalametkeun ku Al-Masih.

"Abdi parantos hilap sababaraha hal, tapi abdi teu tiasa hilap kana kasukaan anu minuhan Shaik, ci panon anu nandakeun kalintang jerona kaasihna ka Gusti, anu katingal ku sim abdi sawaktos abdi naroskeun perkawis Injil ka anjeunna. Leres pisan mimiti abdi papendak sareng anjeunna, abdi teh rada isin sareng anjeunna, kapungkur abdi teu acan nampi Al-Masih. Abdi sok nyuhunkeun jalmi pinter sanes kangge nyandak anjeunna kana kayakinan lami, malahan mah abdi dugi ka ngagunakeun jalmi jahat kangge ngancam Shaik, tapi teu hasil.

Shaik tetep teteg dina kapercantenana di lebet Al-Masih sareng yakin tiasa nanggung sadaya kasesah di lebet kaasih Mantenna. Abdi teras nimbang-nimbang mana saleresna kayaktian nu estu teh. Abdi terang yen anjeunna teu aya maksad duniawi, kasatiaanana di lebet kaKristenan parantos jelas kangge abdi sareng abdi mendak diri abdi sareng aya dorongan kangge ngaos Injil. Shaik ngabagikeun imanna sareng abdi tina ku bungah. Abdi sadaya ngucap sukur ka Gusti kumargi Mantenna tos ngajantenkeun Shaik alat-Na nobatkeun seueur jalmi nu darosa oge abdi janten jalmi percanten kangge kamulyaan Panebus urang."

BUKTOS ANU MULYA

Upami manusa dibetot ku kawasa Ilahi ka lebet iman, anjeunna teu meryogikeun deui nu mung tiasa kahontal ku akal manusa, kusabab kasaksenan Ilahi tos aya di lebet manahna, anjeunna sadar yen Allah aya di lebet manahna, tos ngarobih kahirupanana. Anjeunna moal milari deui Gusti di luar dirina sorangan. Agustinus, saurang ahli pilsapat, saparantos nampi Injil nyarios, "Leres, abdi parantos mendak sareng uninga perkawis Anjeun. Kacida untung sareng diberkahanana sim abdi teh! Tadina abdi milari Anjeun di luar abdi! Tapi sadayana kosong, kumargi abdi tos mendak Anjeun di lebet jiwa abdi nyalira! Ayeuna abdi nuju nangkeup sareng mendakan Anjeun." (Agustinus, Confessions)

Jalmi percanten nyaeta jalmi anu parantos papendak sareng Gusti sareng ditangtayungan ku Gusti di lebet hirupna nu mana Gusti ngadamel jalmi eta tobat leres-leres di lebet Gusti. Mantenna ngobih jalmi ti nu pinuh ku hawa napsu janten saurang anu suci sareng beresih. "Bagja jelema anu hatena mulus beresih, sabab bakal wawuh ka Allah!" (Mateus 5:8). Saparantos padamelan kaasih, iman sanes wae iman akal budi anu mung percanten hal-hal anu katingal tapi iman anu tiasa ngarobih ajag janten domba; ieu mangrupikeun pakta sareng buktos nyata anu aheng tina kayaktian iman anu estu.

Pangalaman jalmi saleh Musa al Aswad

Musa al Aswad kawitanana saurang jalma jahat anu mindeng maehan. Hiji waktos cahaya kaasih ti Allah nyaangan manahna, anjeunna milari saurang wijaksana, saurang percanten anu tos sepuh bari nyarios: "Abdi ngadangu yen bapa teh panyembah Allah nu leres; ku sabab kitu abdi lumpat sareng mendakan bapak, supaya Allah anu tos nyalametkeun bapa ge tiasa nyalametkeun abdi." Jalmi wijaksana teh naros, "Saha Allah hidep?" Musa ngawaler, "Abdi teu terang Allah sanes sajaba ti panon poe, kumargi upami abdi ningal ka dinya, abdi terang yen panon poe nyaangan dunya ku caangna, oge bulan sareng bentang anu ngabogaan rasiah, oge lautan sareng kakuatanana... tapi batin abdi teh teu asa tentrem, abdi terang yen aya hiji Allah anu langkung ageung anu teu acan dikenal ku abdi. Abdi nyarios, 'Duh Gusti! Anu langgeng di sawarga anu ngatur sagala ciptaan, tuyun badega Anjeun ieu ka payuneun Anjeun sareng sawios abdi tiasa ngalakonan hal anu luyu sareng pangersa Anjeun.' Ku sabab kitu abdi mendakan bapa, supados bapa tiasa ngajelaskeun ka abdi sareng ngadoakeun abdi ka Allah supados Mantenna teu ngalungsurkeun kabenduna ka abdi kulantaran dosa-dosa abdi" (Archives of the Coptic Museum, kaca 496).

Bapa sepuh anu saleh teh mangaoskeun Dawuhan Gusti ka anjeunna sareng nyarioskeun ka anjeunna perkawis hukuman, kasalametan, sareng kaasih Allah ka jalmi nu dosa. Padamelan asih kanyaah disampurnakeun di lebet manahna sareng Gusti nyaangan manahna, cimata tobat reumbay, rarayna nyaangan caang iman. Musa, saurang anu kacida jahatna janten saurang nu saleh, salah sawios anu janten tokoh iman anu kawentar.

Saha nu tos ngobah ajag janten anak embe? Mangrupikeun padamelan asih kanyaah anu kalintang ageung. Saha anu parantos ngadamel anjeunna ngartos hal iman? Allah nembusan kahirupanana sareng ku jalaran panangan Allah anu Maha Kawasa tos ngarobih anjeunna.

Pangalaman Jibran

Jibran ageung di kulawarga anu fanatik di lebet agami sareng ramana anu tanggel waler ngajarkeun hikayat agami. Saparantos ramana pupus, Jibran miceun sagala ajaran agami nu tos ditampi teras anclub kana kajahatan. Kangge ngabereskeun masalah ieu, kulawargi Jibran ngintunkeun anjeunna ka sakola asrama. Di sakola ieu, aya saurang murid anu namina Mikhael, anu mindeng dijailan ku Jibran.

Hiji waktos Jibran ngararancang bade ngajailan Mikhael, sawaktos Jibran milari Mikhael, katingal anjeunna nuju ngajlengan pager sakola ka leuweung. Jibran nuturkeun Mikhael dugi ka hiji saung leutik di jero leuweung. Jibran ningal Mikhael ngahurungkeun lilin, anjeunna sideku, teras nyanggakeun paneda lalaunan. Teras Jibran ningal anjeunna ngaluarkeun buku alit tina pesakna teras ngaos. Saparantos rengse, Jibran ningal Mikhael cirambay ku cipanon, saatos kitu lilinna dipareuman.

Sawaktos Mikhael ka sakola deui, dituturkeun ku Jibran, bari terus naros, "Ti mana bieu?" "Abdi nyembah Gusti" "Bohong! Karek bieu urang nuturkeun Mikhael ka leuweung terus ceurik, maca, eta teh gelo ngaranna!" Waler Mikhael, "Abdi teu gelo. Abdi nuju muji Gusti sareng ngaos dawuhana-Na, oge nyuhunkeun panuyun-Na, sareng pangampura kangge dosa-dosa abdi." Jibran naros, "Naha bisa abdi ningal kitab alit tadi?" Jibran diajar ku ramana, yen saha bae nu nyabak kitab suci urang Nasrani bakal jadi tanpa daksa jeung gelo. Jibran nyepeng kitab suci Mikhael, dina pikiranana, upami karasa awakna keuna bahya, kitab teh bade dipiceun. Tapi Jibran teu ngaraos nanaon, teras Jibran nyandak buku tea diaos ku anjeunna sawewengi tapi teu ngartos sakedik-kedik acan.

Enjing-enjing Jibran milari Mikhael, anu tungtungna ngajelaskeun Injil, tapi teu kahartos keneh. Mikhael nutup kitabna teras nyarios, "ringkesna, abdi bade masihan terang ka anjeun sarina kitab Injil."


Kayaktian kahiji- Manusa teh pinuh dosa. Saderek sareng sim abdi ge ngagaduhan dosa.
Kayaktian kadua- Hukuman kangge dosa urang nyaeta katalangsara nu langgeng di naraka.
Kayaktian katilu- Ku karana kaasih-Na, Allah ngutus Al-Masih kangge nebus urang tina hukuman dosa sareng Anjeunna tos dihukum dina kai palang 
ngagentoskeun urang.
Kayaktian kaopat- Upami saderek percanten hal ieu sareng tobat tina dosa-dosa saderek, Gusti bade nampi saderek sareng nyalametkeun saderek tina 
seuneu naraka nu langgeng.

Cariosanana kacida saderhana tapi pinuh ku asih kanyaah ti Gusti. Di dieu panangan Gusti midamel di lebet manah Jibran anu nyababkeun mujijat. Raray Jibran pinuh ku caang pangharepan sawaktos anjeunna nyarios yen anjeunna percanten, teras dua jajaka teh nyanggakeun paneda ka Gusti. Jibran diobah ti jalmi anu kasar sareng kurang ajar janten jajaka nu lemes basa, amis budi, sareng badega Gusti anu diberkahan. Anjeunna parantos janten berkah kangge jalmi nu teu acan percanten oge umat Gusti.

Abdi kacida ngadu"ana ka Gusti, supados Allah midamel di lebet kahirupan saderek, supados saderek tiasa nampi Gusti, janten putra Gusti, anu satia ka Gusti anu nyaah ka urang sareng nebus dosa urang ku getih-Na.

KASIMPULAN

Saderek, panginten saderek parantos uninga kana hartos Tritunggal. Panginten saderek oge percanten yen umat Kristen teu nyembah tilu Allah. Mugi ditebihkeun! Umat Nasrani mung percanten ka hiji Allah, anu aya dilebet diri Mantenna, anu ngadugikeun dawuhana-Na, nu aya di lebet Roh-Na. Dawuhana-Na jumeneng di lebet Maryam anu diberkahan Allah, teras nyandak wujud manusa nyaeta Al-Masih anu kantos jumeneng di dunya sareng ngalakonan sadaya padamelan sangkan sampurna kasalametan umat manusa.

Saderek, abdi nyanggakeun paneda ka Gusti, mugia caangna nyaangan manah saderek, nganyatakeun kangge saderek rasiah anu ajaib, kumargi perkawis Gusti mung tiasa katingal ku Roh Gusti nyalira. Naha saderek kersa neneda ka Mantenna kangge ngarobih saderek supados saderek tiasa nampi kasalametan ti Gusti. Upami para wargi parantos janten putra-putra Allah, ku jalaran Roh Suci, saderek bakal nampi pangartos anu teu kahontal ku akal manusa.

Appendix A. BAHAN KANGGE DIWALER: ALLAH TEH ESA DI LEBET TRITUNGGAL SUCI

Upami anjen parantos maos artikel ieu anu taliti, anjeun tiasa ngawaler patarosan patarosan anu kasebat:

  1. Jelaskeun kumaha umat Kristen tiasa nyarios yen Allah teh mung hiji?

  2. Naha kaRamaan Allah gaduh hartos rohani sanes jasmani?

  3. Kumaha Al QUR'AN tiasa nyaksenan hiji Allah di lebet iman Kristen?

  4. Jelaskeun ayat-ayat Al QUR'AN anu mintonkeun kaestuan Tritunggal di lebet Allah nu Maha Esa?

  5. Naon hartos nami Rama di lebet pangartosan Kristen?

  6. Naon hartos kecap "Allah ngagaduhan hiji Putra"?

  7. Saha Roh Suci numutkeun iman Kristen?

  8. Trinitas mana anu ditampik ku Al QUR'AN sareng Kitab Suci?

  9. Kumaha saderek tiasa terang yen akal budi manusa teu tiasa langsung nampi sadaya kayaktian?

  10. Naon cara sareng hartos anu tiasa nulungan urang kangge paham sipat Allah?

  11. Naha Allah nganyatakeun diri-Na Kumanten kangge manusa?

  12. Naha Allah kedah janten manusa?

  13. Kumaha carana Allah mintonkeun diri-Na Kumanten kangge Shaik Mansur?

  14. Kumaha saurang percanten tiasa nampi kayakinan di lebet imanna ka Allah sareng padamelana-Na di lebet urang sadaya?

  15. Mangga jelaskeun, naon nu paling penting numutkeun saderek tina pangalaman Musa al Aswad?

  16. Mangga seratkeun kaopat kayaktian anu penting di lebet pangalaman Jibran.

  17. Seratkeun numutkeun saderek perkawis kayaktian di lebet hiji Allah dina kaTritunggalana-Na nu suci.

Sumangga nganggo email-form ka kami.

Upami anjeun moal nga email ka kami, kirim serat tanggapan nganggo pos ka:


The Good Way
P.O. BOX 66
CH-8486 Rikon
Switzerland

www.the-good-way.com/su/contact/